Haul ka-4 KH. Ahmad Bagja, Dzikir Akbar Pikeun Kasalametan Bangsa

- 7 Februari 2024, 19:26 WIB
Haul Ka-4 KH. Ahmad Bagdja, di Desa Manggari, Kecamatan Lebakwangi, Kabupatén Kuningan, Salasa, 6 Pebruari 2024.*
Haul Ka-4 KH. Ahmad Bagdja, di Desa Manggari, Kecamatan Lebakwangi, Kabupatén Kuningan, Salasa, 6 Pebruari 2024.* /Dok. Kulawarga/

GALURA-Kulawarga Ahmad Bagja ngayakeun Haul ka-4 jeung Dzikir Akbar, di Lapang BLK Yayasan Arkasih Dusun Cisampih Desa Manggari Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, Salasa, (6/1/2024).  

Anu ngaluuhan eta acara, beunang disebutkeun rebuan. Samalah diluuhan ku Prof Dr. KH. Said Aqil Siradj, MA, Pangasuh Pondok Pesantren Luhur Al-Tsaqafah, Jagakarsa, Jakarta Selatan, jeung KH. Ikram Bin Ahmad, Guru Besar Majelis Dzikir Dzulfaqar Indonesia.

KH. Said Aqil Siradj, mikawanoh ka KH. Ahmad Bagja, lantaran anjeunna kungsi jadi Ketua Pengurus Besar Nahdlatul Ulama (PB NU).

Saur Said Aqil, KH. Ahmad Bagja teh miboga prinsip anu teges, tapi kalem jeung santun. Bisa jadi, eta prinsip nurun ka salah saurang putrana, nyatana Yanuar Prihatin.

Salah saurang putra KH. Ahmad Bagja, Yanuar Prihatin, dina ngayakeun haul ramana minangka ciri hormat ka luluhur.  Dzikir Akbar nyaeta manuhun ka anu maha agung Alloh SWT pikeun kasalametan bangsa.

Sajaba ti eta, ceuk Yanuar, anu kiwari minangka anggota DR RI, tur nyalonkeun deui dina Pemilu 2024 ti Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) Daerah Pemilihan X Jabar, zikir Akbar Pikeun Kasalametan bangsa.

Yanuar kacida nganuhunkeunna ka para jamaah anu hadir Jeung para kiai.

“Sim kuring, ngawakilan kulawarga kacida nganuhunkeunna ka para kiai sareng jamaah anu parantos hadir,” ceuk Yanuar.***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x