Munggahan di At Taufiq Cikaso, Ngabagéakeun Ramadan 1444 H ku Solawat

19 Maret 2023, 08:49 WIB
Kagiatan Cikaso Bersholawat, munggahan mapag Ramadan 1444 H di Masjid At Taufiq, Kampung Cikaso, Cikadut, Kec. Cimenyan, Kab. Bandung, Saptu, 18 Maret 2023.* /Rameli Agam/

GALURA - Munggahan mapag Ramadan 1444 H di aula Masjid At Taufiq Cikaso digelar poé Saptu, 18 Maret 2023.

Diiluan ku sakumna jamaah At Taufiq, teu kolot teu budak budeureun lembur Cikaso, prungna acara munggahan téh sabada salat Isya.

Dimimitian ku solawatan bari dipirig ku Grup Hadroh Balai Diklat Aparatur Kementerian Kelautan dan Perikanan (KKP) ti Sukamandi, Subang.

Kalawan hidmat, sakumna jamaah teuleum macakeun solawatan, laju tawasulan jeung marhabaan, geusan ngabagéakeun Ramadan 1444 H.

Anapon Masjid At Taufiq téh perenahna di RW 07 Kampung Cikaso, Desa Cikadut, Kec. Cimenyan, Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Dapur Lapangan Kodam III Siliwangi dina Istighosah di Masjid Agung Cianjur, Beungkeutan TNI AD jeung Rayat

Dina tausiahna, Ustadz Ahmad Zayadi ti Balai Diklat Aparatur KKP Sukamandi Subang, ngécéskeun, bulan Ramadan minangka bulan mulya. Bulan nu kalintang dianti-antina ku sakumna kaom Muslim di sakuliah dunya. Jeroning bulan Ramadan, mungguh leubeut ku ajén rohmah tur magfirah Allah Swt.

"Méh sagala amal ibadah urang dina bulan puasa téh baris meunang ganjaran manglipet-lipet," pokna.

Tah, saméméh prung ngalakonan puasa dina bulan Ramadan, kalintang hadena mun urang geura-geura munjungan ka nu jadi kolot. Nepungan indung-bapa, seja neda pangampura jeung ridona, malar urang taya rereged nalika ngalaksanakeun puasa.

"Sabab rido Gusti téh aya dina rido kolot urang," ceuk Ahmad Zayadi.

Mun téa mah nu jadi kolot téh geus tilar dunya, urang terus teu kendat-kendat ngadu'akeun aranjeunna.

Baca Juga: Sidang Isbat Netepkeun Awal Ramadan 1444 H Digelar 22 Maret 2023

Laju nu kudu dipunjungan teh nyaeta paraguru urang. Guru nu salila ieu geus maparinan mangpirang-pirang élmu nu mangpaat.

Ku ketakna para guru, urang jadi mikanyaho rupa-rupa papagon minangka cecekelan sajeroning milampah kahirupan di ieu alam dunya.

"Muga waé urang sadaya teu weléh dipaparin kakiatan tur katawakalan geusan ngalakonan ibadah puasa Ramadan taun ayeuna kalawan meunang ajén-inajén rohmah jeung magfiroh-Na," ceuk Ahmad Zayadi.

Tug tepi ka wanci sareureuh kolot, réngsé ngaderes du'a, acara dipungkas ku balakecrakan ngararasakeun sangu konéng katut idangan lianna.***

 Baca Juga: Mapag Ramadan 1444 H, Pemkab Bandung Barat Ngayakeu Pasar Murah

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler