Lebaran di Pajaratan

- 8 Juni 2024, 12:00 WIB
Ilustrasi carpon Lebaran di Pajaratan karya Budi Riyanto.
Ilustrasi carpon Lebaran di Pajaratan karya Budi Riyanto. /

Carita Pondok Aam Amilia

Sora nu takbiran di masjid, kadengena keneh asa nyebitan hate. Kagagas. Rus-ras ka nu geus teu araya. Babakuna inget ka Ema. Da pupusna teh pisaminggueun deui ka lebaran. Nu matak unggal lebaran hate teh asa digerihan wae.  Asa dosa geus nyangka nu lain-lain. Padahal kapaur indung inggis ku bisi rempan ku sugan. Cirining kanyaah indung nu taya tungtungna.

Ka kuringna kalah ngarasa diteungteuinganan. Nu matak turun mimbar langsung ngajakan salaki nyekar ka makam Ema. Geus dua kali  lebaran teh di pajaratan da hayang geura nyium paesan Ema, sono.  

Harita sakitu taun ka tukang, basa kuring rek narima panglamar kabogohna Vita.   Kuduna mah meureun bérag pasemon téh. Apan poé harita téh rék aya nu ngalamar ka Vita, anak kuring. Tapi ieu haté can méréan. Tong ditarima waé kitu panglamar lalaki nu hayang ngawin Vita téh? Bongan haté can  mikeun. Kalah aléwoh budak téh cacarita. Manéhna teu bisaeun ngaragap haté indungna anu rumegag.  Pajar téh rék dianteur ku indung bapa, bibina, emangna jeung dulurna. Diitung cenah aya duabelas urang. Minggu itu ditanya ku Vita, pédah kuring teu bangun bungah, ngadéngé manéhna rék dilamar.  Majar téh horéam katatamuan seueur, pokna. Lain. Lain éta, cék haté.

"Saayana wé atuh, Mah," cék Vita. Meureun disangkana kuring horéam narima sémah sakitu lobana. Da anu lumrah mah ukur indung bapana wé. Paling katambahan ku nu ngawakilan. Kitu gé mun bapana teu sanggupeun cacarita.

 Asa digerihan haté téh. Basa subuhna jururias geus datang. Ku kuring dititah dangdan di kamar Vita wé. Teu sanggup nempo anak dangdan di kamar kuring. Cacak rék dilamar ku jajaka nu geus disidem ti baréto mah, duka teuing.  Tapi kuring teu sanggup nyebutkeun teu satuju kana pilihan manéhna.

 Sieun ditanya naon alesanana. Meureun Vita bakal ngasongkeun pujian. Si Kaka mah, bageur, pinter, geus didamel, gaduh mobil, sakedap deui badé nyicil bumi. Enya naon kakuranganana, tepi ka Mamih teu satuju?  Teu wasa ieu biwir nyebutkeun teu satuju. Harita ge kuring inget ka Ema.  Rap kana mukena, sanggeus wudu di kamar cai nu ngahiji di kamar tempat saré kuring.

Cong solat duha. Tutas solat, bet bray pameunteu Ema dina wangwangan. Kuring ngajerit nyambat jenenganana. Hapunten Cicah, Ema. Meureun kieu wé kapungkur  manah Ema basa kuring rék kawin ka Kang Jum. Teu satuju, saurna. Kuring teu tarima kana pamendakna, da bogoh, bogoh pisan ka manéhna téh. Ema mah téga nyebatkeun teu panuju kuring kawin ka Kang Jamna. Malah téga miwarang nikah di bumi Emang. Sanajan diwalian ku Apa, tapi Ema angger baeud, bendu.   Kuring mah moal sanggup kitu peta ka anak.

Ema mah aya kénéh harepan, minantuan ka nu dipirido. Aya adi kuring nu can rimbitan, tiluan. Tapi kuring saha deui piliheun, Vita teu bogaeun dulur. Nunggal. Nu matak beuki bingung haté téh. Kudu kumaha narima ieu kanyataan. Apan jodo téh lain bandana manusa, estuning  kagungan Nu Maha Kawasa. Naha kuring maké embung narima?              

Ras deui ka Ema. Kuring angger pageuh hayang kawin ka Kang Jum. Sagalana geus cocog jeung diri kuring. Sama sakali teu manggih alesan maké kudu teu doa.

 Ema mah teu asa-asa nyebat teu satujuna téh. Bari jeung teu ngawaler naon margina teu satuju. Basa ku Apa ditaros gé kalah nyureng.

"Duka atuh, asa teu mikeun wé abdi mah," walerna.

Kuring terus nyarita ka Apa,  geus kacida bogohna ka Kang Jum téh. Beuki kuat cinta téh basa Apa nyebatkeun, Apa mah doa pisan, saurna.

