Pokalna Teater Sunda Kiwari, Festival Drama Basa Sunda Digelar deui 7 – 13 Agustus Ieu

6 Agustus 2023, 16:06 WIB
Dodi Eka Pratama (tengah), Panaséhat Téknis FDBS XXI/Déwan Pangaping Teater Sunda Kiwari, keur méré arahan ka para patandang FDBS XXI dina gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang. Gédéngeunana, Pupuhu Panata Calagara, Aam Zaman (kadua ti kénca).* /Dok. TSK/

SABADA 3 taun (2020 - 2023) reureuh alatan sasalad pandemi, Teater Sunda Kiwari (TSK) ngagelar deui “Festival Drama Basa Sunda” (FDBS) tingkat Pelajar sa-Jawa Barat. Diayakeun ti taun 1990, ieu FDBS XXI téh baris lumangsung di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang No 1, Kosambi, Bandung, Senén – Minggu, 7 – 13 Agustus 2023.

Saméméh pandemi, FDBS Pelajar (FDBSP) nu pamungkas diayakeun taun 2019, nyaéta FDBS XX, diiluan ku 45 grup/patandang. “Ku margi ayeuna patandang téh diwatesanan jumlahna, FDBS XXI ieu mah mung diiluan ku 13 grup,” ceuk Dodi Éka Pratama, salasaurang panaséhat téknis FDBS XXI, anu oge Dewan Pangaping TSK.

Éta grup nu 13 téh, nyaéta Teater Tambang (SMA Bina Muda Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Kashva (SMAN 1 Parungkuda, Sukabumi), Famor Theater (SMAN 1 Soreang, Kab. Bandung), Teater Ananta (SMK Ma'arif Terpadu Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Langka (SMA Negeri 1 Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Smadasa (SMAN 1 Dayeuhkolot, Bandung), Teater Wanci (SMA PGRI Cicalengka, Kab. Bandung), Teater Senapati (SMA Pasundan 3, Bandung), Teater Gawe (SMKN 3 Tasikmalaya), Teater Tasbe (SMAN 1 Baleendah, Bandung), Teater Gulamsaka (SMA Negeri Tanjungsari, Sumedang), Larva Teater (SMK TIK Yadika Cicalengka, Kab. Bandung), jeung Teras Teater (SMAN 1 Rancaekek, Kab. Bandung).

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Agustus 2023, Hari Sungai Nasional Tarekah Nyalametkeun Walungan

Para patandang Festival Drama Basa Sunda (FDBS) XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat, ti masing-masing grup teater, dipotrét sabada gempungan téknis, sawatara waktu ka tukang.*

Drama anu baris dipagelarkeun ku patandang dina FDBSP téh dipilih hiji tina 5 naskah nu disadiakan ku panitia, nyaéta Karunya si Mamah (karya Nazarudin Azhar), Parna (Ayi G. Sasmita), Sasandiwaraan (Arthur S. Nalan), Satampah Lemah (Lugiena Dé), jeung Tarung Pamungkas (Dhipa Galuh Purba).

Girang pangajén nu diwengku ku Rinrin Candraresmi, Iwan Setiawan (Iwan Loncéng), jeung Rosyid E Abby bakal milih "Pinunjul" (Terbaik) pikeun kategori aktor, aktris, panata artistik, panata musik, sutradara, katut pementasan.

“Pinunjul pementasan atanapi pementasan terbaik gé malah mah sanés ukur hiji, sanés Pementasan I wungkul, tapi ogé aya Pinunjul Pementasan II sareng III. Janten, sadayana aya 9 kategori anu diunggulkeun. Drama/teater mah mémang lega pisan wengkuanana. Éta margina teater disebat kerja ensamble, margi unggal unsur aya pakuat-pakaitna, aya gawé bareng antara éta unsur-unsur. Ku kituna, ku ayana ieu festival, para pelajar tiasa diajar berorganisasi,” ceuk Rinrin Candraresmi, anu dina acara panutup engké, 13 Agustus 2023, magelarkeun drama karyana, Sora-sora Jeroning Sirah.

Rinrin ngadadarkeun, salila ieu aya sawaréh masarakat anu ngangluh jeung masualkeun, yén nu maraké basa Sunda téh mingkin ngurangan, utamana di kalangan generasi ngora. “Teater Sunda Kiwari tos ngabuktikeun, sumanget ngagunakeun basa indung teras ditarékahan sangkan tetep tumuwuh di kalangan generasi ngora,” ceuk Rinrin.

Baca Juga: Jadwal Giriharja 3 Putra Dalang Yogaswara Sunandar Bulan Agustus 2023, Mindeng Manggung di Kabupaten Subang

Ngamumulé jeung ngamekarkeun basa Sunda

Mimitina mah, FDBS anu diayakeun unggal taun ti 1990 kénéh téh, ngan ditujulkeun pikeun umum wungkul. Mun aya kelompok/grup teater pelajar miluan, nya asupna ka umum wé. Ieu festival téh ahirna jadi program maneuh (kalénder kagiatan) Teater Sunda Kiwari anu teu weléh dianti-anti ku sababaraha grup/kelompok teater –boh teater pelajar boh umum (komunitas/sanggar) di Jawa Barat jeung Banten.

