PT PLN Majalengka Nganjang ka Polres Majalengka, Aya Patalina jeung Leungitna Trafo

18 Januari 2023, 17:08 WIB
PT PLN Persero Majalengka nganjang ka Polres Majalengka, aya patalina jeung leungitna trafo. /

GALURA -Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Edwin Affandi dibarengan ku Kasat Intelkam AKP H. Agus Romy jeung KBO Sat Reskrim IPTU Iwan Sutari, dianjangan ku PT PLN Majalengka, Rebo (18/01/2023).

Tatamu ti PT PLN Majalengka: Yoga Pradana, Suvervisor Pelayanan Pelanggan; Casri, Staf, jeung; Candra, Analisi Kinerja. Ditarima ku Kapolres Majalengka di rohangan Kapolres.

PT PLN Majalengka nganjang ka Kapolres Majalengka teh tujuanna ngaraketkeun kamitraan, silaturahmi, jeung gawe bareng.

Salian ti eta ti pikeun leuwih ngaraketkeun sinergitas Polres Majalengka jeung PT PLN Majalengka sarta nyawalakeun situasi kamtibmas di wilayah Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Sidang Kasus Brigadir J, Tim Jaksa Nungtut Bharada E Dihukum Pidana 12 Taun, Kieu Alesanna

Suvervisor Pelayanan Pelanggan PLN Majalengka, Yoga Pradana nyebutkeun umanjangna ka Polres Majalengka teh pikeun ngaraketkeun tali silturrahmi.

Yoga nyebutkeun pihakna siap ngabantu kapulisian dina hal ieu Polres Majalengka ngeunaan nu aya pakuat-pakaitna jeung soal listrik, hususna dina raraga ngarojong tugas kapulisian di Majalengka.

"Simkuring saparakanca ngapresiasi ka Polres Majalengka anu parantos satekah polah ngungkab kasus dicolongna trafo sareng KWH di kantor heubeul PLN Majalengka," ceuk Yoga Pradana.

Yoga miharep Polres Majalengka  saterusna panghareupna dina memeres pasualan kamtibmas.

Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi nyebutkeun Polres Majalengka siap ngabantu dina ngamankeun aset PLN.

"Aset PLN aya patalina eung kapentingan sakumna masarakat," pokna.

Kapolres Majalengka meredih jajaranna sangkan ngajaga jeung ngamankeun aset PLN kaasup jaringanana nu aya di wilayah Kabupaten Majalengka.

“Simkuring ngaparesiasi sarta ngahaturnuhunkeun ka PLN nu parantos silaturahmi ka Polres Majalengka," pokna.

Baca Juga: Mieling HUT PDI Perjuangan, Teh Ineu Ngagelar Turnamen Bola Voli Putri di Desa Panyingkiran Majalengka

Ngeunaan leungitna trafo jeung KWH di kantor heubeul PLN Majalengka, Polres Majalengka sawatara waktu ngagelar pres realise.

"Peryogi dipikauninga ku sadayana, Polres Majalengka satekah polah ngungkab sagala rupi kajahatan atanapi tindak pidana nu kajantenan di wilayah Hukum Polres Majalengka," ceuk Edwin Affandi.

Kapolres Majalengka miharep ka hareupna hubungan kamitraan antara kapolisian jeung PLN leuwih ngaronjat.

Dina eta kasempetan PT PLN Majalengka masrahkeun pangajen gawe bareng Polres Majalengka dina ngungkab leungitna aset PLN.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler