GALURA - Sat Reskrim Polres Majalengka ngungkab kasus tindak pidana pencurian dengan pemberatan (curat) di sababaraha sakola di wilayah Kabupaten Majalengka.
“Ulon-ulon curat nu tos ditewak tur diamankeun: inisial W, NS sareng B, dua di antarana urang Bogor saurang dieu urang Majalengka,” ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., nalika Konferensi Pers, Salasa (16/5/2023) di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka.
Tina hasil curat nu dipilampahna, ceuk Kepala Polres Majalengka, tilunana ngagasab 16 unit komputer, Rebo 8 Maret 2023, di SMPN 1 Talaga Kabupaten Majalengka.
Baca Juga: Mawa Kabur Treuk, Ulon-Ulonna Dicangkalak Sat Reskrim Polres Majalengka
Lian ti eta, tiuanana di SMPN 4 Maja maling 9 unit komputer, di SMPN 1 Cigasong nu dipalingna 6 Unit Komputer, di SMPN 2 Kadipaten nu dipaling 8 Unit Komputer, 2 Unit Proyektor,1 Unit Laptop katut 1 Unit Piyano merk Yamaha.
"Salian eta, tos disita 2 unit sapedah motor sareng sababaraha barang bukti sanesna,” ceuk AKBP Indra Novianto,S.I.K.
Dina ieu kasus, pulisi medalkeun surat DPO (Daftar Pencarian Orang) keur B (50), ciri fisikna: jangkung 175 cm, warna kulit sawo mateng, sirahna botak di tengah, buukna pondok jeung ngomongna loga Jawa.
B teh nu narima jeung meuli hasil curat nu dilakukeun ku W, NS jeung B. AKBP Indra Novianto,S.I.K., netelakeun W, NS jeung B dieurad ku Pasal 363 Ayat 1 Ke 3, 4 jeung 5 KUHPidana dipanjara palinng lina 9 taun.
Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!
AKBP Indra Novianto,S.I.K., nyebutkeun W dina curtana ngaruksak tur nu ngajebol panto jandela sarta asup ka sakola. NS milu asup ka sakola sarta ngaroris situasi tuluy ngangkut hasil kajahatan.
Ari B nyadiakeun jeung nyupiran mobil nu dipake miang ka sakola sasaranana sarta dipake ngangkut barang-barang meunang malingna sarta dipasrahkeun ka B.*** Ayank R Sambara