“Malah hiji waktos mah, patandangna téh dugi ka langkung ti 70 grup teater,” ceuk Icang S. Tisnamiharja, Panaséhat Téknis FDBS anu ogé anggota senior jeung Déwan Pangaping Teater Sunda Kiwari.

Ku lantaran animo masarakat teater ka FDBS téh mingkin ngaronjat, kitu deui jumlah patandangna teu weléh undak, atuh lumangsungna kagiatan gé aya nu parat tepi ka 3 minggu atawa ampir sabulanna. Munasabah lamun taun 2008 kaliwat, Teater Sunda Kiwari nyangking rékor ka-3070 Museum Rékor Indonésia (MURI) minangka Pelaksana Festival Drama Bahasa Sunda Terlama.

Baca Juga: Jadwal Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Agustus 2023

Ku kituna deuih, ti mimiti 2011 mah FDBS téh kategorina dilegaan, ditambah ku FDBS pikeun pelajar, ngaranna Festival Drama Basa Sunda Pelajar (FDBSP). Waktuna bagilir, selang sekar, sakali séwang antara FDBSP jeung FDBS.

"Ieu Festival Drama Basa Sunda (FDBS) téh mangrupi tarékah Teater Sunda Kiwari dina ngabina, miara, ngamumulé, tur ngamekarkeun seni drama basa daérah, nyatana basa Sunda,” ceuk sutradara anu ogé pupuhu Teater Sunda Kiwari, R. Dadi P. Danusubrata, dina hiji kasempetan ngawangkong.

Di sagédéngeun éta, ceuk Dadi, FDBS Pelajar diayakeun pikeun nyumponan kahayang jeung kabutuh kaom pelajar anu teu weléh sumanget dina ngokolakeun/ngagarap teater, utamana teater Sunda. Atuh FDBS ogé, ceuk Dadi, sacara teu langsung geus ngajarkeun sikep jeung adab anu nerap di masarakat.

Baca Juga: Ku Tarèkah Disbudpar Kabupaten Bandung Kunjungan Wisata Undak 300 Persen

Jadwal midang para patandang Festival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat.*

Numuwuhkeun sirung teater rumaja

Sajeroning kitu, Dodi Éka Pratama ngadadarkeun, ti munggaran diayakeunana, FDBS téh ti taun ka taun mingkin mincut minat kalangan generasi ngora Jawa Barat, hususna pelajar. “Ku kituna, sabada tilu taun vakum alatan pandemi, TSK nganggap peryogi ieu festival tetep diayakeun,” ceuk Dodi Éka, anu biasa maké ngaran Dodi Kiwari téh.

Iwal ngayakeun FDBS kalawan maneuh tur mayeng, tangtu Teatér Sunda Kiwari henteu poho kana garapan utamana, nyaéta pagelaran drama (teater). Teater Sunda Kiwari téh kelompok teater anu “getol” magelarkeun drama (modérn) dina basa Sunda. Tujuanna pikeun pembinaan basa Sunda dina widang pagelaran drama, utamana keur kalangan rumaja (pelajar).

“Muhun, kapan éta téh luyu sareng Peraturan Daérah (Perda) Nomor 14 Taun 2014 ngeunaan Pelestarian Bahasa dan Aksara Sunda, anu mangrupi révisi tina Perda No. 5 Taun 2003,” ceuk Riza D. Suryalaga, Déwan Pangaping TSK nu séjénna.

Baca Juga: Rosikin WK, S.Sn., M.Sn., Motékar dina Tari, Musik, jeung Lagu Pop Sunda

Satuluyna Riza ngadadarkeun, iwal ti ngarangsang dug-degna grup-grup teater, FDBS gé geus ngarangsang lahirna para penulis naskah jeung apresiator. Gelarna FDBS téh, cenah, pikeun numuwuhkeun sirung-sirung grup teater anyar.

“FDBS hoyong maparin rohang anu lega kana bakat-bakat teater nu salami ieu mungkin henteu kaarahkeun alatan teu ayana kasempetan. Mémang, tujuan utamana kanggo miara basa katut budaya Sunda. Tapi, di sagigireun éta téh kanggo numuwuhkeun sirung-sirung teater pelajar,” ceuk Riza D. Suryalaga.

Mémang, ceuk Aam Zaman, Pupuhu Panata Calagara FDBS XXI, ieu féstival diayakeun, salasahijina pikeun ngageuing jeung ngaronjatkeun deui kasadaran masarakat dina miara/ngamumulé seni budaya jeung basa daérahna.

“Pagelaran seni mangrupi média nu kawilang jétu kanggo ngahontal éta udagan,” ceuk Aam Zaman. “Ku kituna, yu urang mumulé basa daérah ku cara ngamekarkeunana sangkan tetep luyu sareng parobahan, jaman, sarta teu weléh jadi ciri kaindonésiaan urang,” pokna deui.***

Baca Juga: Seni Parebut Seeng Ngandung Atikan Karakter

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler