Mikawanoh Ilustrator Onong Nugraha, Ilustrasi Hideung Bodas nu Nyunda

- 2 Februari 2023, 18:30 WIB
Onong Nugraha jeung karya-karyana/FB
Onong Nugraha jeung karya-karyana/FB /

“Karangan-karangan pangarang Sunda nu mibanda ajén, bisa dima’naan minangka lahan ilustrasi kuring dina mangsa kahareupna, jeung lir jambatan emas pikeun kréativitas tur kalumangsungan profési kuring. Antara carita jeung ilustrasi, éta téh hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun, duanana silingarojong katut siligumantung,” ceuk Onong Nugraha, nu karya-karyana salila 46 taun midang dina sababaraha majalah/buku Sunda.

Karya-karya Onong kalintang apik, jelas, tur artistik.

Baca Juga: Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

Salila ketakna, gaya-gaya ungkab ilustrasi Onong ngawengku : 1. Gaya ungkab naturalistik; 2. Gaya ungkab suréalistik atawa multisituasionil; 3. Gaya ungkab dékoratif; 4. Gaya ungkab simbolik; 5. Gaya ungkab has pribadi; 6. Gaya ungkab karikatural; jeung 7. Gaya ungkab éksprésif.

Sababaraha cirina nu paling has, nunjul, dina karya-karyana téh nyaéta tetep konsistén kana gaya naturalistik, tapis pisan sual anatomi manusa, gedé perhatianana kana hal-hal nu détail, sarta boga karakter has Sunda.

Tepi ka Onong meunang jujuluk “hiji-hijina ilustrator Sunda nu geus nimukeun ciri has kasundaan dina karya-karyana.”

Baca Juga: Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora

Mun di Amérika aya ilustrator Norman Rockwell nu karyana remen midang dina Majalah Life, Look, jeung Colliers, Indonesia mah boga Onong Nugraha.

Karya-karya ilustrasi Onong teu éléh dina hal ajén artistik jeung ilustrator internasional.

"Halus, lembutna” méh sarua jeung ilustrator Swédia, Carl Larsson, nalika ngagambarkeun “suasana lembut” pakampungan.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah