Ngudag Target Pajeg, Bapenda Majalengka tepi ka Bubulusukan Ngadistribusikeun SPPT PBB ka Desa jeung Kalurahan

- 1 Februari 2023, 09:30 WIB
Bapenda  Kabupaten Majalengka keur ngudag target pajeg taun  2023 tepi ka bubulusakan ka desa-desa.
Bapenda Kabupaten Majalengka keur ngudag target pajeg taun 2023 tepi ka bubulusakan ka desa-desa. /

"Simkuring kalayan asamana sakumna camat di wilayah kaler, tangtosna sareng rengrengan ti desa oge ti sakumna patugas nu mulut pajeg ngahaturnuhunkeun ka Pa Kaban nu masrahkeun SPPT PBB taun 2023," ceuk Tris Suseno.

Inyana ngapresiasi, ngamotivasi jeung ngarojong ka Bapenda Kabupaten Majalengka sangkan gede harepan dina nyangking target pajeg PBB luyu jeung nu geus ditangtukeun.

"Leres pisan, tina hasil pajeg bakal wangsul deui janten pangwangunan sareng program karaharjaan masarakat di desa," ceuk Tris Suseno.

Ku kituna, inyana katut opat camat lianna bakal satekah polah target pajeg PBB di taun 2023 kahontal pikeun lumangsungna pangwangunan di Kabupaten Majalengka nu mibanda visi Raharja.***Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x