Nostalgia Karéta Si Gombar, Lokomotif Uap Béak Dikakatan, Beusina Dikaloakeun

- 30 Januari 2024, 16:00 WIB
Lokomotif uap di nagara ukur nyesa sababaraha hiji, dikakatan beusina sarta dijual ka loak.
Lokomotif uap di nagara ukur nyesa sababaraha hiji, dikakatan beusina sarta dijual ka loak. /

GALURA.CO.ID -Ku sabab geus dianggap teu perlu, di Indonésia lokomotif uap dirakrakan, beusina dijual, dikilo. Ku bangsa asing mah kacida dipihandeueulna pisan. Ngan baé di Solo mah, aya lokomotif uap dipaké karéta wisata ngurilingan kota. Ieu meureun hiji-hijina lok uap anu bisa dioméan tur dihirupkeun deui.

Naha lokomotif uap sok dilandi Si Gombar? Bisa jadi aya riwayatna, sanajan naha bener riwayatna kieu? Cenah  nelahkeun Si Gombar mah ukur kana lokomotif uap anu tugasna antara Cibatu – Garut – Cikajang, jadi ukur di Tatar Sunda.  Ka lokomotif uap anu tugas di tempat séjén mah teu disebut kitu.

Ukur béh dieu béh dieu wé jalma sok nyebut Si Gombar ka saban lokomotif uap. Anu anéh, cenah gombar téh gambaran jalma jahat anu awakna badag. Tah, naon patalina jeung lokomotif uap? “Cenah pédah sorana pikasieuneun,” ceuk Sarip urang Pasirjéngkol, anu bungah duméh ayeuna ka Garut aya deui karéta api.

Baca Juga: Tutut Mambo Majalengka, Jajanan Legendaris ti Majalengka

“Barudak mah nyebutna ogé Si Gombar wé padahal pan ayeuna mah geus ku lokomotif désel. Baé antep, ah …,” pokna seuri. Ngan baé Sarip tetep boga kahandeueul  Si Gombar ayeuna geus taya di kieuna. Bangkarakna ogé cenah geus euweuh. “Ari ceuk urang Cibatu mah, ku sabab lila teu dipaké, lokomotif uap téh jadi besi tua, nya dijual dikilo,” omong Sarip.

Baréto dina taun 1989 kungsi lalajo anu keur nyacagan awak lokomotif uap di Stasion Banjar. Logam-logam lokomotif uap anu beuratna ratusan ton téh jenisna rupa-rupa.  Aya beusi, aya waja, aya tambaga aya kuningan. Éta harga saban kilona rupa-rupa. Nu pangmahalna mah tambaga jeung kuningan.

Di Indonésia leuwih ti 700 unit, kabéh geus korédas dicacagan. Aya kétah welasan anu disalametkeun. Diteundeun di Museum Karéta Api Ambarawa, Kabupaten Semarang, Jawa Tengah. Anu pujieun mah di Solo, sabab dipaké karéta wisata. Gerbongna gerbong kai, kawas dina film westeren, ditarikna ku lokomotif uap.

Ngan nyaéta harga tikétna mahal, ngaleuwihan harga tikét karéta api kelas ekskutif Lodaya jurusan Bandung-Solo. Jaba kudu maén borong, teu ngajual tikét jang sorangan. Tapi nu ngaborongna tara towong. Turis rombongan kudu antri, kudu ngamprah ti jauhna, pisababaraha minggu samemeh ka Solo.

Baca Juga: Pusatna di Cigugur Kuningan, Ajaran Madrais Samedi Hareupeun Seuneu

Padahal da ruteuna mah teu jauh, ngurilingan sabagéan Kota Solo téh paling ukur kurang ti dua jam, dipotong ku loba eureun sabab turis kudu ngadatangan tempat-tempat sajarah nu aya di Kota Solo. “Mahal tapi baé, da meuli pangalaman antik,” ceuk Juhari urang Tasikmalaya. Erél karéta anu mapay-mapay jalan raya, di Solo teu dibongkar.

Mémang di Solo,aya erél karéta anu ngahiji jeung jalan raya-raya. Tadina mah jang ngakut anu rék baralanja ka pasar. Nu matak basa keur aktifna baheula tepikeun ka taun 1970-an, katelahna ogé karéta pasar.  Ceuk béja ti PT.KA, cenah ka hareupna mah, lokomotif uap téh rék diaktifkeun deui. Aya belasan di Ambarawa, rék dioméan sangkan jalan deui.

Pan ayeuna mah lalampahan karéta api téh bagian tina kagiatan wisata. Jadi lamun aya rangkaian KA anu ditarik ku lokomotif uap, bakal nambahan kesan wisatana. Ceuk téknisi karéta api, sabanerna mah lokomotif uap téh boga tanaga anu kuat, ngan pédah gancangna ngawates, teu sagancang lokomotif desel.

Lamun lok désel nu ayeuna sanggup lumpat sajamna tepikeun ka 120 kilometer, cenah lok uap mah maksimal sajamna 50 kilometer. “Ngan baé tanagana bedas dina nyorang jalan anu nanjak,” cenah. Naon sababna lok uap ayeuna loba teu pungsi, tepi ka dirakarakan sarta beusina dijual, dijadikeun “besi tua”?

Baca Juga: Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

Ceuk ahli ti dinas perhubungan, ku sabab harita lok uap bahan bakarna tina suluh, bakal bantrok jeung program kelestarian hutan. Pon kitu deui mun ku batu bara, sarua batu bara ogé jumlahna geus kurang, jaba polusi da loba kebul. Ngan ari ceuk politikus mah, ku sabab gagasan para pemanangku nagara wé nu robah.

Cenah jaman Orde Baru, hayang leuwih ngutamakeun lalulintas jalan raya, sabab kandaraan jalan raya bisa maju iraha baé, dumasar kumaha kapentingan, komo mun aya kapentingan ngadadak. Karéta api ogé dianggap teu praktis teu bisa ngakut jalma atawa barang langsung ka tempat tujuan, teu jiga mobil.

Ayeuna béda deui orientasi mikirna. Karéta api kudu leuwih mekar sabab bisa ngurangan polusi udara, bisa ngakut jalma saloba-lobana, bisa ngurangan BBM,  bisa ngurangan kamacétan lalu lintas jalan raya jeung jauh leuwih aman batan kandaraan jalan raya. Kamajuan transportasi karéta api di Indonésia, nya jaman ayeuna anu karasa majuna téh. ***

Lokomitif uap

Lokomotif uap teh jenis lokomotif nu ngagunakeun tenaga mesin uap. Bahan bakarna: batu bara, kayu, atawa minyak keur ngagolakkeun cai tepi ngaluarkeun saab (uap) nu ngagerakeun piston. Lokomotif uap munggaran dimekarkeun di Britania Raya (Inggris)  dina awal abad ka-19 sarta digunakan  tepi ka paro abad ka-20.

Baca Juga: Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin

Anu nyiptakeun lokomotif uap teh Richard Trevithick taun 1802. Lokomotif uap komersial dijieun dina 1812–1813 ku John Blenkinsop, Salamanca. Locomotion No. 1, nu dirakit ku George Stephenson,  ti pauasahaan Robert Stephenson and Company, lokomotif uap munggaran nu mampuhnarik kereta api panumpang di lintas kereta api umum, Stockton and Darlington Railway tahun 1825.

Taun 1830 George Stephenson muka jalur kereta api umum antarkota, Liverpool and Manchester Railway. Robert Stephenson and Company masok lokomotif uap di Britania Raya, Amerika Serikat, nagara di Eropa.

Awal 1900-an, lokomotif uap mimiti diganti ku lokomotif listrik jeung diesel. Ti ahir 1930-an lokomotip uap loba nu diganti ku lokompotif desel jeung listrik. Lokomotif uap dipansiunkeun ti mimiti taun  1980-an, najan kitu loba nu tetep dipake keur kareta api wisata sarta keur ngamumule warisan sejarah.*** Aan MP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x