Mikawanoh Kacapi, Asalna ti Tiongkok, Waditra Multiguna

6 Februari 2024, 15:54 WIB
Ngajentrengkeun kacapi biasana diadumaniskeun suling. Kacapi di Sunda asalna ti Tiongkok. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mun nyaritakeun kacapi tangtu baris nunjuk kana waditra anu diwangun ku kawat, anu dirantengkeun dina parungpung kai. Ceunah waditra kacapi asalna ti nagri Cina atawa Tiongkok, anu dibawa ka tatar Sunda sababaraha abad kaliwat.

Kacapi anu pangkolotna cenah kacapi pantun anu kiwari ilahar disebut kacapi indung. Dina naskah kuno Siksakandang Karesian anu ditulis taun 1518 M, kaunggel kacapi pantun geus dipikawanoh ku urang Sunda saméméh abad ka-15 Maséhi.

Waruga kacapi diwangun ku parungpung, jeung kawat, parungpungna tina kai kananga, jeung kai anu gampang disuguna. Anapon senarna tina kawat anu bahanna tina tambaga jeung kawat waja. Waruga waditra kacapi anu pangkolotna nyaéta kacapi parahu, anu jirimna kawas parahu, liang resenatorna ti handap.

Baca Juga: Komunitas Seni Kaligrafi Huruf Arab Ariadimas

Kiwari aya dua wangun kacapi parahu nyaéta kacapi indung atawa kacapi parahu, pangna disebut kacapi indung pédah wujudna gedé, sarta unggal sisina aya gelungan. Kacapi gelung kawatna aya anu tujuh, anu ilahar disebut jentréng jeung aya nu kawatna dalapan welas jeung karéréana jumlah kawatna dua puluh.

Kacapi jentréng anu kawatna tujuh ilahar diadumaniskeun jeung tarawangsa, atawa réndo, biasana sok dipintonkeun tina hajat ngampihkeun atawa ngibebkeun paré anu gedé patula patalina jeung kapercayaan ka Déwi Sri atawa Nyi Pohaci.

Ari kacapi pantun husus keur pintonan seni pantun, anu dina medar caritana sok dihaleuangkeun. Anapon kacapi indung nyaéta kacapi anu sok dipaké mirig mamaos, atawa tembang Sunda Cianjuran. Dina mirig tembang Sunda Cianjuran diadumaniskeun jeung kacapi rincik anu jumlah kawatna 15.

Saterusna medal kacapi siter anu parungpungna atawa kotak resonansna datar jeung sajajar, teu maké gelung, jumlah kawatna aya nu 20 aya ogé nu 21. Méh sarupa jeung kacapi parahu, liang resenatorna ti handap, anu wujudna kawas trapesium. Larasna pelog, sorog atawa madenda, jeung saléndro.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat

Kacapi siter sok dipaké mirig kawih, malah dina jaman kiwari mah aya nu nadana lain da mi na tila, nyaéta maké nada diatonis, bisa dipaké mirig lagu pop, boh pop Sunda, boh pop Indonésia malah bisa dipaké mirig lagu-lagu barat.

Cara maénkeunna ditoél, disintreuk, dikemprang jeung diranggeum, nadana aya lima nyaéta da mi na ti la, ti mimiti nada nu luhur tepi ka nada anu handap. Ku waditra kacapi bisa dipaké mirig rupa-rupa kawih, malah aya nu sok rajeun dipaké mirig ibing penca.

Kacapi mibanda nada anu kumplit, bisa disebutkeun gamelan mini, dina jaman kiwari kacapi sok dipaké ngaganti gamelan, boh gamelan degung boh gamelan kiliningan, pikeun mirig karesmén atawa upacara mapag pangantén, minangka tambahna téh maké kendang, suling, rebab jeung goong.

Cindek waditra kacapi multi guna bisa dipaké keur mirig kawih wanda anyar, kapesindénan, tembanng Sunda, jeung lagu-lau pop, ogé bisa dipaké mirig ibingan jeung wangun garapan kasenian sejénna. Kacapi karya luluhur urang Sunda, anu tepi ka kiwari gedé mangpaatna keur urang Sunda.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler