Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi, Bakal Ngahadean Stadion Warung Jambu

- 1 Januari 2024, 17:36 WIB
Stadion Warung Jambu, Majalengka.
Stadion Warung Jambu, Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Masarakat Majalengka loba nu ngangluh di media sosial ngeunaan Stadion Warung Jambu nu kawilang kaayanana walurat. Teu kawas bupati memehna,  Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi gancang ngarespon kana hal eta.

Dedi Supandi dibarengan ku Sekda Majalengka H. Eman Suherman sarta Kadispora Majalengka, Yusanto Wibowo, Jumaah sore ( 29/12/2023) ngaroris stadion Warung Jambu nu mangrupakeun kareueus masarakat Majalengka.

"Nalika maos (nu ngangluh) di medsos kawilang ageung harepan masarakat ka Warung Jambu. Simkuring sareng Pa Sekda oge Pa Kadis Pora, nyobian ningali kadieu. Sateuacanna simkuring tos kungsi paguneman sareng Pa Sekda, perkawis ieu stadion kangge direhab," ceuk Dedi.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaroris Rekayasa Lalulintas Arus Balik Tahun Baru di Tol Cipali

Di APBD Kabupaten Majalengka taun 2024 dianggarkeun pikeun ngarehab stadion Warung Jambu.

"Rencana ngahadean stadion dianggarkeun  Rp 3,1 miliar, bakal dilaksanakeun Detail Engineering Design (DED) ku konsultan sarta ieu teu rehab total," ceuk Dedi.

Pangna teu direhab total lantaran anggaranana tangtu badag. "Pangwangunan sanesna  kedah dilaksanakeun di antawisna, ngomean jalan, katut nu sanesna," ceuk Pj Bupati Dedi Supandi.

Dina rehab stadion bakal dimaksimalkeun. Lain saukur keur sepak bola, tapi oge keur atletik,  lapangan panahan, jeung joging track. 

Baca Juga: Kasat Binmas Polres Majalengka jeung Satpam, Mieling HUT Satpam ka-43

Dedi miharep ku direhabna stadion kareueus masarakat Majalengka bisa nghasilkeun bibit-bibit atlet, kaasup dina maen bal. 

"Janten ku ayana rehab stadion dipiharep langkung ngaronjat daya minat kalebet oge numuwuhkeun hiji kayakinan  saleresna atlit-atlit Majalengka  tiasa janten atlit nasional," ceuk Dedi.

Stadion Warung Jambu teh Markas ti Klub Liga 3 Indonesia, Persima Majalengka. Tempatna teu jauh ti Alun-alun Majalengka, masih aya di wewengkon Majalengka Kota.

Salian jadi markas klub Persima Majalengka, Stadion Warjam oge mindeng jadi venue pertandingan sepakbola jeung olahraga lianna.

Bandar jambu

Stadion Warjam dibangun awal taun 1970-an. Ngaran Warungjambu dicokot tina warung tempat ngariungna bandar jambu leuweung has Majalengka.

Jambuna didatangkeun ti wewengkon Cibatu, Bojong, Sidamukti, Kadu, Cimaningtin jeung sabudeureunana.

Jambu has Majalengka teh kiwari teu tembong deui, eleh ku jambu beureum jeung jambu kristal nu loba dipelak di Wewengkon Cibatu Pancurendang jeung sabudeureunana.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x