Di Daerah Konflik, Ratusan Brimob Diturunkeun pikeun Ngajaga Kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Majalengka

27 Mei 2023, 06:33 WIB
Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar Upacara Pergeseran Pasukan dina raraga ngajaga kaamanan Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023) di Kabupaten Majalengka (26/05/2023), di daerah konflik ngaubkeun Brimob. /Ayank/Galura

GALURA - Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar Apel Pergeseran Pasukan dina raraga ngajaga kaamanan Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023) di Kabupaten Majalengka. Babakuna ngajaga kaamanan di daerah rawan konflik diturunkeun 127 personil Brimob Polda Jabar.

Personil Brimob nga-backup unsur pangamanan di unggal Tempat Pemungutan Suara (TPS) dina Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka. Apel Pergeseran Pasukan keur ngamankeun Pilkades Serentak 2023 dipingpin langsung ku Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., dilaksanakan di Lapangan Apel Polres Majalengka, Jumaah (26/5/2023).

Dina Apel Pergeseran Pasukan keur ngajaga kaamanan Pilkades Serentak 2023 diluuhan ku Wakil Bupati Majalengka, unsur Forkopimda Kabupaten Majalengka, Wadanyon C Sat Brimob Polda Jabar, sakumna Pejabat Utama, Kapolsek, rengrengan Polres Majalengka sarta pamilon Upacara Gabungan TNI-Polri katut Sat Pol PP Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Ngobrol Mas, Polres Majalengka Nurunkeun 500 Anggotana Ngamankeun Pilkades Serentak

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., netelakeun Upacara Pergeseran Pasukan teh bukti kasiapan sakumna unsur nu milu ngajaga kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka.

“Pangecekan anggota pengamanan dilaksanakeun kangge masihan jaminan rasa aman pikeun sakumna warga masarakat. Nu utami di wilayah nu bakal ngalaksanakeun pemilihan kepala desa serentak di Kabupaten Majalengka,” ceuk Kapolres.

Kapolres umajak ka sakumna masarakat ngawujudkeun Pilkades Serentak taun 2023 sangkan lumangsung kalayan aman, lancar, tur kondusif.

Pilkades Serentak taun 2023 di wilayah Kabupaten Majalengka dilaksanakeun di 23 kecamatan, 64 desa sarta diiluan ku 167 urang calon kepala desa. Jumlah pemilih kacatet 196.205 urang kalayan jumlah TPS 466, surat sora 205.159 lambar.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (21): Lalakon Oidipus Si Suku Bareuh

"Pikeun kakuatan personel pengamanan Pilkades Serentak Taun 2023 di Kabupaten Majalengka total jumlahna 1.002 personil. Di antawisna, personil Polres Majalengka 618, BKO Brimob Polda Jabar 120 Personil, TNI Kodim 0617 Majalengka 104 personil jeung Satpol PP Kabupaten Majalengka 140 personil," ceuk Kapolres.

AKBP Indra Novianto, S.I.K umajak sakumna personil pangamanan pikeun ngalaksanakeun tugas kalayan sumanget, disiplin tur tanggung jawab. Ditandeskeun personil sangkan ngutamakeun netralitas salila lumangsung Pilkades Serentak 2023.

Kapolres mandang potensi rawan konflik dina palaksanaan Pilkades Serentak teu bisa dilalaworakeun. Sabab ti 23 kecamatan nu bakal digelar pilkades, 2 daerah di antarana dianggap rawan konflik.

“Ku kituna di tempatkeun Brimob di daerah-daerah pangrawanna kirang langkung satitik aya 25 personel,” ceuk Kapolres.

Baca Juga: Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka Gumebyar, Pelayanan Kesehatan Leuwih Dominan, Bareng jeung Porsenitas

Wabup Majalengka, Tarsono D Mardiana, ngahaturnuhunkeun ka kapulisian, Kodim, Brimob, Pol PP, jeung ka sakumna pihak nu ngajaga kaamanan Pilkdes Serentk taun 2023. “Di dua daerah rawan konflik kedah langkung daria deui dina ngajaga kaamanana,” pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler