Seren Taun di Tatar Sunda umumna dina Bulan Muharam

12 Juli 2023, 12:00 WIB
Angklung Dogdog Lojor dipagelarkeun dina ucara Seren Taun di kampung adat di Tatar Sunda /

GALURA -Upacara Seren Taun di Tatar Sunda teh upacara anu digelar dina tungtung taun sarta nyanghareupan taun anyar. Biasana dilaksanakeun di kampung adat. Ganti taunnna nurutkeun Kalender Islam jeung Kalender Sunda, umumna upacara sérén taun dina Bulan Muharam.

Ceuk sababaraha sumber, saméméh datangna agama Islam ka Tatar Sunda, upacara Seren Taun geus dilaksanakeun. Agama Islam asup, Seren Taun dilaksanakeun Bulan Muharam. Wewengkon anu sok kajeueung ngayakeun upacara Seren Taun di antarana Cigugur Kabupatén Kuningan, Ciptagelar, Sirnaresmi Sukabumi, jeung Sindangbrang Kabupaten Bogor.

Upacara anu sarupa jeung Seren Taun di kampung adat di Tatar Sunda nyaéta wuku taun anu sok diayakeun ku masarakat adat Cikondang, Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Sarua dilaksanakeun Bulan Muharam.

Baca Juga: Puncak Karantenan Misteri Gunung Sawal Kabupaten Ciamis

Upacara adat Seren Taun digelar sanggeus panén di huma atawa sawah. Saméméh acara digelar, dadahut atawa tatahar heula, dimimiti jarah ka makam luluhur lembur, nyieun raracik, sawén, popolah, ti mimiti nutu tepi ka tutup nutu.

Pare anu rék diinebkeun ka leuit, ilaharna disampaykeun heula dina gantar di sisi sawah atawa kebon atawa hareupeun imah atawa sisi jalan. Waktu acara, pare dina gantar ditanggung maké rengkong.

Sakumna warga sapoé saméméh prung acara, mawa rupa-rupa hasil bumi, atawa hasil tatanén jeung hasil kaolahan, kayaning opak, ranginang, kolontong, jeung nu amis-amis.

Dina malemanna saméméh sérén taun digelar seni pantun anu lalakonna ngeunaan lalampahan Nyi Pohaci, anu turun ka ti Kahyangan ka Buana Panca Tengah.

Baca Juga: Ngabangun Kota Subang, Tuan Hofland cenah mah Katitisan Prabu Siliwangi

Dina prungna acara dipitembeyan ku helaran atawa iring-ringan. Hasil tatanén dibawa kana sundung, kana jampana, husus paré ditanggung maké rengkong.

Anu mawa rengkong aya ratusna, waas ngaréngkotna sora rengkong, silih patémbalan. Tukangeunana anu nanggung paré atawa pamaén seni rengkong aya nu mawa beubeutian kalawan diwadahan kana jampana atawa ditanggung maké sundung.

Aya oge anu ditanggung maké kojong, anapon kadaharan aya nu dibawa ku kaom wanoja, biasana disuhun jeung diais diwadahan dina waskom, nyiru, atawa boboko.

Aya oge nu mawa pakakas tatanén kayaning pacul, garu, parang, wuluku jeung pakakas tatanén lianna. Di tukangeun anu mawa alat tatanén aya rombongan kasenian dogdog lonjor, angklung buhun atawa angklung buncis, terbang jeung seni tanji, katut kasenian séjénna.

Baca Juga: Ngalap Hikmah Kabarokahan Saur dina Bulan Puasa Ramadan

Upacara Seren Taun ceuk sababaraha sumber geus digelar di jaman Karajaan Sunda, anu pungsina keur ngajajap Nyi Pohaci atawa Déwi Sri anu rék diinebkeun kana rangkiang.

Upacara Seren Taun salasahiji artépak, anu masih kénéh aya dikieuna, anu nandakeun urang Sunda, kahirupanna dina lahan tatanén, sarta urang Sunda geus bisa neundeun piraweuy.

Mun ayeuna aya program ketahanan pangan, urang Sunda mah katahanan pangan téh geus aya ti baheula, sarta urang Sunda mah tara kakurangan paré. Hal-hal nu poistif kieu nu kudu dihudangkeun ku pamarentah.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler