Hiji mangsa, Aki Jasmita iang minyak jeung galendo ka Cirebon. Leumpang, henteu tumpak kuda.
Sanggeus minyak jeung galendo payu diduitan ku bandar, Aki Jasmita tara lila-lila reureuh, buru-buru waé balik deui ka lembur, bari teu poho meuli heula uyah jeung tarasi.
Duit sésana dipésakan, dibuntel ku lamak hideung, diasupkeun kana saku calana jero. Dut sesana teh loba keneh, keur kaperluan sapopoe di lemburna.
Waktu ka balik ti Cirebon ka lembur nu matak jadi pamikiran jeung kahariwang mah. Naha?
Bégal-begal geus arapaleun sakur nu balik ti Cirebon biasana mawa duit jeung dahareun lantaran tas ngajual daganganana.
Di antarana di wewengkon nu sok loba begalna teh Kawung Anten, kabawah ka Kabupaten Majalengka. Baheula mah éta tempat téh leuweung geledegan, gegep ku tangkal kawung.
Baca Juga: Lauk Betrik jeung Tutut Oleh-Oleh Caah Ci Keruh
Kumaha carana sangkan salamet mun dipegat begal? Sanggeus mikir sakedapan, saméméh nyorang ka tegal begal, Aki Jasmita néangan heula bangkong pabeasan.
Anu disebut bangkong pabeasan teh badag, sagede kopeah, sorana bedas jeung harus.
Geus manggih mah, kerewek wéh, bangkong pabéasan téh ditewak ku cara didodoho ti tukang, laju diasupkeun kana pésak baju pangsi hideungna. Umumna pesak baju pangsi mah baradag.