GALURA.CO.ID -Dina raraga ngareuah-reuah Hari Ulang Tahun (HUT) Brimob ka-78 taun 2023, digelar Kejuaraan Tembak Reaksi IPSC jeung Duel Plate Kapolda Jabar Championship antara Polres jeung Satuan Kerja (Satker) jajaran Polda Jawa Barat.
Kajuaraan digelar di Lapangan Tembak Dharma Ksatria, Mako Batalyon C Pelopor Satbrimob Polda Jabar - Cirebon, Salasa (10/10/2023). Ieu kajuaraan salasahiji bagean tina runtuyan ngareuah-teuah mieling HUT Brimob Polri.
Dina kejuaraan nu ngaubetkeun personel Polres Majalengka Polda Jabar, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, nembongkeun prestasina kalayan nyangking juara ka-1 dina kategori Duel Plate, sarta nyangking juara ka-3 dina kategori tembak reaksi.
Prestasi lianna oge datang ti rengrengan Polres Majalengka, Kapolsek Cikijing Polres Majalengka, AKP Rudy Djunardi, nyangking juara ka-2 dina kategori Duel Plate, Kasat Intelkam Polres Majalengka, AKP H. Agus Romy, nyangking juara ka-4 dina kategori tembak reaksi.
Kajuaraan dipingpin jeung dibuka ku Dansat Brimob Polda Jabar, Kombespol Yuri, nu mere arahan tur sumanget ka sakumna pamilon. Inyana nyebutkeun kajuaraan lain saukur ngareuah-reuah HUT Brimob, tapi oge latihan anggota Polri.
"Maksud katut tujuan lomba salian kangge ngarueah-reuah HUT Brimob, oge latihan kangge anggota Polri. Di jaman modern kiwari penjahat tos langkung modern sareng ngagunakeun senjata api rakitan. Anggota Polri kudu mampuh ngimbanganana malah mah kudu ngaleuwihan kamampuhan kajahatan di jaman kiwari,” pokna.
Inyana ngelingan sakumna nu juara sangkan tuluy ngasah kamampuhanna. Pikeun nu tacan nyangking juara, diperedih tetep sumanget, tuluy-tuluyan latihan, sarta ngaronjatkeun kamampuhan di tempat latihanna masing-masing.
Ieu kagiatan dipiharep ngamotivasi sarta ngagedurkeun sumanget ka sakumna anggota Polri pikeun tuluy ngaronjatkeun profesionalisme katut kinerja dina nangtayungan jeung ngaladenan masarakat.*** Ayank R Sambara