Narojong Ketahanan Pangan, Kapolsek Sukahaji Nganjang ka PT Talaga Unggas

- 7 Maret 2024, 10:35 WIB
Kapolsek Sukahaji Majalengka ngaroris usaha Hayam petelur.
Kapolsek Sukahaji Majalengka ngaroris usaha Hayam petelur. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka Polda Jabar, AKP Erik Riskandar, jeung Kanit Samapta IPDA Riyana, nganjang ka PT Talaga Unggas, Kemis (7/3/2024).

Kapolsek Sukahaji heung Kanit Samapta IPDA Riyana oge nepungan Agus, saurang supervisor di lahan hayam petelur di Desa Padahanten, Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka.

Ieu kagiatan diarahkeun keur mikanyaho informasi anu keuwih hade ngeunaan situasi ekonomi jeung ketahanan pangan masarakat, sarta  bukti rojongan keur kreativitas jeung ekonomi lokal.

Baca Juga: Jalan Cikijing-Kuningan Urug, Sat Lantas Polres Majalengka Ngarekayasa Lalu Lintas

"Kunjungan ieu mangrupikeun buktos rojongan sareng ngamotivasi kangge ketahanan pangan sarta kangge ngabantos nyekapan kaperyogian masarakat mapag bulan suci Ramadhan sarenh Hari Raya Idul Fitri," ceuk Kapolsek Sukahaji, AKP Erik Riskandar.

Kapolsek miharep sangkan ekonomi masarakat henteu deui gumantung kana bantuan pamarentah. Tapi bisa ngaronjatkeun pangasilan ku cara boga usaha.

Inyana netelakeun pentingna peran masarakat dina ngarojong pamarentah dina tarekah ngawujudkeun ketahanan pangan.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngabagèakeun kalayan hade inisiatif Kapolsek Sukahaji dina nanjeurkeun ketahanan pangan di wilayahna.

Hal ieu sajalan jeung tarekah pamarentah keur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat jeung nyiptakeun kamandirian ekonomi lokal.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x