Mapag Ramadan 1444 H, Pemkab Bandung Barat Ngayakeu Pasar Murah

- 10 Maret 2023, 18:30 WIB
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, ngeceskeun, muga wae harga sababaraha kabutuhan poko geura normal deui, atuh patani ge sing tetep untung.
Bupati Bandung Barat, Hengky Kurniawan, ngeceskeun, muga wae harga sababaraha kabutuhan poko geura normal deui, atuh patani ge sing tetep untung. /Dok Pemkab Bandung Barat/

Laju manehna ge ngebrehkeun, stok pangan di Kabupaten Bandung Barat dina nyanghareupan bulan puasa jeung lebaran teh kawilang aman.

 

"Stok sembako di Kabupaten Bandung Barat aman. Operasi pasar murah baris dilaksanakeun samemeh Ramadan, lagu Ramadan, sarta samemeh Idul Fitri," ceuk Hengky Kurniawan, Rebo, 8 Maret 2023.

 

Sajeroning kitu, warga Padalarang, Silviani, mertelakeun, kalintang bingahna Pemkab Bandung Barat ngayakeun operasi pasar murah pikeun masarakat.

 

"Alhamdulillah, baris aya pasar murah, matak ngaringankeun paekonomian masarakat, sabab meh unggal tereh Ramadan teh harga sembako sok undak," pokna. ***

 

 

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x