Pupuk Kujang, Tina Gemuk kana És Garing

- 17 April 2024, 18:41 WIB
Ngaresmikeun Pabrik Dry Es Pupuk Kujang, Rebo, 17 April 2024
Ngaresmikeun Pabrik Dry Es Pupuk Kujang, Rebo, 17 April 2024 /Pupuk Kujang/

PT Pupuk Kujang Cikampek di Kabupatén Karawang, ngadegkeun pabrik anyar lian pabrik gemuk (pupuk).

Pabrik anyar anu diresmikeun dina poé Rebo, 17 April 2024 téh nyaéta pabrik és garing (Dry Es).

Anu disebut Dry Ice téh mangrupakeun karbon dioksida anu dipadetkan. Mangfaatna pikeun nyokong industri kadaharan.

Sajaba éta pikeun nyokong rumah sakit jeung klinik, instalasi seni panggung jeung pintonan séjénna.

Direktur Utama Pupuk Kujang, Maryono nyebutkeun , pabrik Ice dibangun sacara swakelola.

Luyu sakumaha anu dirarancang, réngsé dina waktu 12 bulan.

Éta pabrik dibangun dina lahan anu legana 87 meter pasagii di area pabrik Co2 cair, méakeun waragad Rp 9,8 miliar.

"Produksi pabrik Dry Ice anu ieu mampuh ngahasilkeun tilu rébu ton sataunna," ceuk Maryono, dina siaran pers.***

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x