Diwaragadan ku Kabupaten Sumedang, Sasak nu Nepungkeun Kadu Sumedang jeung Sidamukti Majalengka

- 15 Desember 2023, 20:37 WIB
Sasak nu nepungkeun Desa Kadu Kecamatan Jatigede Kabupaten Sumedang jeung Desa Sidamukti Kabupaten Majalangka, dibangunna ku Kabupaten  Sumedang.
Sasak nu nepungkeun Desa Kadu Kecamatan Jatigede Kabupaten Sumedang jeung Desa Sidamukti Kabupaten Majalangka, dibangunna ku Kabupaten Sumedang. /Didi R/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kabupaten Sumedang ngagolontorkeun anggaran APBD nu gedema Rp 9 milyar pikeun ngawangun sasak anu nepungkeun Desa Kadu, Kecamatan Jatigede jeung Lembur Ciandeu Desa Sidamukti Kabupaten Majalengka. Ayeuna eta sasak geung rengse sarta bisa digunakeun.

Masarakat Desa Kadu jeung sabudeureunana ngabageakeun pisan ku geus dibangunna eta sasak. Tadina mah masarakat kudu ngaliwatan sasak gantung, kiwari sasakna permanen nu sakitu tohagana,

Ceuk, Ade urang Desa Kadu, inyana jeung warga sejenna kacida gumbirana. “Mangtaun-taun masarakat di dieu mun rek mamangkatan ka kota atawa ka kabupaten mun aya kapentingan kudu ngaliwatan sasak gantung nu sakitu panjangna,” pokna.

Kadangkala mun hujan badag mah warga teu wanieu ngaliwatan sasak gantung, kajeun teu jadi miangna. Inggiseun ku cai anu mun usum hujan mah ngagulidag.

Saenyana eta sasak teh geus lila jadi rangkay lantaran teu anggeus-angeus. “Alhamdulillah ayeuna direngsengkeun,” ceuk Ade. Eta sasak salian ti keur nguliatkeun paekonomian, ngampangkeun masarkeun hasil tatanen, sasak teh jalan motong ka Waduk Jatigede.

“Pikeun warga dieu, ku ayana sasak permanen mun bade jala-jalan ka Waduk Jatigede langkung caket,” ceuk Kepala Desa Kadu.*** Didi R

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x