Sosialisasi Kasehatan Ceuli, Mieling Hari Pendengaran Sa-Dunya 2023 di Kota Cimahi

- 18 Maret 2023, 09:43 WIB
Sosialisasi pentingna ngajaga kasehatan ceuli alpukahna Dinas Kesehatan Kota Cimahi dina raraga Hari Pendengaran sa-Dunya 2023, di SMP PGRI 1 Kota Cimahi, Rebo, 15 Maret 2023.*
Sosialisasi pentingna ngajaga kasehatan ceuli alpukahna Dinas Kesehatan Kota Cimahi dina raraga Hari Pendengaran sa-Dunya 2023, di SMP PGRI 1 Kota Cimahi, Rebo, 15 Maret 2023.* /Dok. Dinkes Kota Cimahi/

GALURA - Hari Pendengaran sa-Dunya dipieling unggal tanggal 3 Maret, boga tujuan pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat geusan ngajaga kaséhatan ceuli.

Ku ayana Hari Pendengaran sa-Dunya, dipiharep baris terus ngagederna usaha promotif katut preventif kalawan adumanisna pamaréntah, organisasi profési jeung masarakat enggoning ngadalikeun faktor resiko gangguan indra pangreungeu.

Anapon téma Hari Pendengaran sa-Dunya 2023 téh "Ear and Hearing Care For All, Let's Make Réality.” Sedengkeun téma nasional mah "Telinga dan Pendengaran Sehat untuk Semua."

Pasualan kaséhatan ceuli téh minangka pasualan nu mindeng kajadian narajang masarakat.

Kaséhatan indra pangreungeu minangka investasi nu kalintang pentingna.

Mun ceuli urang kaganggu, balukarna jadi matak kaganggu komunikasi, sulit nampa informasi pangaweruh, sulit sosialisasi, jeung sajabana.

Pikeun mikanyaho kaayaan tingkat kaséhatan pangreungeu, copelna sataun sakali mah ceuli kudu dipariksa luyu jeung standar panglayan umur produktif.

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

Nilik kana éta kaayaan, Dinas Kesehatan Kota Cimahi ngagelar sosialisasi jeung deteksi gangguan pangreungeu dina raraga miéling Hari Pendengaran sa-Dunya.

Éta sosialisasi lumangsung di SMP PGRI 1 Kota Cimahi, poe Rebo, 15 Maret 2023.

Kalawan diiluan ku 270 pelajar, tina sosialisasi téh dipiharep ngaronjatna kasadaran masarakat-pelajar, kana pentingna ngajaga tur ngarawat kaséhatan ceuli enggoning ngahontal udagan program Pendengaran Sehat 2030.

Demi nu jadi panyaturna nyaéta ti Komda PGPKT (Penanggulangan Gangguan Pendengaran dan Ketulian) Cabang Kota Cimahi, sarta Tim Skrining Kesehatan Gangguan Pendengaran ti Puskesmas Cimahi Tengah.

Lian ti ceramah jeung gunem catur, ogé aya praktik skrining kasehatan, katut aplikasi sistem nu ngagunakeun ScreenOut Test.

Ku digelarna éta sosialisasi dina raraga Hari Pendengaran sa-Dunya 2023 téa di Kota Cimahi, dipiharep masarakat bisa leuwih mampuh ngarawat kasehatan ceuli, sarta mikanyaho tarékah nyegah gangguan ceuli pikeun ngarojong program Pendengaran Sehat 2030 tur gumelarna SDM nu unggul.*

 Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x