Putri Anjungsari (16)

3 Februari 2023, 05:30 WIB
/

NYAHO geuning dia?” Olot Kaya malik nanya.

Putri Anjungsari seuri.

“Ngahaja maké jalan motong, keur miceun salasah, sangkan teu kaciri tapak kuda. Ari ti dieu mah loba nu maraké kuda,” ceuk Olot Kaya.

“Paingan atuh jalanna mani hara-haraeun jeung rarumpil,” ceuk Rait milu mairan.

“Leuwih gancang maké jalan motong…,” témbal Olot Kaya.

“Ari Olot nyaho jalan tadi ti mana?” Putri Anjungsari nanya deui.

“Kungsi sababaraha kali ngaliwat ka dieu waktu keur ngora, waktu jadi telik sandi. Bisi urang Carbon daratangna maké jalan ieu,” ceuk Olot Kaya.

Putri Anjungsari unggut-unggutan teu nyarita deui. Panonna nyawang ka beulah kulon, katempo lapat-lapat Bukit Ageung tempat nu pangluhurna di Pakuan-Pajajaran.

Dirina oge kungsi ulin ka tutuganana, di dinya aya taman sari, tempat mandi, malah aya kulah nu caina langsung ti cinuyusu. Putri Anjungsari kungsi dimandian nu caina tina kulah bieu.

Dimandianana wanci tumorek méméhna diparancahan heula ku wanoja nu geus tengah tuwuh. Keur karahayuan, ceuk éta wanoja.

Harita Putri Anjungsari teu loba tunyu-tanya. Ngan karasa sanggeus mandi bari nahan tiris, awak karasa seger, harampang. Nu matak méméh balik ka karaton, beurangna Putri Anjungsari mandi heula di dinya.

Henteu diparancahan nu kadua kalina mah, wanoja nu kungsi marancahanana henteu nganteur. Putri Anjungsari ukur dibaturan ku emban nu sopopoé beberesih di taman sari.

Ti harita teu kungsi ka taman sari deui, lantaran di jalanna beuki werit, najan lelewek taman sari masih dikawasa ku Pakuan Pajajaran.      

Salila di karaton gumbirana téh ukur waktu keur leutik, keur budak, keur meumeujeuhna resep ulin, taya nu dipikiran. Sanggeus nincak rumaja saeutik-eutik apal kumaha kaayaan Pakuan Pajajaran nu keur dikepung ku urang Banten. Nu matak Putri Anjungsari tara kungsi dibawa kaluar ti Pakuan Pajajaran, karék ayeuna, éta oge pédah kudu ngungsi.

Sanggeus dilatih kanuragan, bareng jeung lanceukna, Déwi Purnamasari, sok milu maju nadah  panarajang urang Banten nu teu weléh néangan cara sangkan bisa asup ka Pakuan Pajajaran.

Kaluar ti Pakuan Pajajaran keur Putri Anjungsari mah lain pikabungaheun, lantaran lain rék ulin, lain rék nganjang, tapi rék ngumbara ka tanah luluhurna, néangan tempat anu sakira aman keur kulawadet karaton Pakuan Pajajaran.

Jaba ti éta, sakumaha nu dikedalkeun ku Olot Kaya, biheung bisa balik deui ka Pakuan Pajajaran. Ceuk itungan, kolot-kolot di Pakuan Pajajaran, urang Banten kari ngadagoan waktu bisa arasupna ka Pakuan Pajajaran sanggeus Jaya Anthéa biluk ka urang Banten alatan kabongbroy ku tahta.

Putri Anjungsari ngarénghap panjang. Paneuteupna henteu dipuseurkeun deui kana paulna Bukit Ageung nu témbong udat-udatan kasorot cahaya panonpoé. Ayeuna mah panonna ngulincir ka sukurilingeun Puncak nu masih kénéh dilimpud ku halimun nu saeutik-seutik peuray ku cahaya panonpoé.

Rajegna tatangkalan leuwih atra katempo. Récétna manuk beuki sahéng. Manuk haliber ti tangkal ka tangkal néangan kahakanan. Nu tacan katempo téh sasatoan, modél mencek,  nu totol jeung nu coréléng.

“Meujeung miang deui,” ceuk Olot Kaya bari rarat-rérét ka sabudeureun saung. Laju nguniang sarta turun ti jero saung. Nu limaan ogé carengkat. Jrat-jrut ka handap sarta nyampeurkeun kudana séwang-séwangan.

“Ké reureuh deui mah di ditu. Sakalian mumuluk,” ceuk Olot Kaya sanggeus anjleucleu dina sadel.

“Di ditu di mana?” ceuk Ranah.

“Engké gé nyaho,” témbal Olot Kaya bari ngenyed eles kudana sina maju.

Limaan patutur-tutur tumpak kuda, nu panghareupna Rait, ditéma ku Olot Kaya, Putri Anjungsari, Ranah jeung Béna.  Kudana henteu ditegarkeun lumpatna. Malah siga nu nyalarsé. 

Paroman limaanana katembong ayem, siga lain nu ngungsi, siga  nu lain keur ngajauhan pibahlaeun, siga nu henteu hariwang kanyahoan ku urang Banten atawa ku urang Cirebon.

Saliwat mah siga somahan biasa nu keur nyanyabaan.  Pakéanana ogé lumrah. Putri Anjungsari geus diropéa kulitna sangkan teu nyirikeun putri kadaton. Anu teu bisa disamunikeun téh sorot panonna, komo Putri Anjungsari mah.

Kawantu isuk kénéh di jalan masih tiiseun. Ngan kaciri loba tapak talapok kuda jeung tapak tarumpah, paselang jeung tapak  suku, aya nu siga anyar kénéh aya ogé nu geus lila. 

Kira wanci ngaluluh taneuh, mimiti papaliwat jeung nu numpak kuda hiji-hijieun. Panggih deuih jeung nu laleumpang, kasusul, sigana nu rék ka huma, lantaran marawa parabot:  kujang jeung bedog.

Olot Kaya jeung nu opatan dina tonggong kuda ngarengkuhkeun awakna bari seuri, sarta nyebut amit pédah kapiheulaan. Nu kapiheulaan ingguk ditungtungan ku seuri leutik.

Kungsi ngaliwat ka saung nu dagang kadaharan, sisi jalan. Di warung aya genepan mah nu keur ngawadang. Cai dina batok nu ngajajar dina dipan awi katempo ngarebul, seuneu di hawu ngabebela, matak betah mun siduru bari nginum cipanas téh.

Beuleum lauk témbong ngajajar dina daun cau luhureun piring kai. Uyah beuleum témbong nyacas bodas, diwadahan kana coét leutik di sisina ngajajar céngék nu keur meujeuhna celetrokeun. Kendi nu dipaké  meuleum uyah dijagragkeun, teu jauh ti coét leutik.

Olot Kaya najan beuteungna geus kukurubukan henteu nyimpang heula. Nu opatan teu wanieun nanyakeun, padahal nempo beuleum lauk jeung lalawuhna laparna jadi nambahan.

Liwat warung, Olot Kaya rada ngalumpatkeun kudana, nu opatan ogé nurutan. Nu kaliwatan angger pahumaan paselang jeung leuweung. Tacan manggih pilemburan.

Kurang leuwih sajam, manggih pertélon. Ngan jalan nu ka beulah wétan mah leutik, ari nu angger rubakna mah jalan nu ka kalérkeun. Olot Kaya méngkolkeun kudana ka jalan nu beulah  wétan.

Teu lila manggih imah panggung nu rada lumayan badag, tihangna kai. Ti tukangeun imah kadéngé sora kuda hihieuman, siga nu patémbalan, siga kudana leuwih ti hiji. Olot Kaya turun tina kudana.

“Dagoan, sakeudeung,” pokna.

Olot Kaya ngoréléng ka tukangeun imah. Jebulna deui bari mawa éndong nu lumayan gedé disaléndangkeun kana taktak katuhuna. Ku Olot Kaya éndongna dititah dibawa ku Rait.

Clak kana kudana. Dikenyedkeun sina balik deui ka jalan nu tadi diliwatan. Tepi ka pertélon dipéngkolkeun ka jalan nu ngembat ka kalér. Najan geus rada beurang, jalan angger tiiseun, arang papaliwat jeung nu tumpak kuda atawa nu laleumpang, ngan ti kajauhan témbong haseup ngelun ti sababaraha gumplukan, pajarauh. Kawasna ti durukan pihumaeun.

Waktu manggih lahan nu rada lening sisi jalan, Olot Kaya eureun sarta turun tina kudana.

“Ngaso heula,” pokna bari nungtun kudana ka sisi jalan, ka deukeut anu loba jukutan.

Nu opatan ogé tarurun. Sanggeus merenahkeun kudana séwang-séwangan, limaanana diuk ngariung, diamparan ku daun cau nu ngahaja meunang ngala harita kénéh.

Endong nu dibawa ti imah panggung, dibuka. Eusina kadaharan, beuleum lauk, lauk asin, uyah beuleum, céngék, beubeutian, malah buah samolo ogé leuwih ti sapuluh.

Beuleum lauk jeung lauk asin dibungkus ku daun cau meunang ngaleumpeuh, dijieun lima bungkus. Atuh teu loba carita deui limaanana deker dalahar mani narimateun pisan.

“Lot, ieu téh ti mana,” ceuk Rait saréngséna dahar bari murak buah samolo, nanya ka Olot Kaya.

“Aya nu haat nyadiakeun,” témbal Olot Kaya.

“Geus dibéjaan méméhna?” Rait nyusul tepus.

“Nya, enya.”

“Ti saha?”

“Balad.”

“Ning teu nepungan ka urang?”

“Keur suwung. Cawénéna nu tadi mikeunna ogé.”

“Ké, ari kuda nu dipake ku urang ti mana?” Béna némbrong milu nanya.

“Meunang nyadiakeun urang karaton. Teu apal ti saha-sahana. Ngan saméméh indit aya nu ngabéjaan lebah-lebahna jeung tanda-tanda tempat neundeun kuda.”

“Ari kituna mah lalampahan urang geus disiapkeun asak pisan?” ceuk Rait.

“Anu mantuanana ukur tepi ka dieu. Ari satuluyna mah sabisa-bisa urang…,” témbal Olot Kaya.

“Ka dituna geus diiberan?” ceuk Ranah.

“Ka urang Kawali? Teu nyaho,” témbal Olot Kaya bari ngarérét ka Putri Anjungsari

“Kami ogé teu nyaho….. Ram….,” Putri Anjungsari ujug-ujug nutupan bahamna. Kalepasan tadina rék nyebut rama prabu.

Anu opatan malencrong ka Putri Anjungsari.

Keur kitu ti beulah kalér katempo rentang-rentang saurang lalaki nu umurna sapantaran jeung Béna leumpang ka lebah nu limaan dariuk. Dina taktak kéncana ngagantung éndong leutik, sarta dina cangkéngna ngagaplok bedog pondok.

Pakéanana rada béda jeung nu biasa dipaké ku urang Pakuan Pajajaran, ieu mah siga nu biasa dipaké ku urang Tionghoa nu daragang di Sunda Kalapa. Teu  maké totopong.  Disidik-sidik, siga lain padumuk nu rék ka huma atawa balik ti huma. Siga jalma anyar nu kakara ka dinya.

Lantraran matak curiga, Olot Kaya,  kitu deui nu opatan, nyidik-nyidik éta lalaki nu beuki deukeut waé. Leumpangna téh bari tungkul nempo tincakeun, sakali-kalieun nempo ka hareup jeung ngarérét ka kénca ka katuhu.

Ari ku éta lalaki mah Olot Kaya sabatur-batur henteu  katempoeun lantaran dariukna lain di sisi jalan pisan, jeung rada kahalangan tangkal kai badag.*** (Hanca)

Bukit Ageung ayeuna disebut Gunung Gede.
Tumorek kira-kira jam 1 janari.
Ngaluluh taneuh kira-kira jam 8 isuk-isuk.

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler