Di Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang Bandung Barat,  Imunisasi Polio Ngahontal 100 Persen  

- 10 April 2023, 05:05 WIB
Kagiatan imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 6 April 2023.*
Kagiatan imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 6 April 2023.* /Rameli Agam/

Anie Mulyani ngécéskeun, kasakit polio téh tacan aya ubarna, ukur bisa dicegah ku imunisasi polio. Ku kituna, imunisasi polio kacida pentingna enggoning nguatkeun budak malar teu katarajang virus polio. Pon kitu deui, palaksanaan imunisasi polio téh perlu rojongan ti sakumna masarakat.

Harita gé waktu palaksanaan imunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang, lian ti ngaubkeun sakumna kader Posyandu, ogé ngaubkeun Babinsa jeung Bhabinkamtibmas jeung aparat Desa Cihanjuang.

"Alhamdulillah, masarakat kalintang antusiasna sangkan anak-anakna diimunisasi polio di Posyandu Kenanga 11 Desa Cihanjuang kalawan ngahontal saratus persen sasaran imunisasi,” ceuk Anie Mulyani.***

Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x