Realisiasi Anggaran Disdik Jabar 99,16%

- 3 Januari 2024, 13:00 WIB
KadisdikJabar, Wahu Mijaya (katuhu)
KadisdikJabar, Wahu Mijaya (katuhu) /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dinas Pendidikan (Disdik) Jawa Barat  dina taun 2023 ngarealisasikeun anggaran  99,16%. Lebah dieu Kadisidik neueulkeun pentingna ngarealisiasikeun anggaran,  tujuanana keur  kapentingan atikan.”Dana geus aya, kudu bener-bener dimanpaatkeun," pokna dina Rapat Evaluasi Kinerja Disdik Jabar Tahun 2023 di SMKN 6 Bandung  (28/12/2023).

Dumasar data aya tilu Cabang Dinas Pendidikan (Cadisdik) Wilayah kalayan persentase realisasi anggaran pangluhurna: Cadisdik Wilayah XII (99,91%), Cadisdik Wilayah IV (99,84%), jeung Cadisdik Wilayah VI (99,83%). Kadisdik ngaapresiasi kinerja ASN di lingkungan Disdik Jabar nu satekah polah ngajalankeun program.

Rapat evaluasi diluuhan ku sakumna kepala bidang, Kepala Cadisdik Wilayah I-XIII, wawakil MKKS SMA, SMK, jeung SLB sajabar jeung MKKS di Cadisdik Wilayah VII. Rapat evaluasi lumangsug lungsur-langsar sarta nembongkeun dina taun 2024 atikan di Jawa Barat bakal leuwih maju batam taun 2023.

Dina sela rapat evaluasi, Kadisdik ngucapkeun salam pipisahan ka Sekretaris Disdik Jabar, Yesa Sarwedi nu purnabakti ahir taun 2023. “Anu fana mah waktu, panineungan jeung duduluran sareng Kang Yesa, abadi," pokna. Keur inyana Yesa, lain ukur reak gawe tapi oge sobat jeung guru. “Simkuring sering tataros ka anjeunna. Hatur nuhun,” ceuk Kadisdik.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x