Di Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang Bandung Barat,  Imunisasi Polio Ngahontal 100 Persen  

- 10 April 2023, 05:05 WIB
Kagiatan imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 6 April 2023.*
Kagiatan imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 6 April 2023.* /Rameli Agam/

 

GALURA - Pikeun nyegah sumebarna kasakit polio, Posyandu Kenanga 11 Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Kec. Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, ngayakeun imunisasi polio, Kemis, 6 April 2023.

Éta imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang téh minangka pangrojong kana kagiatan Sub PIN Polio di sakuliah Jawa Barat nu dimimitian ti 3 April 2023 ku cara Outbreak Response Immunization (ORI).

Saenyana, Indonesia téh geus meunangkeun sertifikat bebas polio ti World Health Organization (WHO) taun 2014. Ngan ku sabab sasalad Covid-19, kagiatan imunisasi polio taun 2019-2021 bet tuluy ngurangan. Dumasar data Kementerian Kesehatan RI, aya 1,7 juta bayi (0-11 bulan) nu tacan meunangkeun imunisasi kalawan lengkep.

Anapon polio atawa Poliomyelitis téh minangka kasakit nu ngabalukarkeun rasa nyeri, timbulna cacat, tur tepi ka maotna.

Sedengkeun Sub PIN Polio dilaksanakeun ku cara imunisasi Noval Oral Polio Vaccine Type 2 (NOPV2) ka sakumna barudak umur 0-59 bulan.

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

Tah, ku kituna, pikeun nyegah sumebarna polio, Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang gé ngagelar imunisasi polio pikeun bayi jeung balita di budeureun RW 11 ping 6 April 2023.

“Nu jadi sasaran imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 nyaéta 24 bayi jeung balita, tapi antukna nu diimunisasi téh aya 27 urang,” ceuk Anie Mulyani, Ketua PKK RW 11 Desa Cihanjuang.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x