Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan

25 Januari 2023, 11:30 WIB
Puncak Jahim, jalan alternatif Cirebon-Cikijing-Ciamis nu baheula kakoncara sanget jeung loba begal. Tukang keletik Ciamis rea akalna sangkan ku begal teu dipegat. /

GALURA -Ieu lalakon téh kajadian nyata nu kaalaman ku jenatna Aki Jasmita, tilar taun 2005, salahsahiji tukang keletik jeung sesepuh di lembur Awingajajar, Désa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis.

Taun 50-an, loba warga Awingajajar, kitu deui warga kampung sejenna anu pakasabanana jadi tukang keletik (nyieun minyak kalapa). Minyak jeung galendo-na sok diiangkeun ka Cirebon.

Mangsa harita, kaayaan téh can aman kawas ayeuna, loba kénéh begal nu sok ngarogahala sing saha waé nu ngaliwat, komo nu mawa banda atawa duit mah.

Baca Juga: Totonden ti Gunung Dukuh, Cinyusu Saat Nagara Bakal Riweuh

Jajalaneun antara Ciamis-Cirebon, kawéntar pohara geueumanana. Harita mah paimahan oge teu loba. Arang jelema nu wani ngaliwat, komo nyorangan mah.

Baheula mah, ti beurang oge jempling, atuh ti peuting poék mongkléng matak keueung, ukur dicaangan ku bentang mun taya pihujaneun mah.

Aki Jasmita jeung tukang keletik sejena iang minyak keletik jeung galendo ka Cirebon téh leumpang bari ringkung manggul atawa nanggung babawan. Mipir-mipir pasir lungkawing, jalanna runggawés.

Dua poé dua peuting leumpang Awingajajar ka Cirebon teh. Anu jegud mah sok tumpak kuda, bisa leuwih gancang. Bawawanana sok dimuatkeun dina kuda sejenna, ditungtun, henteu ditegarkeun.

Baca Juga: Putri Anjungsari (7)

Hiji mangsa, Aki Jasmita iang minyak jeung galendo ka Cirebon. Leumpang, henteu tumpak kuda.

Sanggeus minyak jeung galendo payu diduitan ku bandar, Aki Jasmita tara lila-lila reureuh, buru-buru waé balik deui ka lembur, bari teu poho meuli heula uyah jeung tarasi.

Duit sésana dipésakan, dibuntel ku lamak hideung, diasupkeun kana saku calana jero. Dut sesana teh loba keneh, keur kaperluan sapopoe di lemburna.

Waktu ka balik ti Cirebon ka lembur nu matak jadi pamikiran jeung kahariwang mah. Naha?

Bégal-begal geus arapaleun sakur nu balik ti Cirebon biasana mawa duit jeung dahareun lantaran tas ngajual daganganana.

Di antarana di wewengkon nu sok loba begalna teh Kawung Anten, kabawah ka Kabupaten Majalengka. Baheula mah éta tempat téh leuweung geledegan, gegep ku tangkal kawung.

Baca Juga: Lauk Betrik jeung Tutut Oleh-Oleh Caah Ci Keruh

Kumaha carana sangkan salamet mun dipegat begal? Sanggeus mikir sakedapan, saméméh nyorang ka tegal begal, Aki Jasmita néangan heula bangkong pabeasan.

Anu disebut bangkong pabeasan teh badag, sagede kopeah, sorana bedas jeung harus.

Geus manggih mah, kerewek wéh, bangkong pabéasan téh ditewak ku cara didodoho ti tukang, laju diasupkeun kana pésak baju pangsi hideungna. Umumna pesak baju pangsi mah baradag.

Da saenyana, kakara gé sababaraha léngkah asup ka tempat begal nu sok megat nu lalar liwat, ujug-ujug gajleng sababaraha urang lalaki jarangkung gedé bari beungeutna maké tetegos jaba marawa pakarang ngahalangan léngkah Aki Jasmita.

Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

Srog, salah saurang begal nu pangbadagna maju nyampeurkeun.

"Ki Dulur téh tas ti mana rék ka mana?" pokna bari mencrong seukeut pisan.

"Kuring tas ti kalér rék balik ka kidul," tembal Aki Jasmita, paromanana nembongkeun kateuneung kaludeung taya karingrang, padahal hatena mah tagiwur oge.

"Apal meureun Ki Sanak kumaha aturan mun liwat ka ieu wewengkon?" ceuk Si Begal bari leungeunna nyekel perah bedog.

"Ah, teu apal kuring mah, liwatna gé kakara ayeuna," témbal Aki Jasmita.

Baca Juga: Ngaran Bangunan jeung Tempat di Sunda,  Dumasar kana Kaayaan Bangunana atawa Tempatna

"Geus kieu waé atuh, hég rék balik ka kidul mah, ngan éta babawaan ilaing tinggalkeun kabéh di dieu!" ceuk begal.

"Ség, ku kuring ieu gémbolan rék ditunda jeung sagalana, ngan omat kuring ulah dirogahala komo deui jeung ditandasa mah," ceuk Aki Jasmita.

Laju Aki Jasmita ngalésotkeun gémbolan nu disorén dina taktak katuhuna, ari leungeun nu kénca tetep nyekelan bangkong pabéasan nu aya dina jero pésak baju pangsina téa.

"Ké, ké heula yeuh, éta nu dikeukeuweuk dina pésak nahaeun boa? Duit éta téh? Sok kaluarkeun kabéh ari bener hayang salamet mah!" ceuk begal nu hiji deui bari nunjuk kana pésak pangsi Aki Jasmita.

Baca Juga: Mikawanoh Petter Willem Hofland, Tuan Tanah nu Kungsi Ngawasa Perkebunan di Subang, Jawa Barat

Teu némbal, Aki Jasmita ukur ngendoran keupeulanana nu ngeukeuweuk bangkong bari semu diiserkeun saeutik ka luhur.

Bangkong pabéasan nu sakitu gedéna dina jero pesak téh gugurubugan hayangeun leupas.

Aki Jasmita api-api nyentak ka éta bangkong: "Cicing Siah! Aing gén kauntup kénéh ngalawan jelema lima urang mah!"

Nempo Aki Jasmita ngomong kitu, begal teh limaanana rareuwaseun sarta malundur salengkah.

"Cilaka, euy! Ieu jelema lain lawanaeun arurang! Keun sing liwat waé antep! Ulah dikukumaha! Bisi kalah ka arurang perlaya," ceuk nu saurang bari mundur sababaraha léngkah, ngan mata mah mencrong ngawaskeun pésak pangsi nu eusina ajol-ajolan.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Jaman harita, kacaritakeun loba kénéh nu ngagem élmu kasaktian tur baroga "iinguan" nu ararahéng nu siap ngabela dununganana mun manggih karerepet, babakuna nu rek nyilakakeun, kawas nu keur kaalaman ku Aku Jasmita.

Samaruk éta begal, nu ajol-ajolan dina pésak téh mahluk kajajadén nu diingu ku Aki Jasmita.

"Hampura, Ki Sanak, déwék moal kumawani ngaganggu deui. Sakali deui hampura, ampun paralun," ceuk nu jadi jadug begal bari ngasongkeun leungeun menta hampura ka Aki Jasmita, disusul ku babaturana.

Geus kitu mah tuluy barirat balik deui ka panyumputanana. Ngabegal Aki Jasmita henteu tulus.

Aki Jasmita seuri, terus ngincig deui nuluykeun lalampahanana mulang ka lemburna. Ari bangkong pabeasanana dileupaskeun rada jauh ti tempat inyana dipegat ku begal.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler