Camat Kutawaringin: SE keur ASN di Kecamatan sangkan Lalajo Piala Dunia U 17 Diteruskeun ka Desa-Desa

- 9 November 2023, 17:43 WIB
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung, miharep  warga lalajo Piala Dunia U 17.
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung, miharep warga lalajo Piala Dunia U 17. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung, Asep Ruswandi nuluykeun surat uar pangajak ti Pemkab Bandung sangkan para ASN milu nvarojong tur ngareuah-reuah Piala Dunia U 17 ku cara lalajo langsung ka Stadion Si Jalak Harupat (SJH) di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung.

"Iwal ti ka ASN di kecamatan, surat édaran tèh diteraskeun ka desa-desa, kalawan miharep pihak desa aya partisipasina nongton langsung ka Stadion SiJH, " ceuk Asep Ruswandi di kantorna, Kemis (8/11/2023).

Asep ngaku teu nyaho pasti sabaraha warga di Kecamatan Kutawaringin nu geus meuli tiket, ngan inyana yakin nu mikalendep maèn bal di Kecamatan Kutawaringin bakal ngamangpaatkeun ieu kasempetan.

Baca Juga: Stadion Si Jalak Harupat 100 Persen Siap, Tiket Piala Dunia U 17 Paling Murah Rp 30 Rèbu

Di Kecamatan Kutawaringin aya 11 Desa; Desa Buninagara, Cibodas, Cilame, Gajahmekar, Jelegong, Kopo, Kutawaringin, Jatisari, Padasuka, Pameuntasan, katut Desa Sukamulya.

Stadion Sijalak Harupat pernahna asup di Desa Kopo jeung Desa Kutawaringin. Ceuk Asep, warga sabudeureunana yakin bakal ngamangpaatkeun kasempetan deuketna lalajo. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x