Jalma Beunghar

15 Januari 2024, 16:42 WIB
Ilustrasi carpon Jalma Beunghar karya Budi Riyanto. /galura.co.id/

Carpon Aan Merdeka Permana

Si Nunuy datangna bubureuyeungan. Kawas biasa, lamun datang ka rumah dinas Bi  Yanti (sabenerna ukur manéhna wungkul nu nyebut Bi Yati mah, da pagawé mah kaasup Sat­pam, nyebutna cukup Ibu, teu ludeung nyebut ngaran).

Saban nganjang ka rumah dinas Bi Yanti, kudu baé ditalék ku Satpam di garduh jaga.

“Mau bertemu siapa?”

“Bi Yanti, eh, Bu Yanti ....”

“Oh, saudaranya, ya? Dari pihak Ibu atau dari pihak Bapa?”

“Sodarahnya pihak Ibu,” jawab Si Nu­nuy bari nyekelan beuteungna nu bureuyeung.

Saban datang ka dinya, patugas sekuriti téh gunta-ganti da  diroling. Jadi pasti teu wawuh ka Si Nunuy.

Geus di jero lila tepung da cenah Ibu nuju leleson.

Dua jam kakara mucunghul.

“Éh, Nunuy? Geus sabaraha bulan éta?”

“Tujuh majeng ka dalapan, Bi ....”

“Kumaha Si Undang geus boga gawé?”

“Nyaéta, Bi ....”

“Warah atuh salaki téh. Piraku teu éra kituh, pamajikan téréh ngajuru, can kénéh boga gawé?”

Si Nunuy teu némbalan.

“Jeung éta, manéh jugrah-jegroh? Batuk, nya?”

Si Nunuy padu ungguek.

“Ka Puskesms atuh da piraning tilu rébu.”

Pikeun kadua kalina Si Nunuy teu némbalan ku ucap.

Nu boga imah teu loba ngajak ngobrol da kabireungeuh lulungu kénéh. Kabi­reungeuh ngan merelek heuay.

Si Nunuy ngamalum. Nu jadi bibina téh pagawé bank badag. Kadudukanana nomer dua di éta bank. Wakil dirut, jigana. Ngan gawéna mungguh sibuk. Indit tabuh lima subuh, balik tabuh tujuh peuting. Nu ma­tak Si Nunuy datangna bada isa. Salakina mumul nganganteur. Basana cukup ku éra.

Kumaha teu rék kitu sabab sabulaan sakali Si Nunuy nyusul “setoran” ti nu jadi bibina. Sabab bibina anu jadi wakil direktur bank téh rimbil ku kawajiban. Mangmayarkeun BPJS, méré uang bulanan keur bapana Si Nunuy, anu jadi lanceukna Bi Yanti.

“Cenah dagang cilok téh bangkrut?”

“Mung kiat sasasih, Bi ....”

“Nu matak ari usaha téh kudu diitung heula kamampuhna. Loba pisan nu daragang cilok téh. Lamun teu ngeunah-ngeunah teuing mah, kasaéngan ku anu leuwih bisa,” ceuk Bi Yanti.

“Yaktos, Bi ....”

“Dua taun deui Ibi téh pangsiun. Geus pangsiun mah, biheung mampuh biheung henteu mantuan bapa manéh,” ceuk Bi Yanti ngarahuh eungap.

Si Nunuy gé milu ngarahuh.

“Tapi bapa manéh, buruk-buruk papan jati. Ibi tetep kudu mikanyaah ka bapa manéh. Da éta téh lanceuk panggedéna, itung-itung gaganti kolot. Nya sakuat tanaga mah eudeuk tetep mantuan. Tah, ku sabab iyuran BPJS naék, Ibi nambahan bantuan. Nu tadina ukur Rp1.500.000 sabulan, ku Ibi ditaékkeun jadi Rp1.750.000 sabulan. Ké, ari Bi Yani, masih kénéh sok mantuan béas?” ceuk Bi Yanti.

Bi Yani téh masih kénéh bibina Si Nunuy, lanceukna Bi Yanti.

“Masih, Bi. Alhamdulillah, tilu sasih sakali mah aya kintunan béas 25 kilo,” témbal Si Nunuy.

“Sarua Bi Yani gé téréh pangsiun jadi guruna. Nya sugan wé masih kénéh bisaeun ngiriman béas ka bapa manéh.”

“Aamiin ....”

“Rék dahar atuh?”

“Parantos tadi di rorompok, Ibi ....”

Nu boga imah ngaléos heula ka kamar. Balik deui geus ngiwir-ngiwir duit sajuta tujuh ratus limapuluh rébu.

 “Ké, balik ka Cimahi kana naon wayah kieu?”

“Aya KRD Padalarang anu lasteu, Ibi.”

“Sabaraha tatéh ongkosna?”

“Limarébu jauh dekat, Bi ....”

Nu boga imah ngusiwel ngaluarkeun duit Rp20.000.

“Yeuh, cukup meureun sakieu tepi ka Cipageran ....”

“Nuhun, Ibi ....”

Nu boga imah geus merelek deui heuay. Tapi Si Nunuy masih kénéh ajeg dina korsi jok.

“Kadé atuh tinggaleun karéta lasteu ...,” nu boga imah ngusir sabenerna mah. Tapi Si Nunuy tetep anjeucleu.

“Boa aya kénéh perlu, nya?”

“Muhun Ibi, saleresna mah.”

“Naon?”

Atuh daradad Si Nunuy medar pamaksudanana. Cenah dina nyanghareupan ka­lahiran si utun-inji, salakina téh hayang usaha kana ojéhg onlen.

“Tah, sukur atuh, Ibi milu bungah.”

“Ari aplikasi mah, dipasihan nambut ti tatangga, namung motorna anu teu aya,” ceuk Si Nunuy.

Atuh nu boga imah kéom.

“Usahakeun atuh, bagi waktu jeung anu méré aplikasi. Moal kuat ngojég sapoé 24 jam mah, jadi kudu giliran,” ceuk nu boga imah méré saran.

“Urang wartoskeun ka pun lanceuk éta kamandang Ibi téh ...,” témbal Si Nunuy.

“Enya sok bral. Tapi Ibi mah teu weléh ngarojong, di antarana ngarojong ku do’a, sugan maranéh sakulawarga tinemu kabagjaan. Saban solat gé Ibi mah munajat sang­kan bapa manéh katut sapiriumpi ditangtayungan jeung dirijkian. Béjakeun ka Si Bapa, tong ngarasa isin ngado’a ka Alloh pikeun ménta rijki. Sok ulah sakadar solat wajib baé, solat sunat gé jalankeun. Sing remen solat dhuha. Éta karasa  pisan ku Ibi,” ceuk nu boga imah.

“Yaktos, percanten, Ibi ....”

Da enya bisi tinggaleun karéta lasteu, Si Nunuy ahirna amitan. Jalan ka dapur, blus ka garasi. Leumpangna sésélékét kana sela-sela motor anu ngabérés aya kana limana, geus puguh ari mobil méwah mah aya tilu.

Si Nunuy megat angkot nu muru Statsion Bandung.

Sabenerna, pamaksudan téh can dite­pikeun kabéh. Sabab ari amanat bapana mah, Si Nunuy kudu ngumaha ka bibina, sangkan mun bibina mantuan méré nginjeum  motor nu urut-urut baé mah,  ogé salaki Si Nunuy mun bisa mah diampihan di rumah dinas sabab kamar pembantua gé dua deui masih kosong.

Ari nu jadi alesan, salakina Si Nunuy hayang ngojég di daérah Bandung Utara anu loba kampus. Ngojég onlén di Cipa­geran mah, konsumén teu pati loba. Acan dipaséaan ku ojég pangkalan.

“Ah, teu pédé ngasongkeun paméntana ...,” ceuk haté Si Nunuy sabot ngangkleung dina angkot papeupeuting. *** (Dimuat dina Galura cetak III Maret 2020).

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler