Batur Sabangku

9 Oktober 2023, 14:26 WIB
Ilustrasi carpon Batur Sabangku /Budi Riyanto/galura.co.id

Ku: Eryandi Dahlan

KULUTRAK panto dibuka. Geus tilu kali disada keketrok. Tadi téh kagok keur nyieun citéh. Bray muka. Kuring olohok mata simeuteun. Hareupeun panto nangtung Ahda Kusumah Permana, batur sabangku keur di SMA. Gabrug kuring ngagabrug ka manéhna, basa panggih di Masjid Agung dua minggu kamari mah teu bisa laluasa nyacapkeun kasono téh. Aya nu baseuh tina panon kuring, rada haneut. Inget jaman sakola baheula. Manéhna gé sarua ngeclakkeun cimata. Karasa aya nu baseuh dina tonggong saab kana kaméja nu keur dipaké. Rada lila paungku-ungku téh. Kagareuwahkeun ku sora  pamajikan.

“Pa, sina lebet atuh tamuna. Teu saé di luar,” ceuk  pamajikan. Sup atuh duaan asup ka patengahan..

“Bu ieu téh Pa Ahda, réréncangan Apa nuju di SMA,” ceuk kuring ngawanohkeun  Ki  Dulur  ka pamajikan. Pamajikan unggek ka Ki Dulur. Tara  sasalaman manéhna mah ka nu lain muhrim téh. Tuluy pamajikan ka jero. Teu kungsi lila jebul deui. Nanggeuy baki.

“Mangga ditampi. Punten teu aya nu saé di dieu mah,” ceuk manéhna deui sanggeus nunda susuguh.

“Hatur nuhun. Ibu. Teu sawios,”ceuk Ki Dulur bari nyéréngéh.

“Sok Da, dileueut heula. Ngeunah geura keur tiris kieu nginum citéh panas. Asa ngaléob peujit,” ceuk kuring. Regot kuring ngaregot citéh hancengan. Manéhna nurutan.

“Timana Da? Ngahaja waé? Atawa sindang ieu téh?” ceuk kuring mimiti nalék.

“Pan keur di masjid nyarita  kuring  ngajar deukeut wewengkon  ieu. Ké asup pukul sapuluh. Aya waktu kénéh,  leuwih ti dua jam. Bisa sosonoan heula,” ceuk manéhna.

Kuring jeung manéhna teu sirikna gula jeung peueut di SMA téh. Mun aya kuring pasti aya manéhna.

“Wah dosén atuh Ahda téh nya? Alus pisan,” ceuk kuring.

“Alhamdulillah. Lulus  S1 kuring langsung neruskeun ka S2. Da cék kolot mun diengké-engké kaburu males diajar mah.    Satamatna S2 ngajar  wéh.  Ayeuna geus aya limalas taunna jadi dosén téh. Bari kuliah deui  S3, sakeudeung deui lulus, ” manéhna nerangkeun.

Bapana téh dosén di paguron luhur  nu ka koncara di ieu  kota.  Kuring apal da keur sakola teh mindeng mondok di imahna. Ahda gé apaleun ka kolot kuring, da kalan-kalan manéhna nu mondok di imah kuring.

“Hadé pisan Da. Kuring mah salulusna SMA téh teu kuliah,” kuring teu kebat.

“Pa. Dédé  mios.  Engkin   wangsulna rada sonten badé  kerja kelompok,” sari, anak bungsu kuring ngadeukeutan bari ngasongkeun leungeun katuhuna. Ku kuring ditampanan. Kuring nangtung. Celengok pipina kénca katuhu jeung tarangna dicium budak téh. Sérémonial biasa unggal isuk.

“Tuh salam ka Um Ahda,” ceuk kuring nitah. Budak nurut. Bari tuluy kaluar imah sanggeus uluk salam.

“Sabaraha bati téh, Man?” Ahda nanya.

“Tilu. Nu bieu bungsu. Ayeuna kelas 2 SMA.”

“Alus tah sopan budak téh.”

“Alhamdulillah. Ku indungna diajar basa Sunda nu lemes barudak téh. Ceuk pamajikan mah Basa Sunda nu loma jeung Indonesia engké  gé  diajarkeun ku babaturannana,” walon kuring.

“Bener éta. Anak-anak kuring mah jiga teu boga adab ka kolot téh. Teuing ku naon,” ceuk manéhna rada ngalimba.

“Kumaha kitu?” tanya kuring.

“Ngomong kasar. Kalan-kalan  maké gugag-gogog.”

“Naha atuh?”

“Kuring jeung pamajikan tara aya di imah. Ngudag-ngudag karir duaan téh. Ari barudak teu katalingakeun. Ti keur leutik kénéh, barudak téh maén game wé nepi ka kiwaric” ceuk manéhna deui.

Kuring ukur unggut-unggutan.

“Matak bieu basa anak Arman pamitan, kuring asa kabita. Budak SMA basa Sundana alus pisan,” ceuk manéhna deui.

“Enya, Da. Kuring mah ngajar budak téh basajan wéh. Ngajar  Sunda ka kabéhan. Ayeuna nu panggedéna  keur  di  Jepang.  Ditarik ku  Kyoto University jadi dosén terbang Mata Kuliah  Perbandingan Budaya Asia. Adina nu lalaki geus aya samingguna di Éropah,  manggung, mintonkeun seni Sunda di ditu.  Kelompok Seni Sundana diondang  ku kedutaan urang di sababaraha nagara Éropah,” ceuk kuring.

“Euleuh. Ngilu reureus kuring atuh, Man. Hébat Arman mah ngatik budak téh.  Maké kakuatan budaya Sunda. Hasilna béda pisan jeung barudak kuring,” walon manéhna.

“Nya kitu kuring mah Da. Kuring jeung pamajikan boga pamadegan  peupeuriheun indung bapana ngan lulusan SMA atuh anak-anakna kudu bisa leuwih maju . Alhamdulillah  ayeuna  geus  aya kalangkang hasilna,” ceuk kuring deui.

“Lain kalangkang deui atuh éta mah Man. Geus hasil. Barudak kuring mah duanana  kaluar  ti kampusna.  Drop out.  Marales.  Ayeuna lugah-ligeuh wéh di imah. Jeung maraén game deuh,” ceuk manéhna  ngaheruk.

“Alus meh jadi gamer, Da. Sok atuh rojong sina jadi game master. Cenah jadi nu kitu gajihna gedé. Da dibayar ku dolar,” ceuk kuring, ngasongkeun kamandang.

“Enya. Nya. Naha karék  kapikiran ayeuna? Nuhun ah, Man. Ké dicoba,” ceuk manéhna.

“Nu penting mah aya dialog, Da jeung barudak téh. Éh punten  lain mapatahan ngojay ka meri, komo ieu mah merina gé dosen,” ceuk kuring bari ngabarakatak.  Manéhna oge seuri.

Obrolan kapegat sabab pamajikan nyampeurkeun, ngabéjaan susuguh geus siap, ngabarak di méja makan. Atuh duaan nangtung tuluy leumpang muru rohang dahar. Nolak tadina mah Ahda  téh ngan ku kuring teu sirikna dikenyang.  Ahirna éléh déét.

“Mangga Pa Ahda dicobi  katuangan basajan. Satiasa-tiasa abdi wéh,“ ceuk pamajikan, basa Ahda geus diuk dina korsina.

“Aduh, abdi ngarepotkeun, mani sagala aya, ” walonna.

Brak atuh tiluan dahar ponyo naker. Kaciri Ahda daharna segut pisan. Jiga tara dahar nu kitu. Kuring gé ngamalum da pasti kelas dosén mah daharna tara jiga dahareun kuring saiimah. Sanggeus barang dahar duaan pindah deui ka rohang tengah. Nuluykeun wangkongan nu tadi kapegat.

“Lain, Man. Ari ayeuna kana naon usaha téh? Asa can kaciri siap-siap gawé di dinya mah jam sakieu téh?” ceuk manéhna.

“Ah kuring mah sagawé-gawé wéh, Da. Boga éta gé usaha leuleutikan di Astana Anyar. Percetakan surat ondangan leuleutikan. Ngan saurang pagawéna gé. Teu cara toko  lain nu pagawéna aya puluhna,” tembal kuring. Manéhna unggut-unggutan.

“Man. Gening geus beurang ieu téh. Pan kudu ngajar. Kuring amitan nya. Nuhun ah, geus ngajarkeun kaarifan lokal, micinta kasundaan lain ukur dina biwir. Arman mah témbrés kana atikan ka barudak. Ayeuna kapetik hasilna. Jigana kudu diturutan.  Ké ngajarkeun Sunda nu bener ka incu-incu wéh kuring mah.  Da ayeuna mah geus leuir teuing. Jeung nuhun kana kamandangna pikeun barudak kuring jadi game master,“ ceuk  manéhna. Aya nu ngagenclang dina panonna, basa pataréma leungeun jeung kuring. *** (Dimuat dina Galura cetak edisi I November 2023).

               

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler