GALURA- Kapolresta Bandung, Kombes Kusworo Wibowo, nétélakeun nepi ka danget ieu taya kasus penculikan budak, di Kabupaten Bandung.
Baca Juga: Kahuruan di Kabupaten Bandung, Rata-Rata Sapoe Sakali
Eta hal ditepikeun Kapolresta Bandung patali loba sumebarna beja di media sosial ngeunaan penculikan barudak.
"Eta beja hoax. Ku kituna urang kudu wijak dina ngagunakeun media sosial,"ceuk Kuswoyo, basa Apel di SMAN 1 Baleendah.
Kuswoyo negeskeun, memang aya warga anu kaleungitan budak, tapi lain diculik.
Baca Juga: Persib Bandung Boga Lima Kiper, Nu Panganyarna Dikontrak Mario Fabio Londok ti Persipura Jayapura
Minggat ti imah, ku sabab papacangan henteu disaluyuan ku kolotna, antukna indit ti imah Tampa pamit.
"Eta budak daék balik deui lamun kolotna ngidinan kawin, " ceuk Kombes Kusworo. ***