Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

- 7 Februari 2023, 13:59 WIB
Iim Rohayati (49), tadina mah tamba kesel, usahana ngajual pupuk jeung obat-obatan pertanian terus mekar, di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat/Galura/ RAMELI AGAM
Iim Rohayati (49), tadina mah tamba kesel, usahana ngajual pupuk jeung obat-obatan pertanian terus mekar, di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat/Galura/ RAMELI AGAM /

 


GALURA – Tina niat tamba kesel, tetela usaha nu dilakonan nyaeta ngajual pupuk jeung obat-obatan pertanian teh hasilna geuning mucekil.

Di daerah pertanian mah usaha ngajual pupuk katut obat-obatan pertanian teh minangka bisnis nu pihasileun.

Ku istikomahna ngalakonan usaha ngajual pupuk sarta obat-obatan pertanian, dibarung niat ngabantu ngamekarkeun dunia pertanian di lingkungan budeureunana.

Baca Juga: Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan

Kitu deuih, usahana ge didasaran ku kaihlasan enggoning ngabantu sasama.

Eta nu jadi dasar Iim Rohayati (49) waktu gilig ancrub kana usaha ngajual pupuk jeung obat-obatan pertanian.

Waktu ditepungan, sawatara waktu kaliwat, di kiosna di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, ieu ibu ti tilu anak teh ngeceskeun, usaha kana dagang pupuk jeung obat pertanian dilakonan ti kawit 1995.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Niatna dagang pupuk satadina mah ku tamba kesel, ngeusi waktu di satengahing kagiatan minangka ibu rumah tangga.

Katambah deuih ayana potensi lolongkrang usaha di daerah pertanian, nyaeta masih loba warga nu pakasabanana kana tani.

Lian ti pupuk jeung obat-obatan pertanian, kios Iim ge nyadiaan rupaning binih sayuran, sarta parabot pertanian.

Baca Juga: Diduga tina Lilin, Kahuruan di Desa Sukamenak Margahayu, Aya 25 Imah nu Ludes

“Rata-rata saminggu sakali balanja pupuk lobana 1 ton. Dina sapoe bisa ngajual 2 atawa 3 kintal pupuk,” pok Iim.

Singhoreng, lian ti ngokolakeun kios pupuk, Iim Rohayati ge ngemban amanah minangka Ketua RW 03 di lemburna.

Lian ti eta, manehna ge kapeto jadi Ketua Kelompok Tani “Purnama Tani” nu diwengku kira 200 patani.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Anapon binih sayuran, rata-rata dina sapoena kajual 5 bungkus binih sayuran.

Eta binih sayuran teh kayaning bayem, kangkung, sosin, saledri, surawung, brungkol, jagong, jeung nu lianna.

Binih sayuran hargana teh ti mimiti nu Rp20 rebu per bungkus tepi ka Rp135 rebu per bungkus, gumantung jenis sayuranana.

Baca Juga: PANI Majalengka Ganti Pangurus, Program Kerja Dihangkeutkeun, Ngungkulan Nerekabna Narkoba

“Nu pangmahalna mah binih jagong, bisa tepi ka Rp135 rebu sabungkusna. Hususon keur anggota kelompok tani nu boga KTA aya harga diskon,” ceuk Iim.

Tina kamekaran usahana ngajual pupuk, obat-obatan pertanian, katut binih sayuran teh, omsetna dina sapoena rata-rata ngahontal Rp1 juta.

Demi ukuran kiosna 4 meter x 4 meter, nyewa Rp10 juta per taun.

“Alhamdulillah, berekah. Niat usaha ngajual pupuk teh oge bari didasaran kaihlasan ngabantu sasama, utamana parapatani,” pok Iim.

Baca Juga: Muka Musrenbang Kec. Katapang, Kadisdik Kab. Bandung: Naon nu Diusulkeun teh Kapentingan Utama

Da enya, sok kajadian, ku sabab gagal panen, para patani teu bisa mayar pupuk nu dibeuli ti kios Iim.

“Insya Allah ihlas, rijki mah tos aya nu ngatur. Kuring ge ngarasa bagja bisa ngabantu para patani ngamekarkeun usaha tanina jadi mingkin leuwih hade,” ceuk Iim Rohayati, mungkas wangkongan. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x