Ngaronda Bareng Warga, Inovasi Polres Majalengka keur Ngajaga Kamtibmas

- 22 Februari 2023, 10:30 WIB
Ngajaga Kamtibmas, Kapolres Majalengka Ngaronda Bareng Warga di Pos Sat Kamling Rt 29 Rw 15 Perum Sindangkasih Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka Kabupaten Majalengka(21/02/2023).
Ngajaga Kamtibmas, Kapolres Majalengka Ngaronda Bareng Warga di Pos Sat Kamling Rt 29 Rw 15 Perum Sindangkasih Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka Kabupaten Majalengka(21/02/2023). /Ayank R Sambara/Galura

Ketua RT 29 Perum Sindangkasih Ibu Tis nyebutkeun wargana nu bagean ngaronda ngumpulkeun perelek bareng jeung Kapolres Majalengka. Di RT aya 75 umpi, sarta perelek di unggal imah dieusian ku warga.

“Hatur nuhun Pa Kapolres katut rengrengan nu parantos hadir guyub sareng warga dina Ngaronda Bareng Warga,” ceuk Ketua RT 29 Perum Sindangkasih.

Dina Ngaroda Bareng Warga, Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi dibarengan ku Kasat Binmas AKP Edy Purwanto, Kasat Intelkam AKP H.Agus Rom.

Kapolsek Majalengka Kota AKP Fiekry Adi Perdana bareng anggotana, Kasubsi PIDM Sie Humas Polres Majalengka IPDA Mardiono, Kapala Kalurahan Sindangkasih katut Pokdar Kamtibmas jeung warga.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x