GALURA –Stasiun Ciamis (kode dina KAI Access: Ci) ti mimiti poe Kemis, 1 Juni 2023 leuwih haneuteun. Kituna teh lantaran kareta api nu eureun di Stasiun Ciamis bakal leuwih loba batan memehna.
Salila ieu kareta api nu naekkeun jeung nurunkeun panumpang di Stasiun Ciamis teh Malabar, Lodaya, Pasundan, Kahuripan, Mutiara Selatan, Baturaden Ekspres, jeung Serayu. Ti mimiti 1 Juni 2023, Argo Wilis, Turangga jeung Kutojaya Selatan oge eureun di Stasiun Ciamis.
Tadina Argo Wilis, Turangga, jenis kareta api eksekutif, jeung Kutojaya Selatan, kareta ekonomi, teu eureun di Stasiun Ciamis. Di wilayah Daop 2 Bandung, ieu tilu kareta api eureunna di Stasiun Cipeundeuy, Tasikmalaya jeung Banjar.
PT KAI Daop 2 Bandung mandang potensi panumpang di Stasiun Ciamis kawilang gede. Urang Ciamis loba nu bubuara di kota sejen di Pulo Jawa, ti tungtung kulon tepi ka tungtung wetan, boh nu ngadon usaha boh nu tolab elmu, kaasup masantren.
Ku eureunna Argo Wilis, Turangga jeung Kutojaya Selatan di Stasiun Ciamis, warga Ciamis nu rek indit-inditan leuwih loba piliheun dina nangtukeun kareta api.
Upamana wae rek ka Yogyakarta ti tanggal 1 Juni 2023 mah bisa naek Argo Wilis jeung Turangga. Lian ti eta bisa naek Kutojaya Selatan tepi ka Kutoarjo, ti Kutoarjo disambung make kareta api komuter.
Lalampahan make kareta api ti mimiti 1 Juni 2023 leuwih tereh. Kareta api lumpatna leuwih digancangkeun.***