Pansus II DPRD Kabupaten Majalengka Kunker ka DPRD Kota Bogor, Ngaguar Raperda Ideologi Pancasila

- 16 Oktober 2023, 20:10 WIB
Pansus II DPRD Kabupaten Majalengka kunker ka DPRD Kota Bogor dina raraga ngaguar Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) nu aya patalina jeung Pembinaan Ideologi Pancasila jeung Wawasan Kebangsaan.
Pansus II DPRD Kabupaten Majalengka kunker ka DPRD Kota Bogor dina raraga ngaguar Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) nu aya patalina jeung Pembinaan Ideologi Pancasila jeung Wawasan Kebangsaan. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID  –Pansus II DPRD Kabupaten Majalengka sawatara waktu ka tukang kunjungan kerja (Kunker) ka DPRD Kota Bogor dina raraga ngaguar Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) nu aya patalina jeung Pembinaan Ideologi Pancasila jeung Wawasan Kebangsaan. Dipingpin ku Drs. H. Edy Anas Djunaedi, M.M, Ketua DPRD Kabupaten Majalengka.

Drs. H. Edy Anas Djunaedi, M.M, teh tokoh nu mibanda
pangalaman nu kawilang euyeub dina widang legislasi sarta mibanda komitmen pikeun pamahaman jeung nguatan ideologi Pancasila sarta wawasan kebangsaan di masarakat.

"Ideologi Pancasila jeung wawasan kebangsaan a dua pilar utama dadasar bangunan nagara Indonesia. Pembinaan ideologi Pancasila jeung wawasan kebangsaan relevan. Nu utami dina numuwuhkeun ajen-inajen dasar kebangsaan pikeun generasi ngora katut sakumna masarakat," ceuk Edy Anas.

Baca Juga: Harta Karun di Muara Ci Keruh Tegalluar Kabupaten Bandung: Cacing Sutra

Ketua Pansus II, Deni Koharudin, dina sambutanna, nyebutkeun rombongan ngarasa diajenan bisa ka DPRD di Kota Bogor teh. “Simkuring saparakanca ngaraos diajenan tiasa kunjungan ka DPRD Kota Bogor kangge diskusi perkawis Raperda,” ceuk Deni, Senen (16/10/2023).


Dina nyebutkeun pembinaan ideologi Pancasila jeung wawasan kebangsaan landasan nu kuat keur nagara Indonesia. "Dipiharep anjangsono bakal masihan kontribusi nu signifikan dina mengkuhkeun ajen-ianjen Pancasila katut wawasan kebangsaan di masarakat,” ceuk Deni.


Pokna deui, silaturahmi dipiharep bakal muka rohang dialog nu produktif antara DPRD Kabupaten Majalengka jeung DPRD Kota Bogor.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x