Ngungkab Kasus 'Perdagangan Orang', Pagawe Imigran Urang Kuningan Dua Taun Katalangsara di Nagara Deungeun

- 10 Juni 2023, 17:56 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nembogkeun foto palaku katut barang bukti tindak pidana pedagangan orang (TPPO), basa Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Jumaah, 9 Juni, 2023.*
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nembogkeun foto palaku katut barang bukti tindak pidana pedagangan orang (TPPO), basa Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Jumaah, 9 Juni, 2023.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Satuan Res Kriminal Kepolisian Resor (Satres Polres) Kuningan ngungkab kasus tindak pidana perdagangan orang (TPPO), nu dilakonan ku saurang awewe inisial (N) (60), urang Kabupaten Cirebon. Ari korbanna inisial K.K (44),  urang Kabupaten Kuningan.


Ceuk Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian,  N teh pingpinan salah sahiji  pausahaan nu nampung pagawe imigran.

Dina bulan Maret 2021 N miangkeun K.K ka nagara Irak pikeun jadi pagawe imigran. Samemehna, K.K direkrut ngaliwatan pausahaan anu dipingpin ku N.

Baca Juga: Polres Kuningan Nyangkalak Dua Palaku Kasus Narkoba

Sakumaha ilaharna digawe di pausahaan, N menta pasaratan ka K.K. Sanggeus ngalengkepan pasaratan, satuluyna K.K dijemput ku supir pausahaan anu dipingpin ku N. Dijemputna di Kuningan.


Satuluyna N dianteurkeun ka tempat panampungan. Salila saminggu K.K aya di tempat panampungan pagawe eta pausahaan.

K.K oge ngalakonan  nganjrek salila saminggu di tempat panampungan, milik adina N di Tangerang.

Baca Juga: Polres Kuningan Nyalurkeun Bantuan, Pikeun Warga Anu Katibanan Musibat Alam


Satulyna N miangkeun deui K.K ngagunakeun maskapai penerbangan ngaliwatan salah sahiji bandara nu aya di Tagerang., naugjug ka nagara irak.


Korban K.K transit heula salila dua jam di Kota Doha nu aya di nagara Qatar. Sanggeus kitu mah korban miang deui ka Kota As-Sulaimaniyah nu aya di nagara Irak, ngagunakeun maskapai anu beda.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x