Boh kuring boh Apa henteu kungsi manggihan Ema nyeungceum hiji jajaka. Sugan mun enya mah aya, kateguh meureun naon sababna teu satuju ka Kang Jum. Salamina gé Ema mah aya di bumi. Ka Kang Jum jeung ka babaturan lalaki adi-adi, sarua séréwélna téh. Henteu kungsi némbongkeun sikep nu cukeng. Jadi naon atuh pang teu satuju teh. Weléh teu kapanggih, harita mah.

Meureun kawas kuring harita wé, haté can mikeun Vita dilamar ku Angga kabogohna nu babarengan ti keur kuliah semester opat.  Ari kuring mah jelas, da tadina nyangka téh rék kawin ka nu saurang deui. Ngaranna téh Vidan Vidan kitu. Sok babarengan waé tiluan lamun nganjang ka imah téh. Haté leutik naksir ka nu saurang deui, lain ka Jey Angga. Asa nurub cupu, nu geulis jeung nu kasép. Kungsi éta gé ngalalanyah nanyakeun, naha teu ka nu hiji deui wé.

Jawabna tandes, bodo cenah. Sakali deui diheureuyan   itu mah asa leuwih kasép. Jawabanana gé tandes deui waé. Anak Mamih éta mah, manja, ogoan cenah. Teu papanjangan. Da geus bogoh meureun kawas kuring ka Kang Jum.

Ngarasa dosa ka Ema téh basa kuring sababaraha kali kaluron. Mimiti ku anak cikal. Geus usumna usik orok téh, kalah kaluron. Kuring ceurik bari nangkeup ka Kang Jum. Nu kadua nya kitu deui. Komo ieu mah geus téréh tujuh bulan. Kalah maot di jero beuteung kénéh.

Tapi kuring teu hayang ménta pangampura ka Ema, da sieun dititah putus jeung Kang Jum. Boa enya doraka ti Ema, cék haté basa katilukalina kuring kaluron deui baé. Kuduna mah harita téh mundut pangapunten ka Ema. Pasti ku Ema didoakeun kuring lancar boga budak. Tapi henteu kitu. Keukeuh wé teu ngarasa salah, milih Kang Jum. Kuring harita nyusup dina keukeupan salaki. Cek kuring kumaha mun teu kuring teu bisa boga budak.

"Badé aya anak badé teu dipercanten ku Nu Ngayuga, keur Akang  mah teu aya benténna. Moal  ingkah ti dieu."

"Moal nikah deu?"

"Na kedah kitu nikah deui?'

"Ih ulah atuh," cék kuring.

"Tong naros kitu deui atuh," témbalna.

Beuki yakin kana kasatiaan salaki, beuki pageuh dina haté, kuring teu salah milih. Kasaksian kumaha hormat tilawatna ka kolot-kolot kuring. Geus puguh ibadahna katingali ku sarerea ogé leketna. Atuh béréhanana matak bungah saréréa. Kuring geus diimahan, mobil boga, motor jeung sagala rupa kaperluan nu utama kabéh geus boga. Naon deui?

Dilelemu ku Kang Jum, can waktuna wé dipercanten ku Nu Maha Kawasa, urang boga anak, pokna. Piraku Ema gé teu nyaaheun ka Cicah.  Urang kudu terus sabar mundut ka Anjeunna. Atuh dina teu dipercantenna, ulah awon manah geus milik urang duaan wé, pokna deui. Ari harita karasa ku kuring, teu doa ka piminantueun téh. Kuduna mah jadi conto, kumaha bogohna kuring ka Kang Jum. Meureun Vita gé kitu. Ti béh ditu mula, basa anak kuring balaka geus paheut rék ngadjadi ka kabogohna téh, kuring acan kénéh waé panuju.

Tapi teu kawas Ema, kuring mah teu wani nganyerikeun haté anak. Disidem wé perasaan kitu téh. Kungsi éta gé hiji mangsa hayang balaka. Harita Vita téh kapilih jadi wawakil Mojang Sunda ti kampusna. Kuring sok ngaluluran awakna, ti pisaminggueun acara.  Jero pikir ayeuna wé ngarah salsé. Sugan bari dilulur rék dilelemu, naha geus paheut hayang rumahtangga téh jeung manéhna? Harita kuring geus nyadiakeun lulur, beunang meuli ti Salon Baraya. Vita geus dibéjaan poé éta rék dilulur téh. Da manéhna libur taya kuliah.

Basa sup ka kamar téh Vita geus muka bajuna. Kamarna ku kuring dikonci. Lalaunan lulur ditunda di gigireun, luhur bangku leutik nu ngahaja ditunda.

"Mih, tonggongna wé wungkul. Wios payunna mah ku Vita,"pokna.

Kuring némbalan ku déhém. Las lulur diulaskeun kana tonggongna. harita kuring malaweung. Sora Vita mulangkeun kasadaran. Kuring can nyarita sakecap-kecap acan. Budak diteuteup. Ku geulis atuh anjeun téh Vita. Kalah koréjat Vita cengkat. Anduk ditutupkeun kana awakna. Kalah sok mikeun tablét nu ti tatadi ngagolér di gigireunana. Bray aya potrét jajaka keur diuk. Kuring dituduhkeun sangkan nempo kana éta potrét.

"Tah ieu Mih, Jéy téh, gagah, nya. Namina mah Anggadia Suryasasmita, ngan sok disebat Jéy. Bageueur téh, Mih. Pokona Vita mah resep ka pameget téh ka nu fair, henteu banyak bacot. Padahal bullshit," pokna.

Loba deui pamuji Vita ka éta budak jajaka téh. Angger haté teu méréan. Tapi nyéta heurin ku létah, teu sanggup nganyerikeun haténa. Henteu kawas Ema ka kuring. Salila rumahtangga, weléh teu kateguh, naon sababna Ema teu satuju kuring kawin ka Kang Jum. Weléh ditalungtik ku haté leutik, lebeng teu manggih jawaban. Naon atuh sababna Ema teu satuju kuring kawin ka Kang Jum.  Basa mukakeun pantona, bréh waé anak kuring nu ngan hiji-hijina téh nangtung. Maké kabaya bodas, disamping Réréng Garutan. Gusti, mani geulis kieu atuh anak kuring téh. Bet sarimbag jeung kuring keur ngora.

Pipina nu konéng, panonna cureuleuk, irung mancung, biwirna nu ipis. Geulis béh ditueun ti geulis. Lain pédah cék kuring indungna, uwana, bibina, malah pembantu gé sarua nyebut kacida geulisna. Ukur celenggeu, teu wasa nyarita nanaon. Haté angger ngagenduk, asa teu mikeun Si Geulis ngaréndéng jeung Jéy téh. Gusti sadrahkeun abdi. Pan ieu téh jodo paparin Anjeun. Naha abdi maké teu doa?  Naha? Naha? Wawales ti Ema kitu?

Ras deui ka Ema. Harita maké ngarasa dosa, kuring geus salah sangka. Basa di imah ngayakeun sukuran Vita tepung taun nu kahiji. Sakalian sukuran Kang Jum naék jabatan. Katambah imah anyar anggeus. Kuring bisa pindah ka imah sorangan, teu kudu pusing ku mayar kontrakan. Anéh, Ema téh bet sakitu soméahna. Boa-boa indung nu sakitu dipikareueus téh materialistis.  Atuda mani kaciri ganjor sikepna saprak Vita umur sataun. Saprak Kang Jum jadi beunghar.  Gusti, hapunten abdi, Ema. Da bongan Ema henteu balaka.

Naon margina henteu satuju abdi kawin ka Kang Jum. Hapunten Ema, hapunten. Tapi terus dibeuweung diutahkeun deui. Piraku Ema materalistis. Apan adi kuring aya saurang nu kawin ka jajaka teu beunghar kolotna, sanajan henteu  ari miskin mah. Ngan jauh wé kaayaan ékonomina jeung kulawarga kuring, tapi Ema mah bangun deudeuh ka minantu nu éta téh. Maenya materialistis mah maké nyaah ka nu can aya kaboga. Sok remen neuteup Kang Jum ari keur kulem. Bungah da ti saprak harita mah Ema téh nembongkeun rasa nyaah ka Kang Jum. Biasana mah mun rék ririungan keluarga besar, sok nyarék kuring datang jeung Kang Jum, najan henteu ceplak pahang.

Ti harita mah mani pok deui pok deui, kadé jeung Jumna nya Cicah, saurna. Tepi ka harita masih kénéh aya tandatanya. Ku naon mimitina Ema bet teu doa, ari harita jadi sakitu nyaahna. Lebeng.

 Bet asa ngajelengéng dina ceuli cariosan Ema nu didugikeun ku Bibi, sakitu taun ka tukang. Haréwos bojong sareng Apa, da ku Bibi gé kadéngé. Ngan sakalimah, tapi  angger napel dina ingetan. Ngan sakalimah tapi mukakeun rusiah nu sakitu taun lilana ngendek dina jiwa. Ukur sakalimah tapi kuring jadi ngarti,  ku naon Ema kapungkur teu doa kuring kawin ka Kang Jumna. Ngan sakalimah. Kuring can kaburu nyuhunkeun dihapunten, da Ema kaburu teu damang.  Kuduna harita kuring nyuuh kana dampal sampeanana. Hapunten Ema, Cicah tos nyangka Ema teh materialistis. Kang Jum ngusapan tonggong. Kanyeri diburakeun ku cipanon dina paesan Ema. Hapunten Ema, hapunten Cicah. Jelengeng sora Bibi basa harita nyarioskeun harewos Ema. Harita basa pesta tepung taun Vita.     

"Hadéna budak téh rupana nurun ka indungna, nya," saur Ema. ***

         

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah