Kabayan Ngalanglang Jaman (29): Supata Raja Oidipus

- 11 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

“Tapi…,” ceuk Oidipus sanggeus ngarénghap deui, “lamun sakirana aya nu nyaho saha nu boga dosana sarta nyoba-nyoba ngarusiahkeunana, ulah sambat kaniaya, kaula bakal nyupata manéhna supaya sakumna jalma ngamusuhan ka manéhna. Keun manéhna sina diusir ti ieu kota, sarta di kota mana wae gé euweuh jalma nu haat nulunganana. Muga-muga baé jalma nu nyaho tapi ngarusiahkeun ieu perkara, dina panungtung hirupna kudu nandangan hirup nu pinalangsaeun tur hina, teu dipaliré ku sasama….!”

Reg Oidipus nyaritana ngarandeg, ngarénghap jero naker.

Paneuteupna angger mencrong seukeut ka nu araya di dinya.

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

“Ngeunaan kaula…,” omong Oidipus sanggeus ngarénghap jero naker. “lamun sakirana si anu boga dosana datang nepungan kaula di mana kaula keur nyorangan, sarta kaula ngarusiahkeunana ka balaréa tur henteu méré hukuman ka manéhna, mangka muga-muga baé supata nu dikedalkeun ku kaula téh malik tumiba ka kaula. Kaula ménta-ménta ka paradéwa pikeun ngahukum maranéhna anu henteu ngalaksanakeun paréntah kaula ku hukuman anu sabeurat-beuratna. Ka maranéhna anu tuhu kana paréntah kaula, sarta mantuan mangnéangankeun anu boga dosana, muga-muga kurnia déwa marengan hirupna.”

Ngadéngé omongan Oidipus kitu, salasaurang sesepuh nu dipikasérab di éta kota maju ka hareupeun Oidipus.

“Gusti Prabu…,” pokna sanggeus cong sumembah.

“Aya naon, Mamang? Naha aya nu rék diomongkeun ku Mamang?”

“Gusti Prabu…, Gusti bieu geus ngedalkeun supata bari jeung kami teu nyaho saha jalmana anu disupata ku Gusti Prabu téh… Kami teu nyaho saha anu milampah dosana. Hiji-hijina anu nyahoeun mangkelukna mah taya lian iwal ti Apollo. Tapi urang minangka manusa teu bisa maksa déwa ngungkabkeun hal-hal anu ku déwa sorangan teu hayang diungkabkeunana. Jadi lebah dieu, aya hadéna lamun urang tumanya ka hiji peramal nu ngaranna Tiresias. Najan panonna lolong, manéhna bisa nénjo ku mata batinna, sarta leuwih nyaho kana sagala rupa nu urang henteu nyaho.”     

“Ngeunaan éta, kaula lain teu eungeuh. Tadi kaula geus maréntahkeun utusan sangkan ngadatangkeun Tiresias ka dieu. Tapi naha nya wayah kieu can ka dieu kénéh baé?” tembal Oidipus kerung, bari tuluy rarat-rérét ka sakurilingna.*** (Lajengkeuneun)

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x