Ratusan Pulisi Ngajaga Kaamanan Rapat Pleno Rekapitulasi Suara Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka

- 1 Maret 2024, 10:00 WIB
Pulisi Ngajaga Kaamanan Rapat Pleno Rekapitulasi Suara Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka Kemis (29/02/2024).
Pulisi Ngajaga Kaamanan Rapat Pleno Rekapitulasi Suara Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka Kemis (29/02/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngajaga kaamanan Rapat Pleno Rekapitulasi Perhitungan Suara Pemilu 2024 Tingkat KPU Kabupaten Majalengka, ratusan personel kapulisian ti Polres Majalengka, Polda Jabar, ditugaskeunb ngajaga kalancaran acara anu lumngsung di Hotel Putrajaya Kabupaten Majalengka, Kemis (29/02/2024).

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku perwakilan Kabag Ops Polres Majalengka, Kompol Jaja Gardaja, S.H., netelakeun aparat kapulisian salawasna sayagi ngajaga kaamanan tur katartiban salila Rapat Pleno Rekapitulasi KPU Kabupaten Majalengka.

"Polres Majalengka njugaskeun 250 personel gabungan ti Polres sareng Polsek Jajaran Polres Majalengka, sarta dirojong ku personel ti unsur TNI katut Satuan Polisi Pamong Praja (Sat Pol PP)," ceuk Kompol Jaja Gardaja, S.H.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Pangamanan dilaksanakeun kalayan sigep keur mastikeun situasi salila Rapat Pleno lumangsung tetep kondusif. Personel kaamanan ditempatkeun di sabudeureun lokasi acara, panto gerbang jeung area strategis lianna.

Salian eta, lengkah-lengkah kaamanan oge diimplementasikeun keur ngantisipasi sagala kamungkinan anu bisa ngaganggu kalancaran acara.

“Aparat kaamanan mibanda tujuan kangge nangtoskeun kaamanan tur katartiban supados proses demokrasi tiasa lumangsung lungsur langsar tur aman," ceuk Kompol Jaja Gardaja.

Pangamanan eta ngalibetkeun personel nu jaga di sabudeureun lokasi acara, sarta pangawasan rekep kana akses kaluar asupna. Kalayan sinergi antara instansi jeung kasiapan personel. Rapat Pleno Rekapitulasi Suara Pemilu 2024 lumangsung kalayan aman, lancar, tur demokratis.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x