Martabak Endog

2 Januari 2024, 08:37 WIB
Ilustrasi carpon Martabak Endog /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Aan Merdeka Permana

DI Alun-alun Cima­la­ka sakapeung sok aya pintonan pasar malem.  Ru­pa-rupa karesménan aya. Korsél, ombak banyu, tong sétan, rumah hantu, dogér monyét jeung sajabana. Leuwih dipasieup deui ku ayana tukang kadaharan, rupa-rupa. Ngan anu has mah paragpagna tukang martabak endog. Ngabarak, ngajajar aya welasna, aya puluhna, jiga anu teu sieun silih saéngan. Aya ogé tukang dagang tahu petis goréng. Mun hayang lada, kari ménta céngék saba-baraha guruntul.

Nyi Asih awéwé jekékan urang Buahdua, tepung jeung kuring di tempat ombak banyu. Manéhna unggah kana tétécéan. Ngan ombak banyu téh oyag-oyagan. Sakapeung ka handap tapi teu kungsi lila ngajaul ka luhur. Atuh Nyi Asih héséeun. Sakapeung jejeritan sakapeung seuseurian. Aya hayang aya sieun tumpak om-bak banyu téh.

“Sok urang bantuan!” cekéng téh bari nyekelan peupeuteu­yanana. “Jleng, jleng!” ceuk ku-ring. Tapi manéhna bangun si­eun. Atuh kapaksa kuring unggah miheulaan. Manéhna dikenyang. Gék gigireun kuring. Leungeunna nyekel pageuh kana pingping kuring.

Diuk téh jadi ngaréndéng.

Basa ombak banyu mimiti motah, ngurilingna bari ka luhur ka handap, para panumpang aya anu jejeritan aya anu baba­raka­takan. Nyi Asih mah, peureum tipepereket. Atuh leungeunna ogé nyekel pageuh kana pingping kuring mani tipepereket.

 

*

 “TI saha Aa terang nami abdi?” ceuk Nyi Asih basa kuring rék nganteurkeun manéhna ka Buahdua.

“Ah, aya wé ...” témbal téh kéom.

Padahal nyaho ngaran ma­néh­na mah teu pira jeung basajan. Basa manéhna turun tina elf, ti jero elf aya anu nyorowok. “Awas balikna montong peuting teuing, siah Asih!” sora awéwé te-ngah tuwuh.

“Jajapkeun nya uihna,” ceuk kuring nawarkeun jasa.

“Ah, wios da ludeung,” témbal Nyi Asih.

Tapi kuring maksa hayang nganteurkeun manéhna. Kumaha henteu rék melang atuh, wayah peuting najan kakara tabuh satengah tujuh, awéwé balik sorangan.

“Tapi tong dugi ka rorompok. Cekap sisi jalan wé ...” pokna. Kuring unggeuk.

Basa keur megat elf anu muru ka Buahdua, Nyi Asih neuteup sababaraha kali kana dadasar martabak endog. Kuring hideng nyampeurkeun dadasar, tur meuli martabak tilu.

Nyi Asih bangun anu éraeun da meureun ngarasa katohyan yén manéhna hayang martabak endog.

“Saleresna mah pun bapa anu seneng kana martabak téh ...” cenah bari nampanan jingjing-an kérésék.

“Ari Asih teu seneng kitu?”

“Ih, nya katenan wé atuh. Malah sok dianggo réncang sangu ...” témbal Nyi Asih ngagelenyu.

“Badé sakantenan ngagaleuh sangu goréng?”

Nyi Asih nyeuleukeuteuk.

“Asa ningnang neda sangu goréng dimar-tabakan mah ...” cenah.

Kuring seuri.

Tapi kuring rék mangmeulikeun kadaharan séjén gaganti sangu goréng, ngan ku manéhna ditolak.

“Tos cekap sakieu wé, Aa ...” cenah.

Basa rék dibéré duit, manéhna gé gideug.

“Ah, Si Aa mah,” cenah.

“Iraha atuh urang tepang deui?” ceuk kuring kebek ku harepan.

Nyi Asih ngahuleng sakedapan.

“Malem Senén payun wé da saur nu sanés, korsél téh dua minggu dadasara di Alun-alun Cimalaka,” ceuk Nyi Aasih.

“Naha teu malem Minggu?” ceuk kuring da bongan Nyi Asih kalah ngajangjian malem Senén. Ngan manéhna teu kaburu ngajawab sabab elf kaburu datang. Atuh dina elf teu kaburu malikan deui pananya da loba panumpang séjén Ké éra mun kapaggih yén kuring jeung manéhna kakara panggih harita.

 

*

NGANTEURKEUN téh enya wé ukur samet hareupeun gang. Saterusna manéhna ngincid so­rangan ke jero gang. Teuing jauh teuing deukeut imahna ti sisi jalan gedé téh.

Jaman harita (taun 1980-an), geus ilahar awéwé jeung lalaki patepung di jalan pasampangan, tina ukur silih kelétan langsung wawuh. Langsung jaradi kabogoh, atawa malah tepika balé nyungcungna pisan. Biasana patepung­na téh di tempat raraméan saperti pasar malem. Atawa bisa ogé patepungna di hareupeun pala-taran gedong Bioskop Pacific.

Nyi Asih kaciri jiga kataji ka kuring. Sabab babari neguhna. Lamun awéwé purun, moal nolak. Sabalikna lamun teu purun, bisa tepika jejebrisna pisan, embung ditanya embung ditoél.

Pan ari Nyi Asih mah, dina om­bak banyu sasat tipepereket nyekel pingping kuring. Basa di-na elf, ditangkeup gé sumerah.

Tapi basa malem Senén, di­dagoan hareupeun tukang mar­tabak di tempat ombak banyu, Nyi Asih can témbong. Didagoan tepika sajamna, weléh euweuh. Saban beus Cirebon anu eureun, sabab elf Kadipatén anu eureun, didagoan sugan salah saurang panumpang anu turun téh Nyi Asih, tapi lain deui lain deui.

Tepika tabuh satengah salapan kituna téh.

Moal mah Nyi Asih gering ngadadak?

Panceg tabuh salapan peuting kuring niat muru Buahdua baé, meungpeung aya elf anu cenah ngakuna lasteu.

Saméméhna teu poho ngajingjing kérésék dieusi martabak endog.

Aya ku lénglé deuih elf téh. Abong enya anu pamungkas tur bakal ngampih ka garasi di Buah-dua, atuh remen ngetém da ha­yang tambah muatan.

Sajam satengah kakara anjog ka sisi gang basa Nyi Asih harita turun téh.

Tapi naha di mana imahna Nyi Asih, sabab euweuh jalma ngulampreng anu bisa ditanya.

Satengah jam, kakara aya ojég ngaliwat.

“Ka Paséh, Kang?” cenah bu­ngah aya calon panumpang.

“Enya, tapi lain ayeuna. Mun Akang urang dieu, apal teu ka ngaran Nyi Asih?” kuring lang-sung togmol tumanya kitu.

“Nyi Asih? Anakna Bah Su­anta?”

Kuring ngahuleng da harita teu kungsi tetelepék tatanya saha ngaran bapana.

“Pokona mun mulang asupna ka gang nu ieu,” ceuk kuring.

“Aya duaan awéwé ngaran Nyi Asih nu imahna di gang nu ieu téh,” ceuk tukang ojég.

Kuring ngahuleng, teu nyaho kudu miliuh Nyi Asih nu mana.

Ngan teu kungsi lila, tukang ojég nyarita.

“Nya apal lah ari nu rék nyé­mah mekel martabak endog mah ...” ceuk tukang ojég seuri.

“Naha geuning kitu?” ceuk kuring.

“Sabab saban anu nganjang ka Nyi Asih nu éta, pasti mekel mar­tabak endog,” ceuk tukang ojég seuri nyéréngéh.

Kuring ngahuleng, semu éra.

“Tos wé mulang deui. Cios pan badé ka Paséh?”  ceuk tukang ojég.

Kuring mah masih rumegag.

"Malem Minggu kamari gé sa­mi aya jajaka ngajingjing mar­tabak endog. Mulang deui da kapiheulaan batur,” ceuk tukang ojég.

Kuring ngajengjen kénéh. Atuh daradad tukang ojég ne­rangkeun. Yén Nyi Asih nu sok dijajanan martabak endog ku lalaki teh randa ngora. Ampir unggal waktu indit ka tempat ramé, ana balik diaanteur ku lalaki bari ngajingjing martabak endog.

“Nya meureun maksudna mah rék néangan calon pisalakieun anu cocog keur dirina wé,” ceuk tukang ojég.

“Tah, malem Rebo mangkukna mah dirapalan. Langsung di­bo­yong ka Surian ku salakina anu bandar kalapa,” ceuk tukang ojég.

Geus nampa penjelasan sarupa kitu mah, kuring teu loba carita, langsung unggah kana sadel motor.

“Paséh?”

“Lah, langsung wé ka Ci­leungsing, Cimalaka, Kang!” cekéng téh.

Turun di Cileungsing, mayar rada gedé, jaba martabak dipasrahkeun ka manéhna.

“Kamari gé jajaka nu itu gé, sami masihkeun martabak ka abdi, mulih jamedud baeud muru ka Situraja ...” ceuk tukang ojég.

Teu dihaminan.***  (Dimuat dina Galura cetak edisi II Februari 2020).

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler