Mikawanoh Ilustrator Onong Nugraha, Ilustrasi Hideung Bodas nu Nyunda

- 2 Februari 2023, 18:30 WIB
Onong Nugraha jeung karya-karyana/FB
Onong Nugraha jeung karya-karyana/FB /

 

GALURA - Mikawanoh ilustrator Onong Nugraha nu kawentar karya ilustrasina teh hideung bodas.

Kalawan karya ilustrasi nu hideung bodas tea, ilustrator Onong Nugraha dianggap nu paling pas nembongkeun "rasa Nyunda."

Najan midangkeun ilustrasi hideung bodas dina karya-karyana, ilustrator Onong Nugraha tepi ka meunang jujuluk "hiji-hijina ilustrator Sunda nu geus nimukeun ciri has kasundaan."

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Sakumaha nu diguar dina buku “Onong Nugraha, Sebuah Riak Dalam Gelombang Sejarah Seni Ilustrasi di Indonesia” karya Haryadi Suadi, ilustrasi boga fungsi pikeun “ngalayanan” hiji carita, sakaligus minangka unsur pamincut tepi ka ngahudang minat masarakat malar maca éta carita.

Lian ti éta, ilustrasi gé boga peran keur ngimbangan carita.

Tugas utama ilustrator, di antarana, kudu maca runtuyan carita kalawan daria tur ngalenyepan eusi carita.

Baca Juga: Ayah Lapidin Kungsi Dijieun Naskah Oratorium jeung Dijieun Karya Tari ku Mahasiswa ISBI

Lain waé paham eusi carita nu dipidangkeun, tapi ogé ilustrator diperedih sangkan bisa mikanyaho katut “néwak” hal-hal “di satukangeun” carita.

“Karangan-karangan pangarang Sunda nu mibanda ajén, bisa dima’naan minangka lahan ilustrasi kuring dina mangsa kahareupna, jeung lir jambatan emas pikeun kréativitas tur kalumangsungan profési kuring. Antara carita jeung ilustrasi, éta téh hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun, duanana silingarojong katut siligumantung,” ceuk Onong Nugraha, nu karya-karyana salila 46 taun midang dina sababaraha majalah/buku Sunda.

Karya-karya Onong kalintang apik, jelas, tur artistik.

Baca Juga: Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

Salila ketakna, gaya-gaya ungkab ilustrasi Onong ngawengku : 1. Gaya ungkab naturalistik; 2. Gaya ungkab suréalistik atawa multisituasionil; 3. Gaya ungkab dékoratif; 4. Gaya ungkab simbolik; 5. Gaya ungkab has pribadi; 6. Gaya ungkab karikatural; jeung 7. Gaya ungkab éksprésif.

Sababaraha cirina nu paling has, nunjul, dina karya-karyana téh nyaéta tetep konsistén kana gaya naturalistik, tapis pisan sual anatomi manusa, gedé perhatianana kana hal-hal nu détail, sarta boga karakter has Sunda.

Tepi ka Onong meunang jujuluk “hiji-hijina ilustrator Sunda nu geus nimukeun ciri has kasundaan dina karya-karyana.”

Baca Juga: Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora

Mun di Amérika aya ilustrator Norman Rockwell nu karyana remen midang dina Majalah Life, Look, jeung Colliers, Indonesia mah boga Onong Nugraha.

Karya-karya ilustrasi Onong teu éléh dina hal ajén artistik jeung ilustrator internasional.

"Halus, lembutna” méh sarua jeung ilustrator Swédia, Carl Larsson, nalika ngagambarkeun “suasana lembut” pakampungan.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Ajén artistikna jadi bahan diskusi guru-guru besar Belanda mangsa taun 1950-an.

Ketak, tur kaparigelan Onong Nugraha, mungguh jadi panutan ilustrator entragan ka dieunakeun.
Ngokojoan hiji gaya ilustrasi nu has salila leuwih ti opat puluh taun, tepi ka jadi madhab seni rupa Bandung.

Miboga kakuatan daya seni nu luar biasa, kréatif, tur éndah.

Baca Juga: Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis

Ilustrasi Onong, geus ngawarnaan runtuyan sajarah Seni Rupa Moderen, ku gaya hasna, nyaéta “ilustrasi nu nyunda.”

Onong Nugraha teh gumelar di Tarogong, Garut, 29 Juni 1934. Tilar dunya di Bandung, 22 Pébruari 2001.

Bapana, nyaéta Mas Surdi Sastraatmadja, guru nu mikaresep kana seni sastra, karawitan, jeung tari. Ari ibuna mah Nyi Radén Engkot Kocoh.

Baca Juga: Milangkala 73 Taun Kavaleri, Yonkav 4/Kijang Cakti Meresihan Tank M3A3 Stuart

Onong nyuprih élmu di Vervolg School Garut, SMP Garut, SMA di Bandung, laju kuliah di Jurusan Seni Rupa ITB, kalawan tugas ahirna téh ngeunaan “Tata Busana Tari Sunda” (1979).

Ngadahup ka Siti Rosana, taun 1960, tur kasinugrahan opat putra.

Ilustrasina, ti mimiti taun 1955 tepi ka 2001, kurang leuwih aya 3.500 karya, midang dina Majalah Gembira, Gondéwa, Hanjuang, Sari, Wangsit, Katumbiri, Manglé, jeung nu séjénna.
Lila ngailustrasian di Manglé, tepi ka Onong téh idéntik jeung Manglé.

Baca Juga: Hadiah Sastra Rancagé 2023, Ieu Béréndélan nu Kasinugrahan Hadiah ti Yayasan Kebudayaan Rancagé

Onong Nugraha gé kungsi ngajar di FSRD Trisakti Jakarta (1980-1997), ASTI/STSI Bandung (1980-1987/1992-2000), jeung di FSRD ITB (1982-1985). ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah