GGM Majalengka Pinuh ku Warga, Nungkulan HUT KORPRI ka-52, HUT PGRI ka-78 jeung Hari Kesehatan Nasional

19 November 2023, 12:35 WIB
Dina raraga HUT KORPRI ka-52 sakaligus mieling HUT PGRI ka-78 sarta Hari Kesehatan Nasional Taun 2023, Korps Pegawai Republik Indonesia Kabupaten Majalengka bareng PGRI katut Dinas Kesehatan ngagelar "Jalan Santai", Saptu (18/11/2023). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngagumebyarkeun HUT KORPRI ka-52 sakaligus mieling HUT PGRI ka-78 sarta Hari Kesehatan Nasional Taun 2023, Korps Pegawai Republik Indonesia Kabupaten Majalengka bareng PGRI katut Dinas Kesehatan ngagelar "Jalan Santai", Saptu (18/11/2023).

Jalan Santai dibuka sacara langsung ku Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi,M.M.Pd., di lapangan GGM. Diluuhan ku  Dewan Penasehat Korpri Kabupaten Majalengka, Dewan Pembina KORPRI Kabupaten Majalengka.

Unsur Muspida Kabupaten Majalengka, sakumna staf Ahli, sakumna Kepala OPD, unsur Muspika, Dewan Pengurus Korpri, Ketua PGRI Kabupaten Majalengka tur pangurus, sarta sakumna ASN KORPRI Kabupaten Majalengka. Teu katinggaleun warga masarakat Majalengka nu milu aub dina acara Jalan Santai.

Baca Juga: Rebuan Buruh di Majalengka Unras, Bupati Bakal Merjoangkeun UMK nu Layak keur Buruh

Ketua KORPRI Kabupatem Majalengka, Dr. H. Irfan Nur Alam, S.H., M.H., nyebutkeun dina bulan November 2023 aya sababaraha runtuyan kagiatan nu kawilang penting saperti halna kagiatan Jalan Santai keur ngareuah-reuah  tilu agenda penting: Mièling HUT Korpri, HUT PGRI, jeung Hari Kesehatan Nasional.

"HUT KORPRI ka-52 kaping 29 November, saterasna kaping 25 November mieling HUT PGRI ka-78 sarta kaping 12 November mieling Hari Kesehatan Nasional," ceuk Irfan.

Irfan nyebutkeun Jalan Santai kiwari  event katilu digelar dina runtuyan HUT KORPRI ka-52. Samemehna Jalan Santai digelar di Kecamatan Cingambul sarta di Kecamatan Kasokandel, sarta saterusna  di Kecamatan Leuwimunding, jeung di Kecamatan Kertajati tanggal 26 November payun.

"Salaku buktos apresiasi Dewan Pengurus Korpri Kab.Majalengka sarta salku wujud kepedulian ka ASN oge masarakat. Din hal ieu hoyong berbagi tur ngokolkeun kagiatan diantawisna masihan beasiswa kangge siswa berprestasi tingkat SD, SMP oge SMA".

Baca Juga: KH Abdul Chalim ti Leuwimunding Majalengka Dileler Gelar Pahlawan Nasional

Kagiatan sejenna santunan anak yatim-piatu, sarta bakal masihan bantuan Rutilahu keur warga nu merelukeun bantuan. "Luyu sareng hasil Rakernas Korpri, 3 Oktober 2023 di Jakarta, jejer mieling HUT Korpri ka-52 taun 2023: KORPRI kan Indonesia," pokna.

Runtuyan kagiatan HUT Korpri luyu jeung arahan Dewan Pengurus Korpri Pusat. Aya genep agenda nu bakal dilaksanakeun: konsolidasi, Jalan Santai, lomba E-Sport, kunjungan ka panti sosial, ziarah ka Taman Makam Pahlawan sarta puncakna bakal digelar Jambore Korpri.

Saksi Dilelerna Pahlawan Nasional

Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi,M.M.Pd., penasehat Korpri Kabupaten Majalengka, ngaapresiasi digelarna gerak Jalan Santai dina mieling tilu event penting  nu dihijikeun dina hiji kagiatan nu kawilng luar biasa.

"Ieu cara digelar kanggo ngamanaan mieling HUT KORPRI, HUT PGRI sareng Hari Kesehatan Nasional, ku kituna sasih November kiwari diraoskeun euyeub ma'na," ceuk Bupati Majalengka.

Bupati Majalengka nyebutkeun bulan   November 2023  saksi dilelerna Pahlawan Nasional keur KH Abdul Chalim ti Leuwimunding.

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024 Kapolres Majalengka Umajak Anggotana Ngaronjatkeun Patroli bareng jeung TNI katut Pamarentah

Masih disebutkeun Bupati, dina agenda mieling Hari Kesehatan Nasional kiwari jadi kawilang penting jeung jadi spirit sarta momentum pikeun leuwih ngaronjatkeun kawaspadaan dina ngajaga kasehatan.

"Ku kituna kedah nyaah ka oge kulawargi margi kasehatan teh investasi jangka panjang," pokna. Salian eta dina mieling Hari Guru jeung HUT PGRI ka-78, ngukuhkeun deui pentingna guru, sabab tanpa guru dunya bakal karasa poek mokleng.

"KORPRI sanes mung saukur diposisikeun janten abdi negara wae, namung di ditungtut janten abdi masarakat. Ku kituna Korpri kedah komitmen sagemblengna ngawangun kolaborasi sareng warga," ceuk Bupati Majalengka.

Ieu luyu sareng jejer mieling Korpri kiwari: KORPRI kan Indonesia. Bupati Majalengka, nyebutkeun, dina tanggal 25 November, dina mieling HUT PGRI ka-78,  bakal digelar solidaritas Palestina.

Nembongkeun sikep guru dina ngabela Palestina. Guru  masrahkeun bantuan pikeun warga  Palestina nu kiwari dina kaayaan nu ngaprihatinkeun. 

"Simkuring miharep dina waktosna engke dina aksi solidaritas Palestina sakumna guru nu hadir di GGM engkena nganggo salendang Palestina. Kalayan nembongkeun sumangat nu luar biasa dina aksi solidaritas kangge rayat Palestina nu nuju meryogikeun rojongan moril," ceuk Bupati Karna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler