Ngawanohkeun Hasil Kamotèkaran PM Bazar Ramadhan 1445 H Sentra Wyata Guna Bandung Digelar 12 Poè

- 22 Maret 2024, 19:53 WIB
Sentra Wyata Guna Bandung ngagelar Bazar Ramadhan 1445 H di palataran kantor Sentra Wyata Guna Bandung Jalan Pajajaran Kota Bandung, 22 Maret-2 April 2024.
Sentra Wyata Guna Bandung ngagelar Bazar Ramadhan 1445 H di palataran kantor Sentra Wyata Guna Bandung Jalan Pajajaran Kota Bandung, 22 Maret-2 April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sentra Wyata Guna Bandung ngayakeun Bazar Ramadhan 1445 H di palataran kantor Sentra Wyata Guna Bandung Jalan Pajajaran Kota Bandung, ti tanggal 22 Maret- tepi ka 2 April 2024.

Bazar Romadon dibuka ku Kepala Sentra Wyata Guna Bandung, Iri Sapria. Inyana nyebutkeun, Bazar Romadon ieu diintruksikeun ku Kementerian Sosial.

Tujuan ieu kagiatan, ceuk Iri pikeun ngawanohkeun hasil kamotèkaran penerima manfaat (PM), ngaronjatkeun panghasilan jeung karaharjaan PM, tur ngaronjatkeun kamampuan PM dina ngokolakeun keuangan.

Baca Juga: Sentra Wiyata Guna Bandung Ngakayan 9 Daerah Gawè di 2 Provinsi

Ketua Pelaksana Kegiatan Bazar Ramadhan 1445 H Sentra Wyata Guna Bandung Tahun 2024, Erna Lesmana nètèlakeun, sasaran ieu kagiatan, pagawè jeung masrakat di lelewek sabudeureun Sentra Wyata Guna Bandung, Komunitas- kominitas NPCI jeung masarakat umum lianna.

Pamilonna, ceuk Erna,  PM di Sentra Wyata Guna Bandung nu ngabogaan rintisan usaha,  KPM PKH nu ngabogaan rintisan usaha wilayah kerja Sentra Wyata Guna. "Sapertos kantin, Dharma Wanita, Koperasi Sentra Wyata Guna, sareng Pokja," pokna.

Erna nyebutkeun, aya 24 stand dina kagiatan Bazar Ramadhan 1445 H Sentra Wyata Guna Bandung nu jejerna " Keberkahan Ramadhan Menuju Kemandirian Penerima Manfaat".

Bazar Ramadhan 1445 H Senta Wyata Guna dieusi ku bazar kuliner, sembako murah, Handy Craft, jeung Preloved's Fashion produk nu djieun ku panarima manfaat.

Iwak ti kitu, ceuk Erna ogè aya medical check up: tensi jeung gula darah,  coaching clinic, games, pintonqn seni, jeung kultum Romadon. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x