"Di urang mah puseurna di Rancakalong, Sumedang," pokna.
Nabeuh tarawangsa, carana digésék, adumanis jeung waditra jentréng, nabeuhna dipetik. "Sora tarawangsa melengking, aya ritualna, éta meureun di antarana katarikna urang Jepang, Afrika jeung sélér bangsa séjén katarik neuleumanna, pintonan seni tradisi hormateun," pokna.
Matakna, alam ka tukang mah, seni tarawangsa ngan minton di wewengkon Rancakalong, teu bisa minton ka luar daérah. Harita, kapentingan keur skripsina di S1 Seni Musik UPI Bandung, Indra, nepungan kokolotna nu ngaranna Bah Cécé, sangkan pintonan tarawangsa bisa dibawa ka luar ti Rancakalong.
Sanggeus aya gempungan adat para tokoh, antukna tarawangsa bisa minton di luar Rancakalong.
"Alhamdulillah, kiwari tarawangsa tiasa minton di mana-mana," pokna.
Kiwari, seni tarawangsa aya di mana-mana, lain baé di Sumedang. Di Kabupaten Bandung, seni tarawangsa hirup di Soreang, ngaranna Lingkung Seni Pangguyangan Soreang. Di Cibalong, Tasikmalaya, pidangan seni tarawangsa direumbeuy ku waditra séjén nu disebut calung rantéy.
"Ari di Rancakalong mah, maneuh jeung pageuh pintonan tarawangsa, instrumenna tarawangsa jeung jentréng," pokna
Kiwari, pintonan tarawangsa lain waé mapag panén. "Ayeuna mah dina musim hajat, panganténan atawa sunatan jeung miéling hajat lembur atawa hajat daérah sok dipéntaskeun," ceuk Indra.
Ngan, cenah, nyalusur tina sawatara sumber, tarawangsa kapanggih dina kitab kuno Sewaka Darma. Tarawangsa asalna tina kecap ta, ra, jeung wangsa. Ta, kecap akronim meta, tina basa Sunda, hartina pergerakan. Ra, akronim tina agung, sarua jeung kecap ra, dina basa Mesir, nu hartina panonpoe. Ari wangsa, sinonim tina kecap bangsa, hartina “manusa nu nganjrek di hiji daerah atawa di hiji wewengkon”.