Festival Longser Toneel Bandung, Ngipuk Regenerasi Miara Tradisi

15 September 2023, 06:00 WIB
Salasahiji patandang Festival Longser anu magelaran dina poé kahiji, Kemis, 14 September 2023, di GK Sunan Ambu - ISBI Bandung.* /Dok. Toneel Bdg/

 GALURA.CO.ID. – Kalawan jejer “Ngindung ka Waktu Mibapa ka Jaman”, Komunitas Toneel Bandung ngayakeun deui Festival Longser (Lawung Nonoman Longser) SMA/SMK/MA saderajat sa-Jawa Barat jeung Banten. Éta festival lumangsung di Gedung Kesenian (GK) Sunan Ambu - Institut Seni dan Budaya Indonesia (ISBI), Jl. Buahbatu, Bandung, Kemis – Saptu, 14 – 16 September 2023.

“Ieu festival 2 taunan téh salasahiji program maneuh nu diayakeun ku Komunitas Toneel Bandung anu dugi ka ayeuna tetep konsisten tur eksis. Iwal ti Festival Longser atanapi Lawung Nonoman Longser, Komunitas Toneel Bandung gé ngagaduhan sawatara program anu salawasna istiqomah diayakeun tiap taunna, di antawisna aya garapan taunan sareng program insidental,” ceuk Valeo Handoko, S.Sn, Ketua Komunitas Toneel Bandung, dina biantara bubuka éta festival, Kemis, 14 September 2023.

Tujuan éta festival, taya lian pikeun ngawanohkeun tur jadi wadah para rumaja dina ngetrukkeun ide katut pamikiran kreatif kana wangun seni teater tradisi (longser).

Baca Juga: Galura Cetak III September 2023, Ritual Nyuguh di Kampung Kuta Ciamis dina Kaayaan Tigerat ku Cai

“Di sagédéngeun éta, ieu Festival Longser anu tos lumangsung kasalapan kalina téh tujuanana kanggo miara ajén-inajén budaya liwat seni longser, sarta kanggo ngipuk katut numuwuhkeun minat sareng aprésiasi seni, utamana dina widang seni tradisi,” ceuk M. Rifa Fachrezi Wahid, S.Sn., Ketua Pelaksana Festival Longser IX, dina biantara bubukana.

 

Simbolis masrahkeun Piala Bergilir Festival Longser ti Teater Smadasa SMAN 1 Dayeuhkolot, Bandung ka Ketua Pelaksana Festival Longser IX, M. Rifa Fachrezi Wahid, S.Sn., disakseni ku Ketua Toneel Bandung, Valeo Handoko, S.Sn.*

Rumawat eksistensi seni longser

Seni longser téh mangrupa teater rakyat tatar Sunda anu hirup di wewengkon Priangan. Wanda pintonanana ngadumaniskeun unsur tari, musik, nyanyian, jeung carita/lalakon anu direumbeuy ku heureuy (guguyon/banyolan) khas masarakat Sunda. Ampir sarua jeung teater lenong di Betawi, pintonan/pagelaran longser ngandelkeun improvisasi pamaén katut  interaksi jeung nu lalajo/panongton.

“Dina seni longsér téh aya ajén-inajén budaya kasundaan, boh tina aspek basa, pakéan, musik, tari, boh sikep prilakuna. Tapi kamekaran jaman ngabalukarkeun sumebarna informasi sareng aspek edukasi sajarah, tradisi katut budaya tos dihihilapkeun ku kaom rumaja.  Kumaha baé ogé élmu pangaweruh katut élmu teknologi, hususna media informasi, sakitu kiat pangaruhna dina robihna prilaku masarakat dina ngagunakeun basa,” ceuk M. Rifa Fachrezi Wahid.

Baca Juga: Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan

Ku lantaran kurangna nu maliré tur nu mupusti kana budaya sorangan (alatan robahna jaman téa), Rifa negeskeun yén Toneel Bandung ngarasa perlu pikeun rumawat eksistensi seni longsér.

“Salasahiji tarékahna, nya tetep ngayakeun Festival Longser supaya tiasa dijadikeun motivasi kanggo langkung giat deui mertahankeun ajén-inajén seni budaya anu aya di Jawa Barat,” pokna.    

Rifa ngécéskeun, Festival Longser IX taun ieu konsépna nujul kana amanat luluhur Sunda, dipiharep mampuh nyaluyukeun diri jeung kamekaran jaman bari teu kudu mopohokeun budaya sorangan. Ku kituna, Festival Longser IX téh jejer (téma)-na “Ngindung ka Waktu, Mibapa ka Jaman”.

Baca Juga: Perdana! Gamer Laura Ziphora Streaming Live Shopping Jualan di Shopee Live

“Muhun, ngindung ka waktu mibapa ka jaman, maksadna supaya generasi ngora tiasa nyaluyukeun diri sareng kamekaran jaman bari henteu mopohokeun budaya nu ku urang dipibanda,” ceuk Rifa.

Pangaping Toneel, Giri Mustika Roekmana, S.Sn. ngandelan naon rupa anu diomongkeun ku Rifa Fachrezi. Numutkeun Giri, ku jejer éta pisan panitia boga harepan sangkan para patandang Festival Longser téh bisa mintonkeun karyana anu inovatif. “Tapi sanaos kitu, tetep garapanana henteu ninggalkeun akar tradisi,” ceuk Giri Mustika.

 

Ngipuk regenerasi

Ku lantaran beungharna seni longser ku rupa-rupa seni anu nguatanana, seniman teater Hermana HMT boga anggapan yén diajar seni longser téh mangpaat naker pikeun ningkatkeun kacerdasan atawa kapinter diri. “Sabab longser téh jenis kasenian anu kumplit, aya seni musik, seni tari, seni akting, bahasa, jeung banyolan/guguyon atawa lawakan. Diajar seni longser hartina diajar mikawanoh tur paham kana sababaraha wangun kasenian,” ceuk Hermana, pembina/sutradara Longser Bandoengmooi anu ogé salasaurang juri ieu festival.

Baca Juga: Buku “Tritangtu” Imam Mudrika, Napak dina Falsafah Kasundaan, Ngudag Kasajatian Hirup

Iwal ti éta, ceuk Hermana, dialog (guneman) anu direumbeuy ku improvisasi bisa ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun basa jeung imajinasi. “Jadi, neuleuman seni longser sanés sakadar diajar kasenian, tapi ningkatkeun kacerdasan pikiran, awak, katut jiwa (rasa),” pokna.

Mun nilik sakitu idéalna tujuan Toneel Bandung dina ngangkat seni longser kana hiji kagiatan festival, budayawan Prof. Dr. Arthur S. Nalan anu ogé guru besar ISBI Bandung kungsi ngungkabkeun yén ieu festival téh ulah tepi ka pareum. Arthur kacida ngaaprésiasi kana inisiatif Toneel Bandung anu méré kasempetan ka generasi ngora pikeun ngamalirkeun anléh kasenianana liwat teater basa daérah (Sunda), lebah dieu longser.

“Syukur wé ieu festival masih kénéh aya dugi ka danget ayeuna. Dipiharep, ayana festival longser téh tiasa ngageuing tur ngamotivasi para patandang dina ngawaris tradisi ku cara kaayeunakeun luyu sareng kamekaran jaman,” ceuk Arthur S. Nalan, nalika muka kagiatan Festival Longser Toneel Bandung, di GK Déwi Asri, Kampus ISBI Bandung, sawatara taun ka tukang.

 Baca Juga: H. Amim Meriatna Subhan: Jadi Pinunjul FTBI Kabupaten Bandung Ulah Jadi Udagan

Jadwal midang patandang Festival Longser di GK Sunan Ambu ISBI, Jl. Buahbatu, Bandung.*

Para patandang

Réana 11 grup teater SMA/SMK/MA saderajat sa-Jawa Barat jeung Banten milu aub dina ieu festival anu diayakeun unggal 2 taun téh.

Lima grup di antarana, midang dina poé kahiji sabada bubuka kagiatan, nyaéta Teater Smadasa SMAN 1 Dayeuhkolot, Bandung (naskah: Kala karya Akbar Juliana), Teater Langka SMAN 1 Cicalengka, Kab. Bandung (naskah: Tukeur Jiwa), Teater Bohlam SMAN 22 Bandung  (Sugema ku Jaman karya M. Sabil jeung Rafly Rafana), Teater Teras SMAN 1 Rancaekek, Kab. Bandung (Urug karya Ary G. Tomat), Teater Doremi SMAN 5 Cimahi (Dewi Tapa karya Robby Kumis Gunawan).

Anu 6 grup deui, midang dina poe kadua, Jumaah, 15 September 2023, nyaéta Teater Main Gesit SMK Radita Yudha Subang (Gegedug Lembur karya Moddi Madiana), Teater Wani SMA PGRI Parakanmuncang, Kab. Sumedang (Maronggé karya Andri Prasetyo), Teater Tambang SMA Bina Muda Cicalengka, Kab. Bandung (Wasiat Pangagung karya Fikri Fadilah), Teater Sulung SMA BPPI Baleendah, Kab. Bandung (Leled Samak karya Shelvyra Sssanty), Teater Ananta SMK Ma’arif Terpadu Cicalengka, Kab. Bandung (Station Tjitjalengka karya Barudak Tasya), jeung Teater Atena SMAN 1 Nagreg, Kab. Bandung (Kutan Kontén Kendan?).

Girang pangajén (déwan juri) anu diwengku ku Hermana HMT, Rosyid E Abby, jeung Mustika Iman Zakaria baris milih para pinunjul pikeun kategori aktor, aktris, sutradara, naskah, musik, tari, pementasan/pagelaran ka-1, pementasan/pagelaran ka-2, pementasan/pagelaran ka-3, pinunjul umum, jeung favorit.***

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler