Lirik atawa Rumpaka Lagu Wangsit Siliwangi, Populer, Ditembangkeun ku Puluhan Panembang

- 25 Januari 2023, 21:13 WIB
Lukisan Prabu Siliwangi/Istimewa
Lukisan Prabu Siliwangi/Istimewa /

GALURA - Lagu Wangsit Siliwangi teh, lagu nu populer jeung kasohor naker.

Ieu lagu Wangsit Siliwangi, ditembangkeun ku puluhan panembang jeung dina rupa-rupa wanda.

Eta minangka bukti yen Wangsit Siliwangi populer jeung pada mikaresep.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Di handap ieu, rumpaka atawa lirik lagu Wangsit Siliwangi -- nu eusina nyaritakeun Prabu Siliwangi ti Galuh Pakuan nu katelah Pajajaran.

Kiwari geus gumelar

Putra Pajajaran anyar

Wawangina sumebar

Sajagad raya kawentar

Ampuh simpuh tur sabar

Kasatriaan wiwitan

Nyukcruk galur cacandran

Siliwangi keur pananggeuhan

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Kapahlawanan

Juru bakti perjuangan

Lambang kajayaan

Teguh kana perjuangan

 

Baheula kacapangan

Dina jaman Galuh Pakuan

Nu kamashur Pajajaran

Tempat payung kaadilan

Ayeuna dikondangan

Numpes nu mawa paesan

Siliwangi ginanjar

Seungit nyambuang ka mashur

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Wangsit pitutur

Nepungkeun asma nu luhur

Wawanenna kaukur

Numpes ka jalan takabur

 

Baheula kacapangan

Dina jaman Galuh Pakuan

Nu kamashur Pajajaran

Tempat payung kaadilan

Ayeuna dikondangan

Numpes nu mawa paesan

Siliwangi ginanjar

Seungit nyambuang ka mashur.

Sakitu tah rumpaka lagu Wangsit Siliwangi teh.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah