Hayang Nepungan Pamajikan

18 Desember 2023, 09:27 WIB
Ilustrasi Carpon Hayang Nepungan Pamajikan. /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Aan Merdeka Permana

Sabot kukulunuan di alam ahéng ieu, kuring can boga tujuan anu tangtu. Ngan jadi ras inget ka pamajikan anu geus maot lima taun ka tukang.  Kuring hayang tepung. Hayang ménta dihampura.

JAMAN kuring keur hirup, aya kolot anu nyarita salaki-pamajikan bisa tepung deui di alam kalanggengan, saupama duanana silih pikacinta, silih pikahéman jeung silih percaya, itu ieu papada neundeun kasatiaan.

Hiji waktu aya kajadian, salaki-pamajikan maot bareng. Ceuk éta kolot, ieu bisa dipastikeun di alam béh dituna bakal ngahiji deui.

Inget kana ieu omongan, kuring jadi sedih. Boa kuring mah moal bisa tepung deui jeung pamajikan. Maotna gé pan teu bareng, géséh lima taun. Leuwihna ti kitu, apanan kuring jeung pamajikan mah teu silih pikacinta, teu silih ajénan, teu silih némbongeun kasatiaan. Atawa anu leuwih pasna deui mah, apanan kuring mah teu satia ka pamajikan. Salingkuh boga deui nu anyar. Rejeki anu kuduna tamplok keur pamajikan, kudu dibagi dua jeung nu ngora. Kitu gé bari jeung kudu ukal-ékol da pan teu bébéja boga nu ngora téa.

Jadi munasabah lamun sabada ieu rusiah katohyan, pamajikan gé jadi ambek sabab kanyenyerian geus dihianat. Jeung lamun geus kitu, antara kuring jeung pamajikan anu aya ukur silih goréngkeun, ukur silih borétékeun kasalahan masing-masing. Malah utamana mah kuring, sok ngahaja néangan kasalahan pamajikan. Ngahaja dikoréhan, sabab maksudna mah hayang saimbang. Yén kuring nyieun kasalahan téh da bonganna pamajikan sok nyieun kasalahan.  Sanajan kasalahan éta téh dikoréhanana diaya-ayakeun da supaya aya kecap “bonganna”. Bonganna teu héman ka salaki, jadi wé salaki néangan anu anyar.

“Bongan atuh Mamah sok léléda ari Bapa ménta dipangninyuhkeun kopi téh. Bongan atuh Mamah sok tara bébéja ari indit ninggalkeun imah téh. Bongan atuh Mamah sababaraha kali nyebut teu purun ari Bapa boga kahayang téh,” jeung sarébu-macem “bongan” pikeun néangan alesan naon pangna kuring salingkuh. Nya meureun ceuk basa légégna mah “mencari pembenaran”.

Tapi da ari kaduhungna mah ayeuna. Enya, kuring ngarasa dosa ka pamajikan. Pamajikan geus raheut haténa. Peurihna raheut téh, nyaliara ka mamana, sabab buktina sakabéh anak kuring milu nyeri haté, milu tugenah. Anu ngahukum ieu dosa téh nya anak-anak kuring. Kabéh miceun ka kuring, teu hayang mireungeuh kumaha nasib kolot saterusna. Kuring diasingkeun!

Enya nu jadi pucuk ti girangna mah kuring. Da meureun mun kuring teu salingkuh mah, masalah moal badag kitu.

Kuring hayang ménta dihampura ka pamajikan. Bisa jadi telat. Naha rék ménta dihampura téh sabada pamajikan maot, jeung sabada kuring paéh? Ah, keun baé. Pokona rék ménta dihampura wé. Sual ditampa jeung henteuna mah, nya kumaha engké.

*

KURING bebelesatan di tempat anu sarua, nyaéta tegalan si awat-awat anu upluk-aplak lir teu manggih tungtung. Poé karasa ceudeum jiga muru ka sareupna. Angin rada gegelebugan. Kana awak gé karasa tiris.

Ku sabab tirisna nataku, basa mireungeuh aya sédong jiga guha batu, kuring ngabelesat muru ka éta tempat.

Ngan basa asup ka jero, kasampak aya aki-aki keur andekak sila, keur nyanghareupan nyiru anu pepek ku rupa-rupa kadaharan. Aya bakakak hayam, aya endog, aya cikopi, aya rurujakan jeung aya surutu. Keun teu kabita ku surutu mah. Ongkoh kuring mah sawaktu keur hirup gé teu beuki kana roko. Ngan éta mireungeuh bakakak hayam jeung sangu congcot, mani bati kumétap jeung karasa lapar.

“Rék naon ka dieu?” ceuk éta aki-aki, sorana teugeug jeung judes.

“Badé ngiring reureuh nun, itu di luar karaos tiris …,”   témbal téh bari tetep merong kana dahareun.

“Lapar, nya, siya?”

Kuring unggeuk. Sukur ieu aki-aki surti kana kaayaan kuring.

“Ménta kaituh!”

“Ka saha?”

“Nya ka turunan siya.”

Ras kuring inget. Si Dédi ka dulur-dulurna kungsi amanat sangkan maranéhna kudu ngiriman ka kuring. Ngan dulur-dulurna teu satuju sabab éta dianggap gawé sirik.

Si Aki-aki téh bangun anu bisa ngadéngé eusi haté kuring da buktina ngahéhéh seuri.

“Ké wé lamun maranéhna geus kalojor, kakara nyaho kaayaan nu sabenerna,” cenah.

Geus kitu, éta aki-aki ujug-ujug nerangkeun kaayaan di ieu alam. Yén ceuk manéhna, satungtung masih kénéh saalam jeung alam manusa, bubutuh jalma nu geus paéh  teu pati béda jeung bubutuh jalma hirup.

“Ngarasa lapar mun teu nyatu. Ngarasa tiris mun teu dibaju,” cenah.

Kuring ngahintul.

“Éta siya dibakutet ku boéh?” Si aki nuduhkeun lawon anu nutupan awak kuring. Mémang ieu bawa ti dunya. Pan basa awak diasupkeun kana jero kaluat ogé dibungkus ku boéh.

“Hiji waktu, éta boéh keuna ku butut. Bakal kotor, bakal rangsak. Mun geus ruksak pisan, nya awak siya bakal buligir.” 

“Atuh tiris, Ki?”

“Kudu usaha sorangan lamun euweuh turunan anu hideng barang-kirim mah.”

Kuring ngahuleng da teu ngarti kudu kumaha carana ganti pakéan.

Tapi Si Aki anu harita mamaké pakéan jenis kamprét warna hideung, mamaké iket hideung téh nerangkeun. Yén di alam anu ayeuna keur kasaba, sakur bubutuh hirup kudu ditarékahan ku sorangan. Mun hayang ganti pakéan, nya kudu nyieun sorangan, ti mimiti ngagintir kapas pikeun dijieun benang, tepikeun ka ninunna jang dijieun kain.

“Ngaput gé ku sorangan ngagunakeun sarését.”

“Naon sarését téh?” kuring kerung.

“Jarum paranti ngaput, ngan dijieun tina tulang mencek.”

“Naha teu aya jarum atawa malah mesin kaput?”

“Nya gumantung kabiasaan. Gumantung waktu ngajamanan. Meureun siya mah nu kojor jaman ayeuna bisa ngusahakeun mesin kaput. Ari aing mah nya nuturkeun kabiasaan jaman aing wé.”

“Naha Aki maotna dina jaman iraha?”

“Nya aing mah kojor ti jaman Kangjeng Prabu ngabahudenda di Pajajaran wé …,” cenah.

Ah, teu pira cenah. Baheula manéhna téh ukur jadi ponggawa biasa di karaton. Tiwas basa karaton dirurug musuh.

“Tapi masing aing lain jalma penting gé, tétéla tug ka kiwari loba jalma hirup anu nyambat aing. Nyao maranéhna turunan aing atawa lain da teu apal. Ngan ku sabab maranéhna nyambat aing, nya aing bungah wé. Tah, modél susuguh ieu, pan ladang pangirim ti maranéhna,” cenah.

Kuring neuteup kana kadaharan jiga budak culamétan.

Tapi Si Aki bangun nyaho kana jalan pikiran kuring. Buktina langsung cacarita. Yén rejeki di ieu alam mah, samilikna-samilikna.

“Ieu kahakanan anu ngaleuya, nya ukur hak aing da ti nu méréna ogé jang aing.Teu bisa dibikeun ka nu séjén,” pokna.

Kuring ngahuleng.

“Nu matak mun siya hayang nyatu, nya kudu ngadagoan paméré jalma hirup tina anu disebutna susuguh téa. Lamun euweuh nu boga kaingetan sarupa kitu, nya wayahna siya ihtiar sorangan. Mun hayang sampeu, ngala sorangan. Ngasakan sorangan. Mun hayang kéjo, ngala paré ku sorangan, nutu sorangan, nyangu sorangan. Tuh, loba bungbuahan. Satungtung euweuh nu ngaku-ngaku, kop ala keur hakaneun sapulukaneun mah. Montong sarakah maké kudu dipupu, deuleu!” 

“Ari sugan, jalma anu geus paéh mah teu butuh kadaharan, Aki …,” ceuk kuring.

“Nya kumaha labiasaan di alam dunya. Lamun siya keur di dunyana teu makmak-mekmek kana hakaneun, nya di ieu alam, tara ribut soal hakaneun. Ngarasa lapar sih enya, tapi kuat nahan lapar.”

“Ayeuna kuring keur lapar, Ki ….”

“Nya ari euweuh nu barang-kirim jeung siyana mumul usaha mah, kudu bisa nahan lapar da siya moal kojor dua kali komo ku urusan kurang nyatu. Nya paling sangsara ku lapar wé …,” ceuk Si Aki.

Kuring tetep neuteup kadaharan dina nyiru anu rupa-rupa.

“Aing mah ukur saret udud surutu jeung nginum cikopi pait wé. Ti jaman Pajajaran ogé resep mutih. Tara makmak-mekmek sagala dihakan. Ngan lamun aya anu nganteuran susuguh samodél kieu, nya aing bungah nu aya. Meureun jiga umat anu ngagem agama Selam. Bakal bagja kana haté lamun dikiriman do’a tina ayat-ayat Qur’an ….”

“Éta katuangan anu ngaleuya, atuh mubadir moal katuang ari ku salira teu tiasa dipasihkeun ka batur mah?”

“Nya heueuh. Sakeudeung deui ogé buruk,” témbal Si Aki.

Cenah Si Aki saban kaliwonan sok aya masarakat anu hideng ngirim susuguh ka guha jungkrang sisi laut, duméh manéhna nampa tugas ngajaga sayang manuk walét.

“Jalma tukang ngala sayang walét sok ngiriman susuguh. Meureun maksudna mah sangkan usahana ulah ngalaman marabahaya. Tapi da urusan salamet jeung cilaka mah, nya kumaha nasib wé. Lamun Hyang geus muguhkeun éta jalma kojorna tigebrus kana beungeut laut anu ngagalura, nya kojor. Aing mah teu bisa ngatur rejeki jalma kaasup kasalametanana …,” ceuk Si Aki.

“Pupulur teu kudu mantun …,” ceuk kuring.

“Nya kitu-kitu teuing henteu. Pan ngaliwatan jalma anu bisa patepung raga jeung aing, aing sok nyebutkeun, yén lamun deuk metik sayang walét, waktuna kudu poé anu poé anu. Lain aing sakti. Tapi nya dina waktu éta laut teu pati motah jeung waktuna manuk ninggalkeun sayang. Pan dipahing ngala sayang bari walétna keur araya mah. Ké maranéhna leupas ti dinya. Moal nyarayang deui di dinya …,”    ceuk Si Aki.

Kuring ngahuleng deui. Nya kakara ngarti ayeuna. Yén euweuh patalina antara nasib, rejeki jeung karuhun mah. Dina harti séjén, karuhun mah moal bisa bro méré rejeki. Paling gé méré pangaping kasalametan. Ari usaha mah, nya ku sorangan wé.

“Jigana siya mah anyar kojor, nya, buktina balilu taya kanyaho?”

“Paling kakara saminggu leuwih sababaraha poé, Ki.”

“Paingan belet.”

Kuring ruménghap.

“Ari ayeuna  eudeuk kumaha nya polah?”

“Can apal eudeuk kumaha, Aki ….”

“Ménta panyalindungan atuh ka karuhun siya.”

“Teu apal Ki, saha atuh luluhur kuring téh …”

“Euh … paingan ayeuna siya kadungsang-dungsang,” ceuk Si Aki. Kituna téh bari nerangkeun. Yén saupama kuring apal saha karuhun mah, ké ku karuhun dipangnuyunkeun sangkan hirup di alam anu anyar ieu, dijeujeuhkeun.

Ceuk Si Aki, dina kahirupan anyar anu paling handap ieu, cenah karuhun téh bisa ngaping ngajaring malah ngajeujeuhkeun kudu kumaha ngajalanan hirup di alam anu anyar ieu.

Si Aki téh ngagem agama karuhun Sunda. Jadi sawaktu méré penjelasan ogé ku pangaweruh anu aya patalina jeung ajaran karuhunna.

Ceuk manéhna, aya sababaraha tingkatan rasa dina jirim manusa téh. Ieu tingkatan rasa gumantung kana kamampuh dirina dina ngajalankeun kamanusaan salaku manusa.

“Nya kabéhna mah aya tujuh tingkatan. Tah anu ayeuna ku siya keur diambah téh tingkatan atawa alam anu panghandapna, katelahna dina ageman aing mah Mandala Kasungka. Di dieu lapisan harkat kamanusaan anu panghandapna, sabab siya masih kénéh butuh ku haliyah dunya, bakal ngarasakeun kabungah jeung kasusah, bakal ngararasakeun seubeuh jeung lapar, malah boa bakal ngararasakeun hasrat birahi. Beuki luhur harkat kamanusaan siya, bakal beuki sanggup nincak kana hambalan mandala saterusna, tepikeun ka mandala anu pangluhurna anu dina ageman aing mah disebutna Mandala Hyang. Lamun siya sanggup ngahontal tingkatan anu katujuh ieu, nya éta anu ku ageman aing katelahna manusa sampurna sajatining hirup téh. Tapi aing moal nerangkeun kabéh, bisi pajahkeun aing ngojok-ngojok siya sangkan percaya kana ageman aing.”

Kuring cicing.

“Tah, lamun siya apal saha luluhur siya, nya siya bisa ménta apingan sangkan dina milampah éta tahapan. Lamun luluhur siya agamana Selam, nya meureun diapingna ogé ku palanggeran agama Selam,” ceuk Si Aki.

Basa kuring masih kénéh ngahuleng, Si Aki tumanya, naha cenah jiga anu linglung kénéh?

“Bisa jadi Ki, sabab kuring kakara nyaho. Ngan deuih bisa jadi kuring gé curiga ka Aki.”

“Naha maké curiga?”

“Sabab bisa jadi Aki téh sabenerna sabangsa jin anu hayang ngalieurkeun jalan pikiran kuring. Pan ageman kuring mah Islam. Islam mah teu nerangkeun hal-hal sarupa kieu. Ceuk dulur kuring gé anu agamana leuwih ahli batan kuring, jalma nu geus maot mah pegat sagala urusanana. Geus teu boga rasa geus teu boga napsu. Jadi lamun ayeuna kuring aya di ieu alam, pasti kuring keur kasarad ka alam jin!” ceuk kuring.

“Aing moal nyeri haté ku ayana tudingan siya sarupa kitu. Éta mah eukeurna ieuh. Aing teu hayang diaku mahluk pangbenerna. Usaha aing ayeuna, satékah polah nyieun kahadéan sangkan ajén diri sampurna. Sabab di ieu alam aing bébas deuk nyieun polah nu kumaha baé ogé. Rék nyieun kajahatan, rék nyieun kahadéan, éta kumaha aing. Rék nyieun rucah atawa  rék minandita, éta kumaha aing. Lamun aing tetep hayang cicing di ieu mandala, nya teu kudu nyieun kahadéan. Tapi lamun aing hayang ngaléngkah kana tingkatan kasampurnaan, nya aing kudu ngisat awak, nyieun kahadéan, ngajauhan kahirupan rucah! Soal siya, pék kumaha siya,”  ceuk éta aki-aki panjang-lébar.

“Danget ieu mah basajan kahayang kuring téh, nyaéta hayang ménta dihampura ka pamajikan, ngan kuring teu apal di mana manéhna ayeuna cicingna …,” ceuk kuring.

Ngadéngé omongan kuring bieu, Si Aki ngabelengéh seuri, tapi seuri semu ngécé.

“Kadé bisi jalan pikiran siya bieu téh kapangaruhan ku jalan pikiran jin.”

“Naha da ieu mah jalan pikiran anu kaluar tina haté anu wening?” cekéng téh.

“Ongkoh ceuk siya, jin mah bisa ngolo ku rupa-rupa gagasan. Bisa ku ngasongkeun gagasan alus anu diasupkeun kana haté siya. Pan ceuk siya kénéh, manusa anu geus kojor mah geus teu katalian ku haliyah dunya. Rék ménta hampura ku sabab geus ngaku salah, éta hartina masih boga kapentingan haliyah dunya.”

“Nya pokona mah kuring hayang tepung deui jeung pamajikan wé ….”

“Tah, éta hartina siya masih katalikung ku napsu kahayang. Ongkoh ceuk siya manusa anu geus kojor mah geus teu boga kahayang nanaon?”

“Nya geus wé. Urang duaan geus béda paham sabab heueuh da béda ageman. Ngan mun Aki ngarasa hayang kénéh nyieun kahadéan, sok atuh tuduhkeun ka mana kuring kudu néangan pamajikan kuring?” ahirna kuring jadi tamada hayang ditulungan.

“Lamun pamajikan siya bisa ngisat awak daék nyampurnakeun ajén kamanusaan, bisa jadi manéhna geus naék kana hambalan anu saluhureun ti ieu tempat. Ari ku aing mah disebutna Mandala Séba.”

“Jauh tatéh?”

“Ukuranana lain jauh jeung deukeut, sabab disabana lain ku léngkah suku tapi ku talajak jeung paripolah. Cig susul ka Mandala Séba bisi enya pamajikan siya mah keur nyukcruk jalan bebeneran.”

“Kumaha lamun masih kénéh di ieu tempat, mandala naon tah ngaranna tadi téh, poho deui?”

“Mandala Kasungka.”

“Tah, enya.” 

“Bisa jadi masih kénéh aya di dieu. Ngan saban mandala legana tanpa wates wangen. Bisa manglipet-tikel ti legana alam dunya. Mun kabeneran aya jodona, nya bisa timu. Mun henteu, nya wayahna.”

Pikeun ka sakitu kalina kuring ngahuleng.

Ngan saterusna, kuring seja amitan. Keur nanahaon cicing di dieu. Jeung kapercayaan aki-aki ieu kuring can tangtu cocog, dibéré hakaneun baé henteu. Padahal éta hakaneun nu rupa-rupa, ku manéhna sorangan ogé henteu kategék.

Ngan saméméh kuring amitan gé, éta aki-aki jaman Pajajaran téh geus ngiles nyao ka mendi.

Tungtungna kuring leuleumpangan teu puguh tujuan. Sakali-sakali mah ngolébat hiber. Nya jiga dina sinétron carita jurig. Geuning aya kunti hiber kakalayangan di luhureun suhunan imah.

 Naha kuring ayeuna keur kasarad ka alam jin, atawa bener keur aya di alam sabada paéh, nu jelas kuring tetep nyandang kahayang, nyaéta kahayang jonghok jeung nu jadi pamajikan. *** (Dimuat dina Galura cetak edisi I Desember 2023)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler