Pangurus Koni Jabar Pebruari Diistrenan, tapi Waktuna Can Pasti

- 30 Januari 2023, 16:27 WIB
M. Budiana,  Ketua Umum KONI Jabar periode 2022-2026./pikiran-rakyat.com
M. Budiana, Ketua Umum KONI Jabar periode 2022-2026./pikiran-rakyat.com /

Lian ti sapopoena nyangking Ketua Harian Koni Jabar nu ditaratas ti taun 2019 tepika kiwari. Ieu Dekan Fisip Unpas nu resep olahraga sapedah teh, di Kabupaten Bandung kungsi cepeng kalungguhan Ketua Forki salila dua periode, Ketua I Koni Kabupaten Bandung jeung Ketua Pengda Bandung Karate Club (BKC) tingkat Jawa Barat.

Baca Juga: Jaroh Majlis Baitun Nidzom ka Makam Mbah Priuk jeung Luar Batang, Ngadu'akeun nu Maot, Pepeling ka nu Hirup

“Leuwihna Kang Budiana teh, pamingpin nu luwes jeung bijaksana, normatif, demokratis, tapi tegas dina mutuskeun masalah, tapi taya saurang ge nu ngarasa kuciwa ku putusan dirina, “ cek salah saurang Pelatih Karate BKC, Diki Ruchimat Restu, S.Pd., nu sapopoena cepeng kalungguhan Kepala SMK Pasundan 1 Banjaran.

Nu pasti, cek Rektor Unpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusuf Sp, M.Si., M. Kom., IPU., kapilihna Budiana jadi Ketua Koni Jabar, mawa seungit ka Paguyuban Pasundan, hususna lingkungan Unpas.

“Akang yakin jeung percaya, Budiana mibanda komitmen dina nanjeurkeun prestasi olahraga di wewengkon Jabar nu nyongcolang euyeub ku prestasi juara,” pokna.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Samiuk jeung caritaan Eddy Jusuf, Ketua STKIP Pasundan Kota Cimahi, Dr.H. Dedi Supriadi, M.Pd., AIFO., nembrakeun kamandangna. Budiana, pokna, pamingpin ngora nu potensial.

“Yakin, kaselir jadi Ketua Koni, Pa Budiana baris mampu ngaronjatkeun ajen inajen prestasi olahraga di Jawa Barat, mampuh cumarita prestasina di tingkat nasional jeung Internasional,” pokna.

Nyangking kalungguhan Ketua Koni Jawa Barat, ngajurung Budiana, leumpang ngabret ngabebenah Koni Jabar, ngokolakeun managemen olahraga nu transparan, profesional, terintregrasi jeung akuntabel.

Baca Juga: Lukisan 'Imaji Barong' Karya R Cahyadi Jang Paméran Sa-Asia Tenggara

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x