Kabupaten Majalengka Juara Umum dina Porsenitas X taun 2023

11 Juni 2023, 07:17 WIB
Kabupaten Majalengka Juara Umum dina Porsenitas X taun 2023 nu digelar, 7-10 Juni 2023. /Ayank/Galura

GALURA - Kabupaten Majalengka nyangking gelar Juara Umum dina Pekan Olahraga Seni Wilayah Perbatasan X taun 2023 (Porsenitas X taun 2023) Jabar-Jateng nu digelar 7-10 Juni 2023, di Kabupaten Majalengka nu pamilonna kabupaten kota nu aya dina auban Kunci Bersama.

Kabupaten Majalengka jadi Juara Umum Porsenitas X taun 2023 sabada unggul dina jumlah medali nu dicangkingna batan kabupaten kota Kunci Bersama nu lintas provinsi: Jawa Barat jeung Jawa Tengah.

Anu miluan Porsenitas X taun 2023: Kabupaten Kuningan, Kabupaten Cirebon, Kota Cirebon, Kabupaten Majalengka, Kabupaten Indramayu, Kabupaten Ciamis, Kota Banjar, Kabupaten Pangandaran, Kabupaten Cilacap jeung Kabupaten Brebes. Kabenana ngahihji dina Kunci Bersama.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (29): Supata Raja Oidipus

Panutupan Porsenitas X taun 2023 dilaksanakeun di Pakarangan Gedong Creatif Center Majalengka, Saptu (10/06/2023 ) diluuhan Bupati Kuningan, Wakil Bupati Majalengka, wawakil 9 kabupaten kota Kunci Bersama jeung tamu ondangan.

Dina gelaran Porsenitas X taun 2023, Kabupaten Majalengka nyangking medali 42 medali: medali emas 12, medali perak 6, jeung medali perunggu 24.

Porsenitas nu langsung salila tilu poe teh matandingkeun sapuluh cabang olahraga (cabor): Bulutangkis, Bola Volly Pasir jeung Indor, Catur, Tenis Lapangan, Tenis Meja, Biliar, jeung 2 Cabor Tradisional: Hadang (daluan), Tarumpah (bakiak) panjang jeung seni pertunjukan.

Wakil Bupati Majalengka Tarsono D. Mardiana ngapresiasi kagiatan Porsenitas nu mangrupakeun salah sahiji Kunci Bersama di ajang olahraga oge seni. "Kasuksesan Porsenitas X taun 2023 nu dilaksanakeun dina wujud tanding, saestuna ngawujudkeun tali silaturahmi," pokna.

Baca Juga: Ngungkab Kasus Perdagangan Orang, Pagawe Imigran Urang Kuningan Dua Taun Katalangsara di Nagara Deungeun

Tina kituna, Wabup Majalengka nyebutkeun: "Sanes hadiah sareng piala nu dijantenkeun patokan, tapi babarayaan sareng duduluran nu janten kagiatan porsenitas teh.”

Wabup Majalengka sundak-sanduk menta pangampura bisi aya kakurangan dina palaksanaan Porsenitas X taun 2023.

Bupati Kuningan H. Acep Purnama, ketua Kunci Bersama, dina sambutanna, nyebutkeun, Porsenitas X taun 2023 teh lain ukur tanding olahraga tapi oge silaturahmi, tanda sareundeuk saigel Kunci Bersama

"Kedah diwangun rukun gawe nu sanes mung saukur perkawis pangwangunan sacara fisik, tapi kedah di sagala widang pamarentahan, ekonomi, tatanen, sareng widang lianna," ceuk H. Acep.

Baca Juga: Milangkala ka 381 Pindahna Puseur Pamarentah Kabupaten Galuh, Bupati Ciamis Jaroh ka Makam Luluhur Galuh

H Acep nyebutkeun Porsenitas leuwih ngaraketkeun Kunci Bersama 10 kabupaten kota di Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah.

H. Acep ngahaturnuhunkeun ka Kabupaten Majalengka nu jadi panitia nu geus sukses ngalaksanakeun kagiatan Porsenitas X taun 2023 kalayan aman tur lancar nepi ka panutupan.

Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Majalengka, Yusanto Wibowo nambahkeun Porsenitas X taun 2023 dina widang Seni Pertunjukan juara kahiji: Kabupaten Cilacap; juara kadua Kota Cirebon, jeung; juara katilu Kabupaten Majalengka.

Juara Stand Produk Unggulan: juara kahiji Kabupaten Majalengka; juara kadua Kabupaten Kuningan, jeung; juara katilu Kabupaten Cilacap.

Beubeunangan medali pamilon Porsenitas X taun 2023. Galura

Beubeunangan medali Porsenitas X taun 2023:

1. Kabupaten Majalengka: 12 Emas, 6 Perak, 24 Perunggu total 42 Medali.
2. Kabupaten Kuningan: 9 Emas, 10 Perak, 10 Perunggu total 29 Medali.
3. Kabupaten Ciamis: 7 Emas, 4 Perak, 9 Perunggu total 20 Medali.
4. Kabupaten Cilacap: 6 Emas, 5 Perak, 12 Perunggu total 23 Medali.
5. Kabupaten Brebes: 4 Emas, 4 Perak, 2 Perunggu total 10 Medali.
6. Kabupaten Cirebon: 3 Emas, 5 Perak, 4 Perunggu total 12 Medali.
7. Kota Cirebon: 1 Emas, 5 Perak, 6 Perunggu total 12 Medali.
8. Kabupaten Pangandaran: 1 Emas, 3 Perak, 10 Perunggu total 14 Medali.
9. Kabupaten Banjar: 1 Emas, 1 Perak, 1 Perunggu total 3 Medali.
10. Kabupaten Indramayu: 0 Emas, 0 Perak, 2 Perunggu total 2 Medali.
* Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler