Tunggul Kuras

8 Januari 2024, 16:08 WIB
Ilustrasi Carpon Tunggul Kuras /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Ratna Ning

DUIT sapuluh rèal.  Duka sabarahaeun mun dirupiakeun. Mun duit Malay­sia,  sa­puluh ringgit, dirupiakeun ku­rang leuwih ti­lu­puluh rèbueun. Jeung duit dua puluh rèbu nu geus boleas ru­pana. Tara digomèng-gomèng,  jadi tunggul kuras, nurutkeun papagah kolot.

“Kudu aya tunggul kurasna dompèt tèh. Keur pamikat. Ulah koredas taya salambar-lambar acan. Pamali! Sok anggang jeung rejeki,” kituna tèh sok pok deui pok deui. Jadi pepeling nu matri dina ati.

Ti parawan kènèh sok nyimpen tunggul kuras tèh. Baheula mah boga duit bènggol sagala. Sababaraha lambar saratus pèra­kan, nu lima ratus pèrak nu gambarna monyet, jeung salambar duit sarèbu. Sok mindeng diolo ku tukang nèangan duit antik. Tapi tara ieuh dibikeun. Hanjakal, tunggul kuras tèh leungit jeung dompèt-dompètna.

Tilu lambar duit asing tèh nga­bogaan sajarah sewang-se­wang. Duit nu rèal, ngarupakeuan tawis asih ti Kang Arief, papacangan mangsa keur parawan. Ma­nèhna urang Bogor. Indungna pituin Gunung Putri, bapana urang Arab. 

Wawuh jeung Kang Arief mangsa sok resep turun-unggah gunung, ngasruk leuweung ma­payan jungkrang. Harita sabada turun ti Gunung Gedè Pangrango tuluy malipir gulampèng Gunung Salak. Di dinya amprok jeung Kang Arief, mahasiswa salasahiji paguron Islam Negeri di jakarta nu keur naèk gunung jeung baladna.

Ku lila remen ngobrol, antukna jadi dalit jeung Kang Arief, tepi nganteurkeun balik.  Ku seringna tepung lawung, tatali batin tèh manjang. 

Tapi barang hubungan geus nincak kana serius, bapana Arief teu doaeun. Les we Kang Arif teuing ka mendi. Dina hiji mangsa, bakating ku sono, maksakeun maluruh Kang Arif ka panganjrekanna di Cipayung. Tapi nyamos. Antukna kuring sadar, Kang Arif ukur jadi kembang impian, nu nyata mah tawis asihna nu mangrupa duit sapuluh real nu diselapkeun dina loket. 

Ari duit ringgit dongengna matak ketir. Bakat ku hayang mopohokeun Kang Arif, kuring miang ka Malayasia. Digawè di rèstoran China. Enya ka Kang Arif bisa poho, tapi baganti ku ka­hareneg. Unggal poè kudu molah daging babi.  Ras inget kana kekecapan Bapa, ti heula basa memeh indit bubuara.

“Cadu, turunan kami kudu bubuara ka ka luar nagri!” kitu pokpokanna Bapa harita. Tapi kuring lah-lahan bari jeung teu malire kana caritaan kolot.

“Pacaduan mah tong dikukut, Pa. Geus teu usum jaman kiwari mah. Geus cambal. Meureun bisa matih teh di jaman Bapa. Hampura Pa! Ngagugulung waè pacaduan mah moal maju!” kitu ceuk kuring harita.

Di nagri deungeun, bakat ku teu kuat nampa pagawèan nu pa­tojaiyah jeung kayakinan, antukna kuring kabur ti tempat gawè. Geuning kalah sangsara, kadung­sang-dungsang. Untungna ditulungan ku urang dinya. Duh Gusti. Ras inget kana impian samemeh indit ti imah.

Dina impian teh kuring leumpang mapay gawir lungkawing. matak lewang. Handapeunnana walungan jero naker. Sabot keur nengan pamuntangan, suku tiseureuleu, koleang, awak asa dipangpengkeun. Gujubar kana walungan nu caina umpal-umpalan. Untung bisa keneh salamet, nepi ka bisa hanjat ka sisi walungan. 

Enya. Eta impian teh kila-kila. harita mah teu engeuh.

Basa kabur ti imah dunungan, kuring teu apal kudu indit ka ­mana.  Kabayang seug kacerek deui ku agèn atawa dunungan.

Kuring kumawula di jalma nu nulungan. Ka manehna kuring balaka kuring hayang balik. Nya dina bulan kaopat, ku kanyaah dunungan,  kuring dipulangkeun. Dibekelan duit rupia sajuta keur ongkos mulang ti Batam ka Bandung. Boga dina pesak duit ringgit hasil bibilintik. Teu dicoceng, cekeng keur kenang-kenangan. Ditundana dina loket, saku jerona.  

Tah, ari duit nu dua puluh rèwu mah maskawin ti Kang Jana. Lalaki basajan, kuli bangunan, nu jadi salaki kuring.  Sang­geus seubeuh ku pang­geuhgeuyan batur, nya kapaksa kuring kudu mungkas lalagasan. Umur tilu puluh taun di lembur mah, pada nyebut parawan kolot. Jomblo.  

Saterusna mah hatè kuring geus baal ku panggeuhgeuy deungeun. Anggap we radio butut.  Da rek kumaha deui atuh, hate manteng wae ka Kang Arif. Najan loba nu ngaheroan,  hate mah teu ieuh kapincut.

Keur kitu, torojol Kang Jana. Lalaki basajan nu sacara kahirupan mah jauh jeung kulawarga kuring harita. Kang Jana lain lalaki nu ginding, komo loba duit. Kuring bisa narima Kang Jana teh ku ningali kapancegan niatna. Umurna lima taun leuwih ngora ti kuring. Kasab ukur koreh-korèh cok. Hate geus buleud rek ngawangun rumah tangga. 

Tujuh  taun ka tukang, kuring ngadahup ka Kang Jana. Mas kawinna duit duapuluh rèbu. Hate rido. Teu wasa menta maskawin  nu leuwih ti sakitu. 

“Mamah, nyènyènnnn...,” bu­dak merenyèng bari noèlan gado. Diparende lain sarè, kalah ka gu­linggasahan budak teh.

Budak teh umur dalapan belas bulan, ngomongna geus  capètang, najan cadel keneh. Ti budak saprak lahir, cisusu teh saat. Ceuk bidan mah pedah kuring nyusuan liwat umur.

Sapeupeuting budak ceurik, lapar. Botol cisusu eusian cigula beureum, nu teu pati amis, da gulana sakitu-kituna. 

Kang Jana kajeueung humandeuar. Di luar, hujan ngecrek ti beurang keneh. Aya ku harianeun, keur mah teu boga cecekelan, Kang Jana galigeuh. Saban poe ngahurung balung. Geus kana dua mingguna, Kang Jana aya di imah bari pabeasan kosong.

Karasa hirup teh asa pangmalaratna.  Boga adi dua, bareunta, tapi da era ari kudu remen barang penta mah.  

Di luar hujan ngipisan. Budak can jempe, ngèar hayang susu. Kang Jana kalah nangkeup sirah di enggon. Duh, sakapeung matak jengkel kana hate nenjo salaki taya gadag teh.

”Matak naon, mulungan-mulungan rongsokan atuh. Ulah nangkeup sirah waè...,” kuring kukulutus.

Ukur bisa ngurut dada. Hirup kuring meureun ukur sakieu.

“Emas buntung! Duit heu­beul! Duit bènggol! Duit luar! mangga kalurakeun, urang pe­ser!”

Keur anteng ngurut dada, aya tukang duit antik. Inget, mun kuring boga duit real jeung ringgit. tunggul kuras. Piraku kudu dijual? Hate jadi marojengja.

“Maaah...nyènyèn....” 

Kuring indit ka enggon muka lomari, tuluy ngodok loket nu ditunda dina handapeun entepan baju. Ret diilikan. Duh nyaah. Piraku duit nu hargana teu sabaraha, tapi gede ajenna, kudu dijual jaar. Loket dibebeskeun deui kana handapeun entepan baju.

Leos deui ka tengah imah. Ret ka budak nu beuki ngaeh, hayang susu.

Hujan di luar beuki ngipisan. “Duit antik, duit antik, duit luar. Mangga digaleuh!”

Tukang nyiar duit antik ka­denge keneh, sorana angin-anginan. *** (Dimuat dina Galura cetak III Februari 2020)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler