Pangdam III Siliwangi: FKPPI Kudu Mibanda Konsep nu Dilarapkeun Kalawan Nyata

- 28 Februari 2023, 20:20 WIB
Wibowo, waktu ngahadiran diistrenanana organisasi pendukung PD X KB FKPPI Jawa Barat di Makodam III Siliwangi, Jl. Aceh, Kota Bandung, Salasa 28 Februari 2023.*
Wibowo, waktu ngahadiran diistrenanana organisasi pendukung PD X KB FKPPI Jawa Barat di Makodam III Siliwangi, Jl. Aceh, Kota Bandung, Salasa 28 Februari 2023.* /Dok. PENDAM III SLW /

GALURA - Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, minangka Ketua Dewan Pembina Pengurus Daerah X Keluarga Besar FKPPI Jawa Barat, ngahadiran acara diistrenanana Pangurus Biro, HIPMI, Generasi Muda FKPPI, Wanita FKPPI, jeung Bikers FKPPI, di Lapangan Kodam III Siliwangi Jl. Aceh, Kota Bandung, Salasa, 28 Februari 2023.

 

Eta acara dihadiran ku leuwih kurang 300 urang ti rengrengan pangurus pusat jeung pangurus cabang FKPPI Jawa Barat, sarta organisasi sejenna.

 

Dina eta kagiatan nu dihadiran ku Pangdam III Siliwangi teh, diistrenan Pangurus Biro katut organisasi pendukung PD X KB FKPPI Jawa Barat, kayaning HIPMI, Generasi Muda FKPPI, katut Wanita FKPPI, turta komunitas Bikers FKPPI.

 

Kalawan resmi eta organisasi pendukung teh diistrenan ku Ketua PD X KB FKPPI Jawa Barat, Dadang Rahmat Hidayat.

 

Harita, Ketua PD  X KB FKPPI masrahkeun jaket almamater FKPPI ka Pangdam III Siliwangi minangka Ketua Dewan Pembina PD X KB FKPPI Jawa Barat. 

 

Pangdam III Siliwangi ge masrahkeun bantuan ka barudak yatim.

 

Ceuk Pangdam III Siliwangi, kangaranan organisasi teh kudu mibanda konsep. Laju, jeung prak-prakanana ku ketak nu nyata tur produktif.

 

Dibarung udagan maheutkeun persatuan jeung ngawangun kapercayaan.

 

"Ayeuna minangka taun pulitik, kuring cumeluk malar sakumna rengrengan sing tetep pengkuh tur yakin kana udagan organisasi geusan ngawangun kapercayaan malar ieu organisasi mingkn produktif tur karasa mangpaatna ku balarea," pokna.

 

Sakur organisasi pasti mibanda udagan jeung idealismeuna.

 

"Di satengahing dinamika parobahan, urang sing kudu tetep pengkuh kana udagan organisasi," ceuk Pangdam III Siliwangi.

 

Sajeroning kitu, Ketua PD X FKPPI Jawa Barat, Dadang Rahmat Hidayat, ngeceskeun, ieu organisasi geus lengkep kapangurusanana.

 

"Alhamdulillah, FKPPI Jawa Barat geus ngalengkepan kapangurusanana, aya biro, aya organisasi wanita, pangusaha jeung wiraswasta, sarta generasi muda, oge komunitas Bikers,” pokna.

 

Ku lengkepna kapanguruasan, FKPPI Jawa Barat bisa leuwih nguatkeun konsolidasi internal, kaasup maheutkeun rukun gawe jeung sakumna unsur di Jawa Barat.

 

"Moga wae ieu jadi momentum pikeun urang paheuyeuk-heuyeuk enggoning nguatkeun ketak FKPPI di masarakat,” pokna. ***

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x