Ngaji Kitab Majlis Malem Mingguan Baitun Nidzom, Tolab Elmu jeung Maheutkeun Silaturahmi

- 31 Januari 2023, 15:45 WIB
Kagiatan pangajian Majlis Malem Mingguan ngahanca kitab di Madrasah Baitun Nidzom, Kp. Karangsari, Cihanjuang, Kac. Parongpong, Kab. Bandung Barat/DOK BAITUN NIDZOM
Kagiatan pangajian Majlis Malem Mingguan ngahanca kitab di Madrasah Baitun Nidzom, Kp. Karangsari, Cihanjuang, Kac. Parongpong, Kab. Bandung Barat/DOK BAITUN NIDZOM /

 

GALURA - Ngahanca ngaji kitab di Majlis Malem Mingguan Baitun Nidzom teh geus dimimitian ti 2007 mula.

Pangna disebut Majlis Malem Mingguan, sabab ngahanca ngaji kitab di Madrasah Baitun Nidzom teh maneuh unggal malem Minggu.

Ti mimiti madrasah wangun panggung tug ayeuna geus gedong, ngahanca ngaji kitab Majlis Malem Mingguan Baitun Nidzom teh alhamdulilah terus mayeng.

Baca Juga: Carita Sagedengeun Tukang Bangunan: Beungeut Maneh Teu Ngelot!

Ilaharna, tabuh 20.00 kakara jul-jol jamaah, ubral-obrol sabot nungguan nu sejen, ninyuh cikopi.
Geus karumpul mah prung we tabuh 21.00 pangajian ngahanca kitab dimimitian.

Madrasah Baitun Nidzom perenahna di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Eta pangajian nu dipupuhuan ku Ustadz HM Syihabudin Mahmud teh rata-rata diiluan kira 20 urang.

Baca Juga: PSIS vs Persib Liga 1 2022-2023, Luis Milla Meredih Victor Igbonefo Saparakanca Teu Nganggap Enteng Lawan

Nu ngaraji, aya guru, aya tukang bangunan, tukang roti, tukang tani, pulisi, oge urang pasar, jeung nu sejenna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah