Labuh di Jamban Imahna, Hiji Guru Tilar Dunya, Diduga Alatan Kasakit TBC

- 11 Juni 2023, 08:00 WIB
WPD (42), warga Kelurahan Cicurug, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka kapanggih geus tilar di imahna, (Jumaah, 15/06/202)
WPD (42), warga Kelurahan Cicurug, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka kapanggih geus tilar di imahna, (Jumaah, 15/06/202) /

GALURA - WPD (42), warga Kelurahan Cicurug, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka kapanggih geus tilar di imahna, kamari (Jumaah, 15/06/202), jam 11:00 WIB. Diduga alatan kasakit TBC.

Rengse balik ngajar di sakola, WPD nu jadi guru di salahsahiji SD, langsung mapageun budakna ti sakola di SDN Majalengka tuluy balik ka imah. Nepi ka imah, WPD langsung muru ka kamerna. Ari budakna (saksi) oge asup ka kamerna.

"Teu patos lami murangkalihna ngadangu soanten ibuna (WPD) nyauran tur nuhunkeun tulung. Ditingal ku putrana mendakan ibuna kaluar ti jamban, mapahna lalaunan teras langsung geubis di hareupeun jamban," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, nu ditepikeun Kapolsek Majalengka Kota AKP Fiekry Adi Perdana.

Baca Juga: Kabupaten Majalengka Juara Umum dina Porsenitas X taun 2023

Hasil olah TKP (Tempat Kejadian Perkara), Inafis Polres Majalengka, Reskrim Polres Majalengka jeung tenaga kesehatan ti Puskesmas Majalengka nu dipingpin ku dr. Azizah, WPD geus ngagoler di jero imahna.

"Harita ningal getih kaluar ti baham WPD, di jamban kacida seueurna getih nu ngabayhyah. Diduga WPD a tilar dunya alatan udur TBC. Hasil pamariksaan dokter teu katingali aya tanda-tanda tilas panganiayaan di waruga WPD," ceuk AKP Fiekry Adi Perdana.

Dina eta kajadian kulawarga WPD nyebutkeun musibah atawa takdir tur nolak di otopsi. “Salajengna WPD dipasrahkeun ka pihak kulawargi tur dikurebkeun," ceuk AKP Fiekry Adi Perdana. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x